Lamun urang Sunda geus henteu ngagunakeun deui basa Sunda, basa Sunda baris disebut basa paéh cara basa Latén, Sangsakerta jeung Kawi. Lamun geus kitu naha aya kénéh nu disebut urang Sunda atawa (suku) bangsa Sunda? Lamun nyekel kana kacapangan “basa téh cicirén bangsa” tanwandé moal aya deui nu disebut urang Sunda atawa bangsa Sunda téh. Kuring kungsi nuduhkeun yén lamun nu dipimaksud ku bangsa di dinya téh sarua jeung nation, kaliru, da éta paribasa anu dipulung tina paribasa Malayu mah nuduhkeun orang berbangsa, nu hartina sarua jeung bangsawan. Harita mah ngan kaom bangsawan anu basana rapih, da kungsi diajar metakeunana luyu jeung aturan.
Tapi aya-henteuna urang Sunda mah mémang gumantung kana hirup-henteuna basa Sunda. Lamun basa Sunda kagolongkeun kana basa anu geus paéh, atuh urang Sunda gé baris henteu aya di kieuna deui. Ayana urang Sunda gumantung kana ayana basa Sunda. Tapi naha urang Sunda saladareun yén éksisténsina gumantung kana basa anu ku maranéhanana ayeuna henteu dianggap penting? Sabab ari kamurnian “darah” mah geus henteu bisa dicekel deui, bubuhan cék paribasa gé cinta mah buta (= lolong, lain danawa), lamun geus neundeun katineung sok tara tatanya asal-usulna deui. Ari gok, pruk wéh. Komo da ayeuna mah barogaeun anggapan yén cinta mah bébas. Jodo mah sok tara pancakaki.
Basa Sunda téh basa anu digunakeun ku urang Sunda sapopoé. Ayeuna masih sering kénéh digunakeun dina gunem-catur sapopoé, pangpangna di pilemburan. Di kota mah, urang Sunda umumna ngarasa leuwih “géngsi” lamun ngagunakeun basa Indonésia dalah di lingkungan kulawargana: jeung anakna, jeung salakina atawa pamajikanana.
Basa Sunda lain ngan dipaké gunem-catur sacara lisan baé. Tradisi maca jeung nulis dina basa Sunda geus mangabad-abad umurna. Naskah nu pangkunana asalna ti awal abad ka-16. Ditulis ku aksara anu ayeuna disebut aksara Sunda Kuna. Sabada dijajah ku Mataram, basa Sunda gé sok ditulis ku aksara Jawa (hanacaraka). Malah sabada aya sakola anu diadegkeun ku Walanda mah nya aksara Jawa anu diajarkeun téh, tapi disebut Aksara Sunda, nepi ka réa urang Sunda anu nyangka hanacaraka téh aksara Sunda pituin. Salian ti éta basa Sunda téh sok ditulis ku aksara Arab pégon atawa aksara Arab gundul. Ayeuna mah prah basa Sunda ditulisna maké aksara Latén. Saenyana basa Sunda ditulis ku aksara Latén téh kakara prak dina abad ka-19.
Naskah-naskah anu kapanggih di Tatar Sunda, lain ngan anu ditulis dina basa Sunda baé. Réa naskah anu ditulis dina basa Jawa jeung Malayu deuih, boh anu ditulis ku aksara Arab Pégon, aksara Jawa (hanacaraka), boh anu ditulis ku aksara Latén. Nuduhkeun yén urang Sunda sok maké basa séjén salian ti basana sorangan.
Cék para ahli pernaskahan, nu ditulis dina basa Sunda Kuna maké aksara Sunda Kuna téh henteu nepi ka 200 naskah jumlahna. Tur naskah anu sakitu téh réréana masih tacan kabaca ku ahlina, da di jagat gorombyangan anu sakieu legana téh anu bisaeun maca aksara Sunda Kuna ayeuna moal nepi ka 10 urang. Tur kabéhanana geus katalian ku pancén masing-masing nu taya patalina jeung naskah Sunda Kuna, ku kituna maca naskah Sunda Kuna mah henteu jadi pagawéanana sapopoé, da lamun manéhna museurkeun perhatian kana macaan naskah Sunda Kuna, moal bisaeun hirup. Bubuhan macaan naskah Sunda Kuna mah henteu bisa dijadikeun pacarian anu ngahasilkeun napakah.
Padahal éta naskah-naskah téh ditulisna dina dangdaunan anu geus disimpen leuwih ti saabad, réréana geus raruksak. Lamun nepi ka ancur téh, urang Sunda anu jadi ahliwaris éta naskah, lapur moal terangeun kana eusina. Mangkaning tina sawatara naskah anu geus kaburu dibaca sarta dibuka eusina ku para ahli, naskah-naskah Sunda Kuna téh marunel sabab réa ngaguar masalah étika nu ngagambarkeun palasipah hirup urang Sunda nu ayeuna geus tara kapanggih deui dina hirup nyata urang Sunda sapopoé.
Aya kaagul urang Jawa kana naskah-naskah basa Kawi anu disebut Jawa Kuna. Aya kaagul urang Bugis kana naskah La Galigo anu mangrupa épik nu pangpanjangna sadunya. Tapi tacan kadéngé aya urang Sunda anu agul ku naskah-naskah titinggal karuhunna. Da mun seug aya, tangtu baris ngusahakeun mukakeun naskah-naskah Sunda Kuna téa, paling henteu anu masih kénéh bisa dibaca. Antarana ku jalan ngusahakeun sangkan para ahlina anu ngan saeutik téa bisa junun nyanghareupan éta naskah.
Lamun naskah-naskah téa nepi ka ancur saméméh kabuka eusina, tangtu réa kakayaan ruhani urang Sunda anu milu sirna. Urang Sunda ayeuna henteu kabiruyungan terang kana eusina, kana warisan ruhani ti karuhunna. Padahal ngawaragadan macaan naskah-naskah Sunda Kuna téa moal nepi ka nyaruaan waragad pikeun upamana anu diancokeun pikeun nyieun proyék Kampung Sunda anu henteu puguh kumaha jadina. Ngan hanjakalna téh nyaéta, urang Sunda, para pajabat Sunda, boh di Pusat boh di Pémda, henteu aya anu neundeun minat pikeun terang kana warisan ruhani karuhunna anu disimpen dina naskah-naskah Sunda Kuna.
Sumber : http://ajip-rosidi.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
kamandang