Kelas XI, Wayang Golek

Wayang Golék

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda.
Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah wayang golék.
Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti wayang wong, pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.

[édit] Tumuwuh

Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.


Karakter wayang golék Arjuna, anggota Pandawa, tokoh pawayangan nu kawentar ku kagandanganana.
Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén. Malah harita mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah taun 1960-an.
Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan, lalakon galur mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya, Cécép Supriadi, jld.
Pola pangadegan wayang golék nyaéta (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; (2) Babak unjal, paséban, jeung bébégalan; (3) Nagara séjén; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6) Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug.
Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan nyunatan, nikahan, jsb.

Média nyebarkeun Islam

Numutkeun dugaan, sakumaha wayang kulit di wewengkon wétan (Jawa), wayang golék dipaké ku para wali pikeun nyebarkeun Islam di Tatar Sunda. Kusabab ajaran Hindu harita geus raket jeung masarakat Sunda harita, carita Mahabarata jeung Ramayana ti Tatar Hindu dimodifikasi pikeun ngajarkeun Katauhidan. Misalna dina carita Mahabarata, para déwa boga kawenangan nu absolut pikeun nangtukeun nasib jeung takdir, mangka para wali nyieun objék anyar nu posisina leuwih kuat, nyaéta Semar

Pandawa

Pandawa nyaéta hiji kecap tina basa Sansakerta (Dewanagari: पाण्डव; diejah Pāṇḍava), anu sacara harafiah boga harti anak "Pāṇḍu" (Pandu), nyaéta salah sahiji Raja Astinapura dina wiracarita Mahabarata. Ku kituna, Pandawa mangrupa putera makuta karajaan kasebut. Dina wiracarita Mahabarata, para Pandawa nyaéta protagonis sedengkeun antagonis nyaéta para Kurawa, nyaéta putera Dréstarastra, baraya bapa maranéhanana (Pandu). Kalima Pandawa ngadahup ka Drupadi anu diparebutkeun dina hiji sayémbara di Karajaan Pancala. Para Pandawa mangrupa inohong penting dina wiracarita Mahabarata, nyaéta dina perang rongkah di Kurusétra antara para Pandawa jeung para Kurawa jeung wadyabalad maranéhanana. Carita kasebut jadi carita penting dina wiracarita Mahabarata, salian ti carita Pandawa maén dadu jeung Kurawa.Para Pandawa diwangun ku lima urang pangéran, tilu di antarana (Yudistira, Bima, jeung Arjuna) mangrupa anak kandung Kunti, sedengkeun anu séjénna (Nakula jeung Sadéwa) mangrupa anak kandung Madrim, tapi bapa maranéhanana sarua, nyaéta Pandu.

Yudistira dina vérsi pewayangan Sunda jeung Jawa

Dina carita vérsi Sunda jeung Jawa, Yudistira ngadahup jeung Dewi Drupadi, puteri Prabu Drupada jeung Dewi Gandawati ti nagara Pancala, sarta boga anak lalaki nu dingaranan Pancawala. (Nurutkeun carita India, Drupadi kawin ka lima Pandawa babarengan).
Yudistira téh anak cikal Prabu Pandu raja nagara Astina jeung permaisuri Dewi Kunti, putri Prabu Basukunti jeung Dewi Dayita ti nagara Mandura. Manéhna miboga dua urang adi kandung nu masing-masing ngaranna Bima (Werkudara) jeung Arjuna, sarta dua urang adi kembar béda indung, nu ngaranna Nakula (Pinten) jeung Sadéwa (atawa Sahadewa kalayan landihanna Tansen), putra Prabu Pandu ti Dewi Madrim, puteri Prabu Mandrapati ti nagara Mandaraka. Lima sadulur ieu disebut Pandawa.
Yudistira dianggap minangka turunan (titisan) Déwa Kaadilan, Batara Darma ku alatan éta salah sahiji landihanana téh nyaéta Darmasuta, Darmaputra atawa Darmawangsa. Sajaba ti éta manéhna ogé disebut Puntadéwa atawa Samiaji. Ngaran Yudistira sorangan dicokot alatan dina awakna menunggal arwah Prabu Yudistira, raja jin ti nagara Mertani. Yudistira miboga pusaka karajaan nu wujudna payung nu dingaranan "Kyai Tunggulnaga" sarta hiji tumbak nu dingaranan "Kyai Karawelang".
Manéhna téh raja anu alus. Getih bodas (Seta ludira) ngocor dina uratna. Teu kungsi murka, teu kungsi tarung, teu kungsi ogé nampik paménta saha ogé, sakumaha handapna tingkatan sang paménta. Waktuna dieusi ku ngumpulkeun kawijaksanaan. Teu kawas satria anu séjén, anu pusaka saktinya mangrupa pakarang, pusaka andelan Yudistira nyaéta Kalimasada kalimah ageman. Dasarna, manéhna téh cendikiawan tanpa pamrih, anu maréntah kalayan kaadilan sampurna sarta kamurah haténa anu luhur. Pangadegna anu sama sakali tanpa perhiasan nu nyolok mata, sirah nunduk tandana mawas diri, sarta paroman beungeut keningratan anu lemes, ngarupakeun gambaran idéal "Pandita Ratu" (Raja Pandita) anu geus nyingkahkeun napsu dunya.
Tapi aya ogé kakurangna, nyaéta resep judi. Ku alatan karesep ieu, Yudistira sawatara kali katipu sarta diéléhkeun dina adu judi ku Duryodana, Raja Astina sarta pupuhu Kurawa. Alatan éléh maén dadu, kapaksa Yudistira (sarta Pandawa sakabéhna) mikeun nagarana sarta miceun diri ka leuweung salila 13 taun.

 Bima (Sansakerta: भीम, bhīma) atawa Bimaséna (Sansakerta: भीमसेन, bhīmaséna) nyaéta salah saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupakeun anakna Déwi Kunti sarta dipikawanoh sabagé inohong Pandawa anu kuat, boga sipat sok dugal sarta dipikasieun ku musuh, sanajan sabenerna haténa mah lemah lembut. Manéhna mangrupakeun kulawarga Pandawa nu kadua ti lima sadulur. Bima satia kana hiji sikep, nyaéta henteu resep basa-basi sarta teu kungsi laku ngadua haté sarta henteu kungsi ngalétak ciduhna sorangan.Kecap bhīma dina basa Sansekerta hartina kurang leuwih nyaéta "pikasieuneun". Sedengkeun ngaran séjén Bima nyaéta Werkudara nu dina basa Sansakerta vṛkodara sarta boga harti "beuteung serigala" nujul kana sipatna nu rampus dahar.Dina wiracarita Mahabarata dicaritakeun yén alatan Pandu henteu bisa boga turunan (alatan supata ti saurang resi), mangka Kunti (pamajikan Pandu) ménta dibéré anak ku Bayu, déwa angin. Tina hubungan Kunti jeung Bayu, lahir Bima. Ku kasinugrahan ti Bayu, Bima jadi jelema anu pangkuatna sarta pinuh kaasih jeung kadeudeuh.


Dina mangsa keur budak, kakuatan Bima euweuh nu bisa nandingan. Kakuatan kasebut mindeng dipaké pikeun ngajailan dulur-dulurna, nyaéta Kurawa. Salah sahiji anggota Kurawa nyaéta Duryodana, pohara ceuceub kana peta Bima anu sok jail. Kaceuceub kasebut tumuwuh subur sahingga Duryodana boga niat pikeun maéhan Bima.
Dina hiji poé sabot para Kurawa jeung Pandawa indit ulin ka wewengkon walungan Gangga, Duryodana nyuguhan Bima kadaharan sarta inuman anu saméméhna geus dicampuran racun. Alatan Bima tara curigaan ka hiji jalma, manéhna ngadahar kadaharan anu disuguhkeun ku Duryodana. Teu lila ti harita, Bima kapidara. Tuluy awakna ditalian sakuatna ku Duryodana ngagunakeun pepelakan nu ngarambat, sanggeus éta dipalidkeun ka walungan Gangga maké rakit. Waktu rakit anu mawa Bima nepi ka tengah walungan, oray-oray anu hirup di sabudeureun walungan kasebut macok awak Bima. Ngan ajaib, peurah oray kasebut robah jadi penangkal pikeun racun anu didahar ku Bima. Waktu geus sadar, Bima langsung ngalaan iketan pepelakan nu dibeulitkeun kana awakna, tuluy manéhna maéhan oray-oray anu ngégél awakna. Sawatara oray nyalametkeun diri sarta nepungan rajana, nyaéta ...........poho deui.....
Waktu ...........poho deui.... ngadéngé béja yén anak Pandu anu ngaranna Bima geus maéhan anak buahna, manéhna geura-giru ngabagéakeun Bima sarta méré inuman sakti. Inuman kasebut diinum sababaraha mangkok ku Bima, sahingga awakna jadi pohara kuat. Bima cicing di karaton ...........poho deui.... salila dalapan poé, sarta sanggeus éta manéhna balik. Waktu Bima balik, Duryodana kaluman alatan jelema anu dipikaceuceubna masih hirup. Sabot para Pandawa sadar yén kaceuceub dina haté Duryodana mimiti tumuwuh, maranéhanana mimiti ati-ati.
Dina mangsa rumaja, Bima sadulur dididik sarta dilatih dina widang militer ku Dorna. Dina neuleuman élmu ngagunakeun pakarang, Bima leuwih museurkeun perhatianana kana élmu ngagunakeun gada, kawas Duryodana. Duanana jadi murid Baladéwa, nyaéta baraya Kresna anu pohara mahér dina ngagunakeun pakarang gada. Baladéwa leuwih mikanyaah Duryodana manan Bima, sarta Duryodana ogé satuhu ka Baladéwa.Sabot Bima jeung indung sarta dulur-dulurna ulin di Waranawata, manéhna jeung Yudistira sadar yén imah pamondokan anu disadiakeun pikeun maranéhanana, geus dirarancang pikeun maéhan maranéhanana. Badéga Duryodana, nyaéta Purocana, geus ngawangun imah kasebut sakitu rupa maké bahan nu kawas lilin sahingga gancang kabeuleum. Bima rék geura-giru indit, tapi ku bongbolongan Yudistira maranéhanana tumetep di dinya salila sawatara bulan.
Dina hiji peuting, Kunti ngayakeun pésta sarta saurang wanoja anu deukeut jeung Purocana milu hadir dina éta pésta babarengan jeung Pandawa. Sabot Purocana jeung wanoja kasebut sarta Pandawa saré tibra alatan kadaharan anu disuguhkeun ku Kunti, Bima geura-giru ngajurung ambéh indung sarta dulur-dulurna lumpat nyalametkeun diri kalawan ngaliwatan torowongan anu geus dijieun saméméhna. Satuluyna, Bima mimiti ngaduruk imah lilin anu ditinggalkeun ku maranéhanana. Ku alatan indung sarta dulur-dulurna ngarasa tunduh sarta capé, Bima manggul maranéhanana sakaligus kalawan kakuatanana anu rongkah. Kunti digéndong dina tonggongna, Nakula sarta Sadewa aya dina pingpingna, sedengkeun Yudistira sarta Arjuna aya dina leungeunna.
Mangsa geus kaluar ti tungtung torowongan, Bima sarta barayana anjog di walungan Gangga. Di dinya maranéhanana dianteur meuntas walungan ku badégana Widura, nyaéta patih Astinapura anu hariwang kana kaayaan maranéhanana. Sanggeus meuntasan walungan Gangga, maranéhanana ngaliwatan Sidawata nepi ka Hidimbawana. Dina lalampahan kasebut, Bima manggul kabéh barayana sarta indungna ngaliwatan jarak nu jauhna kurang leuwih tujuh puluh dua mil.
Di Hidimbawana, Bima papanggih jeung Hidimbi anu kapentang asmara ku manéhna. Lanceuk Hidimbi anu ngaranna Hidimba, jadi ambek alatan Hidimbi geus ragrag asih ka hiji jalma anu sakuduna jadi hakaneun maranéhanana. Satuluyna Bima jeung Hidimba tarung. Dina tarung kasebut, Bima unggul sarta hasil maéhan Hidimba ku leungeunnya sorangan. Tuluy, Bima ngadahup ka Hidimbi. Tina lakirabi kasebut, lahir budak anu dibéré ngaran Gatotkaca. Bima sarta kulawargana tumetep di dinya salila sawatara bulan babarengan jeung Hidimbi sarta Gatotkaca, sanggeus éta maranéhanana neruskeun lalampahan.

Arjuna

Arjuna (Basa Sangsakerta अर्जुन; Arjun; Arjuna), nyaéta salasahiji tokoh protagonis dina wiracarita Mahabarata, ogé loba dicaritakeun dina pawayangan. Arjuna téh putra panengah Pandawa, ti Déwi Kunti mah katilu da Nakula sareng Sadéwa mah putra ti Déwi Madrim. Anjeunna kagungan putra diantawisna Abimanyu sareng Irawan. Anjeunna parantos dikantun pupus ku ramana nalika alit kénéh. Nami ramana Pandu Déwanata

Nakula

Nakula (basa Sansakerta: नकुल, Nakula), nyaéta saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anakna Déwi Madrim, lanceuk ipar Déwi Kunti. Manéhna sakembaran jeung Sadéwa.
Nurutkeun buku Mahabarata, Nakula kacida kasépna sarta pohara éndah mameunteuna. Nurutkeun Drupadi, Nakula mangrupa salaki anu pangkasépna di dunya. Tapi, sipat goréng Nakula nyaéta sok agul ku kakasépna. Hal éta dicaritakeun ku Yudistira dina buku Prastanikaparwa.
Sacara harfiah, kecap nakula dina basa Sansakerta ngarujuk kana rupa Ichneumon, sarupaning beurit atawa sato pangeureut ti Mesir. Nakula ogé bisa boga harti "cerpelai", atawa bisa ogé "beurit benggala".

Nakula dina pawayangan Sunda jeung Jawa

Nakula dina padalangan Sunda jeung Jawa disebut ogé Pinten (ngaran tutuwuhan anu daunna bisa dipaké ubar). Manéhna mangrupa anak kaopat Prabu Pandu Déwanata, raja nagara Astinapura ti Déwi Madrim, puteri Prabu Mandrapati jeung Déwi Téjawati, ti nagara Mandaraka. Manéhna lahir kembar jeung adina, Sadéwa. Nakula ogé boga tilu baraya sabapa, nyaéta Yudistira, Bima sarta Arjuna
Nakula mahér numpak kuda sarta pinter ngagunakeun pakarang panah jeung lembing. Nakula moal bisa poho ngeunaan sagala hal anu dipikanyaho ku manéhna alatan boga Aji Pranawajati paméré Ditya Sapujagad, sénapati nagara Amertani.
Nakula miboga watek jujur, satia, taat, welas asih, nyaho ngabales budi sarta bisa nyimpen rusiah. Manéhna dumuk di kasatriaan Sawojajar, wewengkon nagara Amarta. Nakula miboga dua urang pamajikan nyaéta:
  • Dewi Sayati puteri Prabu Kridakirata, raja nagara Awuawulangit, sarta meunang dua urang anak nu masing-masing ngaranna Bambang Pramusinta jeung Déwi Pramuwati.
  • Déwi Srengganawati, puteri Resi Badawanganala, kuya raksasa anu dumuk di walungan Wailu (nurutkeun Purwacarita, Badawanangala dipikawanoh salaku raja nagara Gisiksamudra landihan Ékapratala) sarta meunang turunan saurang putri nu ngaranna Déwi Sritanjung.
Sanggeus réngsé perang Baratayuda, Nakula diangkat jadi raja nagara Mandaraka luyu jeung amanat Prabu Salya lanceuk indungna, Déwi Madrim.

Sadéwa

Sadéwa atawa Sahadéwa (basa Sansakerta: सहदेव, sahadéva), nyaéta saurang protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna nyaéta salah saurang Pandawa, ngan béda jeung Yudistira, Bima, sarta Arjuna manéhna mah nyaéta anakna Déwi Madrim, adina Déwi Kunti. Manéhna nyaéta baraya kembarna Nakula.
Sadéwa pinter dina élmu astronomi beunang bingbingan resi Drona. Sajaba ti eta, manéhna ogé réa pangartina dina hal ngangon sapi. Ku alatan éta manéhna bisa nyamur jadi pangangon waktu di nagri Wirata anu dicaritakeun dina Wirataparwa. Salila nyamur di Karajaan Matsya anu dipingpin ku Raja Wirata, Sadéwa tanggung jawab ngarawat sapi sarta sumpah baris maéhan Raja Gandara, Sangkuni, anu geus ngakaya Sadéwa jeung kulawarga Pandawa séjénna sapanjang hirup. Manéhna hasil nyumponan sumpahna pikeun maéhan Sangkuni dua poé saacan perang Baratayuda lekasan.
Diantara lima Pandawa, Sadéwa anu paling ngora. Cacak kitu, manéhna dianggap salaku nu paling wijaksana di antara maranéhanana. Yudistira malah nyarita yén manéhna leuwih bijak batan Brihaspati, guru para déwa.
Sadéwa nyaéta saurang ahli béntang anu hébat sarta dianggap nyaho kajadian anu baris lumangsung dina Mahabarata tapi manéhna disupata yén lamun manéhna ngabébérkeun naon anu dipikanyahona, sirahna baris beulah. Mangka ti éta, manéhna condong cicingeun dibandingkeun jeung barayana anu séjén.
Jiga Nakula (lanceukna), Sadéwa ogé satria ahli pedang anu hebét. Manéhna ogé ngadahup ka puteri Jarasanda, Raja di Magada.
Sakumna Pandawa babarengan ngadahup ka Drupadi, sarta Dropadi mere saurang anak ka masing-masing Pandawa. Tina hasil hubunganana jeung Drupadi, Sadéwa ngabogaan anak nu ngaranna Srutakama.
Sajaba ti éta, Sadewa ngabogaan anak nu ngaranna Suhotra ti pamajikan nu lian nyaéta Wijaya.

Kurawa

Kurawa (basa Sansekerta: कौरव; kaurava) nya éta kumpulan antagonis dina wiracarita Mahabarata. Ngaran Kurawa sacara umum hartina "turunan Kuru". Kuru nya éta ngaran Maharaja anu mangrupa turunan Bharata, sarta nurunkeun inohong-inohong dina wiracarita Mahabarata. Kurawa mangrupakeun satru kabuyutan para Pandawa. Jumlah maranéhanana nyaéta saratus. Maranéhanana anak prabu Dréstarastra anu lolong ti permaisurina, Dewi Gandari.
Istilah Kurawa anu dipaké dina Mahabarata ngabogaan dua harti:
  • Harti jembar: Kurawa ngarujuk ka sakumna turunan Kuru. Dina harti ieu, Pandawa ogé kaasup Kurawa, sarta kadangkala disebut kitu dina Mahabarata.
  • Harti heureut: Kurawa ngarujuk kana garis turunan Kuru anu leuwih kolot. Istilah ieu ngan kawates pikeun anakna Dréstarastra, sabab manéhna mangrupa turunan anu pangkolotna dina garis turunan Kuru. Istilah ieu henteu ngawengku anak Pandu, anu ngadegkeun garis turunan anyar, nyaéta para Pandawa.
Dina Mahabarata diceritakan yén Gandari, pamajikan Dréstarastra, hayang boga saratus anak. Saterusna Gandari ménta ka Abiyasa, saurang patapa sakti, sarta ditedunan. Gandari jadi ngandeg, tapi sanggeus lila ngandung, anakna teu lahir waé. Manéhna jadi timburu ka Kunti anu geus méré Pandu tilu urang anak. Gandari keuheul, tuluy neunggeulan kandunganana. Sanggeus ngaliwatan mangsa ngajuru, anu lahir tina pianakanana ngan saukur sagumpal daging. Abiyasa saterusna nyiksikan daging kasebut jadi saratus bagian sarta ngasupkeunana kana 100 gentong, anu saterusna dipelak dina taneuh salila sataun. Sanggeus sataun, gentong-gentong kasebut dibuka deui sarta tina tiap gentong, muncul orok lalaki. Anu pangheulana mecenghul nyaéta Duryodana, dipirig ku Dursasana, sarta barayana anu séjén.
Sakumna anak Dréstarastra tumuwuh jadi lalaki anu garagah. Maranéhanana ngabogaan baraya nu ngaranna Pandawa, nyaéta kalima anak Pandu. Sanajan maranéhanana duduluran, Duryodana anu mangrupa baraya pangkolotna para Kurawa, sok ngarasa timburu ka Pandawa, utamana ka Yudistira anu rék dicalonkan jadi raja di Astinapura. Akibatna muncul pacogrégan anu puncakna jadi hiji perang rongkah di Kurusetra.
Sanggeus perang rongkah nu lumangsung salila dalapan belas poé, saratus anak Dréstarastra gugur, kaasup incu-incuna, kajaba Yuyutsu, anak Dréstarastra anu lahir ti saurang dayang. Anu pamungkas gugur dina perang kasebut nyaéta Duryodana, baraya pangkolotna para Kurawa. Saméméhna, adina anu ngaranna Dursasana gugur ku leungeun Bima. Yuyutsu nyaéta hiji-hijina anak Drétarastra anu salamet dina perang di Kurusetra alatan ngabiluk para Pandawa sarta manéhna neruskeun garis turunan bapana.
Di handap ieu nyaéta daftar ngaran-ngaran saratus Kurawa anu dibédakeun jadi dua vérsi, vérsi India jeung vérsi Indonésia. Dua Kurawa utama nyaéta Suyudana landihan Duryodana jeung Dursasana nu disebut leuwih tiheula dina daftar kasebut. Saterusna anu séjén disebut nurutkeun urutan aksara.

Tokoh Kurawa Vérsi Indonésia

  1. Duryodana (Suyudana)
  2. Dursasana
  3. Abaswa
  4. Adityaketu
  5. Aloba
  6. Anadresya (Hanyadresya)
  7. Anudara (Hanudara)
  8. Anurada
  9. Anuwinda (Anuwenda)
  10. Aparajita
  11. Aswaketu
  12. Bahwasi (Balaki)
  13. Balawardana
  14. Bagadatta (Bogadenta)
  15. Bima
  16. Bimabala
  17. Bimadewa
  18. Bimarata
  19. Carucitra
  20. Citradarma
  21. Citrakala
  22. Citraksa
  23. Citrakunda
  24. Citralaksya
  25. Citrangga
  26. Citrasanda
  27. Citrasraya
  28. Citrawarman
  29. Darpasanda
  30. Dreksetra
  31. Dirgaroma
  32. Dirghabahu
  33. Dirgacitra
  34. Dredahasta
  35. Dredawarman
  36. Dredayuda
  37. Dretapara
  38. Duhpradarsana
  39. Duhsa
  40. Duhsah
  41. Durbalaki
  42. Durbarata
  43. Durdarsa
  44. Durmada
  45. Durmarsana
  46. Durmukha
  47. Durwimocana
  48. Duskarna
  49. Dusparajaya
  50. Duspramana
  51. Hayabahu
  52. Jalasanda
  53. Jarasanda
  54. Jayawikata
  55. Kanakadwaja
  56. Kanakayu
  57. Karna
  58. Kawacin
  59. Kratana
  60. Kundabedi
  61. Kundadara
  62. Mahabahu
  63. Mahacitra
  64. Nandaka
  65. Pandikunda
  66. Prabata
  67. Pramati
  68. Rodrakarma (Rudrakarman)
  69. Sala
  70. Sarua
  71. Satwa
  72. Satyasanda
  73. Senani
  74. Sokarti
  75. Subahu
  76. Sudatra
  77. Suda
  78. Sugrama
  79. Suhasta
  80. Sukasananda
  81. Sulokacitra
  82. Surasakti
  83. Tandasraya
  84. Ugra
  85. Ugrasena
  86. Ugrasrayi
  87. Ugrayuda
  88. Upacitra
  89. Upanandaka
  90. Urnanaba
  91. Weda
  92. Wicitrihatana
  93. Wikala
  94. Wikatanana
  95. Winda
  96. Wirabahu
  97. Wirada
  98. Wisakti
  99. Wiwitsu (Yuyutsu)
  100. Wyudoru (Wiyudarus)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang