Sarupaning Jangjawokan

6. Punika Paranti Nyeupah
Puasana 7 Senén 7 Kemis, mandi tujuh isuk, wekasanana mati geni sapoé sapeuting. Ieu du’ana:

Bismillahi suruh panggawé ati
jambé panglebur ati
apu panggurit ati
angker atina Si Anu

Bismillahillahi putih saking bapa nira
abang saking biang nira
dadu arana ashadu adep idep. Tamat

8. Punika Asihan Lamun rék Lintar atawa Nguseup Supaya Loba Laukna
Tapana ngalalab 7 poé. Ieu du’ana:

Aki Rékrék Turaya
anak patutan turunkeun
aing nya pangkonan sia

Banyu emas nu lénggang putih
Bayu emas nu lénggang hérang
bumi meneng //bayu meneng -7-

Ku Sang Kilat kumoncorong ratna putih
Sang Ibut Putih undur ku Sang Kilat Sakti
Ya isun sang D(e)mit Jati. Tamat

9. Punika Paranti Ménta Lauk ka Siluman-sileman
Ieu du’ana:

Aki Batara Gangga nu ti girang
Aki Batara Ginggi nu ti hilir
Aing ménta ingon-ingon.
Geura top. Tamat

9a. Punika Asihan Lulut kana Lauk
Ieu du’ana:

Asihan aing Si Bangbarang Hérang
asih nu saleuwi sono nu sasédong
Ret puret nu karengkep aing. Tamat


65. Punika Du’a Paranti Ngamandian Asihan
Ieu duána:

Cahaya mamandi cahya
ya iku anganggo cahyaning macan gebong
maka wulung ati
digugul sia bagulong-gulong
beunang gulungan pantang sia bagolong
tek anceup tek sieup ka awaking. Tamat

73. Punika Paranti Bebedil Supaya Ulah Nyalahan Mimis

Caramaya isun angkongkon maring sira
pangbedahkeun aing Sang Badigul Putih
ku sang Baju Badigul Putih
ka sawakcané kanu pernah
tuh sawarga nira. Tamat

79. Punika Paranti kana Bedil Supaya Ulah Harus
Tapana 7 poé mutih mutih 7 poé 7 peuting ulah saré sarta teu meunang saré di wawangunan 7 peuting, ieu duana:

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Isun ngaran nira sadurungé ana bumi langit
Sang Diwulat aran nira
//nursih maring isun. Tamat -38-

88. Punika Du’a Paranti Ngajajamuan Awéwé Supaya Jadi Deui Parawan
Saratna dina buah cau kulutuk anu sacinggir gedéna lobana opat belas ésé. Puasa sapoé sapeuting. Ieu du’ana:

Bismillahirrohmanirrohim
Kulit raket otot raket
daging raket balung raket
pet pet dipepetan.

104. //Punika Kinasihan pikeun Maké Minyak -53-
Tapana mutih sakawasana mandi tujuh janari

Minyak aing minyak watu
dipidu di sihung maung
diocék di panonpoé
sekar taji suru gajah
nya gajah tunggal katau
wus kabeubeur
wus kabeungkeut atina si anu
atawa atina wong sajagad kabéh. Tamat

109. Punika Lamun Paré Kurang Eusi
Ieu du’ana :

Ashadulallaillahaillalloh
waashaduannamuhammadarrosululloh.
Jimat aku jangkaring sahadat
puhu rasa godong hurip
sirulloh rasul kang asup cangkang
muhammad bungkulung manah. Tamat

110. //Punika Panganggo Patani ti Awit Naék kana Leuit Paranti kana Tarajé -57 -
Ieu du’ana:
Puhaci Kéwuan Larang
Puhaci Rantayan Jati Aran Panggolong
Puhaci Sara Gimansari
wawuh sira ma ngambung sa énjak-énjak
saréna saeutik mahi hanteu réa nyésa
puhaci lantaran hérang
puhaci lantaran manik
puhaci lembut putih ana persandak

Paranti asup kana leuit

Buah sukma peupeuk nu peupeuk Sang Batara Jati
ulah gédér ulah reuwas
mangga unggut kalindungan
ulah gedag kaanginan
ieu geus sia dilemah putih kasucianana.

111. //Punika Paranti Neundeun Enggon atawa Telebug keur Paré -58-

Gunung manik aniten
sampakeun para déwata
aran gunung Puhaci Amaran Jati Amparan.

112. Punika ka nu Tinggaleun
ieu du’ana:

Tinggaling sukma aran wawayangan tengah
aran nu ngaraksa lumbung
Puhaci lantaran hérang
Puhaci lantaran manik. Tamat

112 (a) Punika Paranti rék Nyokot Paré

Nurulloh sirulloh
seri ambu leungeun ngadatangkeun
nya aing Ambu Puhaci Ratna Kasih
deudeum sukma pepek langgeng
tan kenang owah. Tamat

113. Punika Paranti Nganyahokeun Ngaran Longlongan

Nini Manggala Aki Buyut Manggala. Tamat

114. //Punika Paranti Netepkeun Béas -59-

Manik Larang ngaran nu tapa di jéro béas
Puhaci Lénggang Hérang
Puhaci Leunteur Putih nu mangku sajagat kabéh
ngaran dalu-dalu Puhaci Gelungan Jati
ngaran kéjo Puhaci Lémok Larang
ngaran gigih Puhaci Lempungan Rasa
ngaran réméh Puhaci Naga Talétéh
ngaran anu nungguan imah Nini Bermana Aki Bermana
ngaran anu dina lawang imah Nini Gandaré Aki Gandaré
ngaran longlongan Nini Karamat Aki Karamyang
ngaran anu di girang Nini Iles Aki Iles
//ngarana anu di hilir Nini Déwa Kasih -60-
nya aing sira mangambuh
sira mangambuh saéncak-éncak
saréana saeutik mahi hanteu réa nyésa

Puhaci Megat Rasa
Puhaci nu aya di wétan Sri Mangebarung
Puhaci nu aya di kidul Sri Mangundur
Puhaci nu aya di kalér Sri Mandalarang
Puhaci nu aya di kulon Sri Mandala Putih

Éta sadayana jenengan
lamun ku bangsa patani kudu dihadiahan sarta disebut jenenganana dipénta, lamun kaliwat ahli patani tanina kurang mangpaat. Tamat

124a. //Punika Du’a Paranti Ngingu Sapi -77-
Ieu du’ana:

Sia abus kenur tambang taya ngaran
sia eukeur tapa di gunung di kahiayangan
rasa sia rasa awaking rasa sia.

124b. Paranti Ngingu

Sang Sawara Nini Kumantang Aki Kumantang
duwé putih Sang Putilang mang liat mangala-ala
sawara sia sawara awaking
Andini Apus Buyut Cangah ngaran sia
eukeur tapa di jero
beunang bubu putih
wangsa tingal mantra sia
nya aing batara sia


132. Punika Paranti Ngaku Lamun Arék Mandi

Nawaétu Ranggani namaning istri
dat ludiat dat cahyaning pangéran
jisim abdi ngangken cahyaning pangéran

133. //Punika Paranti Ngangken Seuneu kana Nyidurukeun Élmu -92-
Ieu du’ana:

Nawaétu Robaya namaning pameget
dat ludiyat dat cahyaning pangéran
jisim abdi ngangken cahyaning pangéran

134. Punika kana Nyerepkeun Élmu dina Sapoé Sapeuting

Seri Tapa Mulanggana
awak panipuh buana
anyipuh Sang Hyang Tapa
nur dat nur sipat
nurtes bakaling manusa
trét cai bakaling manusa
lailaha ilalloh Muhammad darosululloh

141. Punika Du’a Paranti Lamun Urang Nyaba
Saméméh indit kudu ngagedig bumi tilu kali sarta maca ieu du’ana:

Bumi tuli jagat buta
rep peteng wong sajagat kabéh.

142. //Punika du’a pikeun narimakeun atawa nyampurnakeun sagala barang anu geus didahar ku urang kudu disampurnakeun. -100-
Ieu du’ana; mimiti ti kecap tas dahar.

Bismillah hirohman nirohim
Alhamdulillah barkah Alloh
kahatur maring dat sipat asma af’al
kaula ngahaturkeun ibadah ka Malaikat Sirulloh Kamarulloh
jugjugkeun sapapadaning Alloh
laillaha ilalloh Muhammad darosululloh

lebur badan jadi nyawa
lebur nyawa jadi rasa
lebur rasa jadi sira
mulih maring atine karna Alloh kéwala
ya isun kang hurip tan kenan pati. Tamat

180. Punika Du’a Paranti kana Leumpang. Alloh Gaib

Kebo putih kidang putih
Sang Karoya mancat Sang Jati Putih. Tamat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang