Sarupaning Asihan

3. //Punika pikeun ka Sakabéh Per(i)yayi atawa Cina Walanda -4-
Tapana mutih 7 poé sarta mati geni 3 poé tilu peuting, mandi 7 isuk. Ieu du’ana:

Ya huu ya aku manik astagina
amer nyawané wong sajagat kabéh
lulut asih ing awaku

Teka remek badan nira teka pegat atma nira
atma nira atma nisun
ya isun déwé pangrasa
rasaku rasa teka cipta dening awaku
Laailaaha ilalloh muhammad rosululloh. Tamat

4. Punika Asihan Lulut
Dina menyan bacana 2 kali, puasana 7 Senén 7 Kemis di(b)acana malem Jum(a)’ah. Ieu dua’na:

Pulet oneng tanpa oneng
asihan pamanas rasa tunggal wekasan
sih asih kinasihan sukma
bana sisit pangasaku

Rasa jatining asihan
lawan putih buntel hérang
nya hérang lenyep hérang
banget hérang. Tamat

5. // Punika asihan lamun urang neneda supaya gancang karep dikabul -5-
Puasa sapoé sapeuting matigeni sarta di(b)aca terus. Ieu du’ana:

Bismillahirrohmaanirrohiim.
Ahmad Muhammad amba aneda somad
tuan Ahmad Muhammad aneda somading Alloh. Tamat

7. //Punika asihan kana dunya atawa dagang -6-
Tapana 7 poé mutih 7 Senén 7 Kemis, dibacana 40 kali saban peuting. Ieu du’ana:

Sun angaweruh kang andu wasani gedong sanga
Jud Putih kang tunggu gedong wétan
sumujud maring ingsun
Sang Cula Hérang kang tunggu gedong kalér
sumujud maring ingsun
Sang Cula Magah kang tunggu gedong kulon
sumujud maring ingsun
Sang Cula Lebak kang tunggu gedong kidul
sumujud maring ingsun
Laailaaha ilalloh muhammadu rosululloh. Tamat

11. //Punika Asihan Rosul -8-
Tapana mutih 7 poé mandi 7 janari. Ieu du’ana:
Ya Alloh ya badan
ya nyawa ya Rosululloh
nur putih nu misésa
roh putih madep sira maring ingsun
ya isun Ratu Agung Purba Wisésa
Pangandika ning Alloh

Sumujud sira maring ingsun
ya ingsun kang misésa
ket puket atina Si Anu maring ingsun
ya ingsun pangéran nira
teka welas teka asih ka awaking
awaking ratu asihan. Tamat

.16. //Punika Asihan Rosululloh -11-
Tapana 7 Senén 7 Kemis. Ieu du’ana:

Ashadu ala ilaha ilalloh
lamun ngungun ka tebéh Rosululloh
lamun ngucap ka tebéh Alloh

Asihan Waruga Jagat
asihan ratuné sajagat
asihan cahya sajagat
asihan rasa sajagat
asihan puter sajagat

Nur cahyaning Alloh
ya isun ratuning asihan
aran Sang Emut Kasih
aran isun kang Emut Rasa

Pangéran sira nu langgeng mulya
hurip laa ilaaha ilalloh
Muhammadu rosululloh. Tamat

18. //Punika Kinasihan -12-
Tapana ngabungbang senen kemis. Ieu duana:

Sang Deg Jati Idelan Putih
ya isun Jamatulloh
nu wisésa di buana kabéh
Sang Deg Jati Idelan Putih
manik baga sawarga inten
cah hérang nu boga jat
ya isun Jamatulloh
nu wisésa di buana
yahu. Tamat

32. Punika Kinasihan
Tapana mutih 7 poé, ieu duána;

Bismillaahirrohmaanirrohiim
sir kamandatu jenenging istri,
seri kamajaya jenenging pameget,
seri kama welas asih sabumi hanteu sajagat,
asih sabuana kabéh. Tamat

50. Punika Kinasihan
Tapana 14 poé mutih sapoé sapeuting matigeni mandi 7 isuk

Ini asihan Alloh
metu saking Rosululloh Muhamad pangemat rasa,
Sang Kala mungguh di biwir,
Sang Naga mungguh di létah,
naga numpi sakurungan jagat
mungguh di lahunan awaking. Tamat

66. Punika lulut lamun urang hayang ka hiji barang...
Puasa sapoé sapeuting mati geni. Ieu duána:

Milu cahya cahya Nabi Adam
Babu Hawa isun kang amati ka kening déning Alloh
sakabéh sira tetep sira
idep Si Anu //maring awaking -31-
anut ing wong sajagat kabéh. Tamat

68. Punika Kinasihan pikeun ka Ratu
Puasana mandi saban malem Jum’ah 7 Jum’ah. Ieu du’ana:

Cahya ratu lanang arané Manigur
bangsa cahya ratu wadon
manik emas mirah cahyaning Rama
manik mulya teterapé ciptaneun rarahiné
lungguhé ing mukané. Tamat

98. Punika Asihan Paranti ka Kumpeni
Tapana tujuh Senén tujuh Kemis. Ieu du’ana:

Murub metu saking murgaha
amarullah datullah sipat nabi Rosulullah
Séh Sayid Bodas éta diciduhan ku Batara Guru
ya isun Batara Guru. Tamat

105. Punika Asihan Lulut Dunya
Tapana ngalalab opat puluh poé dibacana saban-saban peuting sarta ulah elat
Bismillahhirrohmannirrohim
Darma haturan isun endi kagungan Alloh
kahatur maring Pangéran isun kang agung
Laillaha ilalloh muhammadarrosululloh. Tamat

115. //Punika Asihan Si Burung Pundung -61-
Tapana mati geni 7 poé 7 peuting mandi tujuh janari. Ieu du’ana:

Nu cunduk bayu Si Anu
nu datang atmana Si Éta
reujeung satineung jeung aing
mangka datang jeung ragana
mangka cunduk jeung bayuna
mangka baraya jeung satineung
mangka tunggal atmana
iya rasa nira iya rasa nisun
saking purbaning pangéran
asih ka awaking
nu bogoh paboro-boro
nu hayang paheula-heula
nu beuki pagiling-giling
banyu pagulung-gulung
atma paheula –heula
mangka reujeung satineung
da tungkul geusan jeung sukma
mangka lebur pucus rumangga bayahna
mangka rugrug sagala
mangka asih ka awaking
da urang reujeung sarasa
da urang reujeung satineung
da urang reujeung sa bayu
da urang reujeung //sarasa -62 -
da urang reujeung satineung
iya iku asihan sang ulet jati
asihan reumeuk salira. Tamat

121. //Punika kinasihan lamun urang aya nu bakal dipiharep kana naon baé supaya nu dipanah mikawelas mikaasih. -75-
Saratna meuleum menyan dina malem Jum’ah sarta maké minyak dédés. Bacana 2 kali, ieu duana sarta tapana mutih 7 poé, teu kana uyah 40 poé, mandi 7 janari.

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Pulet oneng tanpa oneng
asihan pamanah rasa
tunggal wekasan.

Sih asih kinasihan
sukma banasi si pangawa
ku rasa jatining asihan
lawan putih buntel hérang
nya hérang lenyep hérang
banget hérang

125. Punika Asihan pikeun ka Walanda
Tapana mutih 7 poé, ieu du’ana:

Asihan kama metu
metu pangandikaning Alloh
asihan kama metu
metu pangandikaning Rosululloh
ampat impet jembuk putih
aing nyaho ratu sia Nabi Musén. Tamat

127. Punika Asihan Rambut Sadana pikeun kana Dunya
Tapana 40 poé ngetan 7 poé mutih. Macana sakawasana unggal peuting 40 kali, ieu du’ana:

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Sang Puhaci Seri Rambut Sadana
//seuri kabéh pada marine ya -81-
sing teka kidul teka lor teka kulon teka wétan
ya isun enggon nira
iya isun gusti nira

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Ini asihan nisun Si Rambut Sadana
Puhaci Sang Barang Siang aran emas
Puhaci Hideung Geulis aran picis
nu mungguh ing pangambung
puhaci cinta larang aran salaka
nu mungguh ing ilat
iya isun Rambut Sadana
yahu asih maring isun

Puhaci Cinta Larang dat sia
dék séda tatapa beng Batara Rambut Sadana
nya ayana tahun
nya yana bulan
nya ayana poé waktu geusan sia
//di gedong Mekah geusan jati, -82-
maka tetep langgeng,
nya aing gusti sia. Tamat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang