LATIHAN SOAL US kelas XII 2012 kode A

Sumber soal tina materi basa Sunda kelas XI jeung XII
1.    Lamun urang ka Cikolé
        moal hésé numpak ....
lamun urang boga ....
moal hésé barangdahar
2.    Bedil langit handaruan
Abdi mah tangtos kalinglah
3.    SUKABUMI TINGGAL RESMI
Lamun ditulis dina aksara Sunda?
4.     lmun; keyeN tG;tu preN
5.    Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku gurulagu jeung guru wilangan biasa mibanda wirahma nu angger/tangtu
6.    Nyi Kokom mah béda jeung Nyi Nonih, pan Nyi kokom mah ... nya éta jalma nu sok ngahaleuangkeun tembang
7.    Karangan basa lancaran anu eusina midangkeun fakta-fakta, gagasan, jst; ngaguar, medar, ngabahas atawa ngadadarkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan-katerangan nepi ka bubuk leutikna (detail), disebut karangan wangun ....
8.    Carita pondok nu judulna “Halimun Peuting” dikarang ku ....
9.    Carita pondok dina sastra Sunda nu pangheulana medal/terbit dina taun ....
10.  Ajaran moral nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngaregepkeun sok disebut ....
11.  Latar waktuna dina carita pondok mah mang ayeuna sedengkeun dina dongéng mah latar waktuna biasana ....
12.  Dongéng “Dwi Sri” téh sok diidéntikkeun jeung dongéng asal-usul ....
13.  Rakitan basa anu digunakeun pikeun ngayakinkeun nu séjén, yén sakur nu diomongkeun enya-enya benerna, nepi kaleuleuwihi, nu antukna teu saluyu jeung kanyataanana. Mangrupa wangénan tina ....
14.  Carita wayang nu nyaritakeun antara Kurawa jeung Pandawa aya dina buku ...
15.  Média cetak nu mangrupa selebaran atawa majalah anu eusina warta singget sipatna ngawaktu ti hiji organisasi, disebut ....
16.   “Sadérék peryogi Manglé? Mangga telepon waé ka nomer 022-7896789.”
Béwara di uhur kaasup kana iklan ....
17.  Novel dina sastra Sunda mimiti medal/terbit dina taun ....
18.  Novel nu pangheulana medal dina sastra Sunda, nya éta ....
19.  Kecap serepan téh nya éta mangrupa sajumlahing kecap anu asalna tina basa saluareun Sunda. Boh nu ngalaman parobahan wangun, lafal, boh nu henteu. Di handap ieu nu mangrupa kecap serepan nu asalna tina basa arab nya éta ....
20.  Sedengkeun kecap serepan nu asalna tina basa Portugis, nya éta ....
21.  Guguritan téh ditulis dina wangun karangan....
22.   “Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, kanggo acara nu salajengna nya éta ... ti bapa Kepala Sakola. Ka kersana bapa Drs. H. Suhandi Saepurohman, MSi, sumangga ....”
23.   “Mugia amal kasaéan Ibu sareng Bapa guru di ieu sakola dibales ku Nu Maha Kawasa ku mangrébu-rébu kasaéan di dunya sareng di ahérat. Amin
Maksud nu dikandung dina kalimah di luhur nya éta ....
24.  Para ahli geus mupakat nyieun kacindekan anyar yén anu disebut planét mah diantarana kudu boga orbit anu ngurilingan panonpoé jeung henteu motong orbit planét lianna.
Anu jadi jejer (Subjék) dina kalimah di luhur nya éta ....
25.  Ari nu sok disebut bulan téh, nya éta nu sok caang ... unggal tanggal 14.
26.  Paré ranggeuyan téh dileyek supaya jadi bangsal pikeun pibiniheun.
Kecap nu dicondongkeun sarua hartina jeung....
27.  Sakur nu kaalaman ku dirina ... ka polisi, méh teu aya nu kaliwat saeutik ogé.
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nya éta ....
28.   “Sateuacan sim kuring neraskeun kana maca ... acara, sumangga urang ... ieu acara
29.  kumaha pok-pokanana upama panumbu catur ngatur acara saméméh lumangsungna tanya jawab?
30.  Tugas utama saurang panumbu catur/moderator dina diskusi nya éta ...
31.  Baheula mah Kota Bandung téh minangka kota nu bakal dijadikeun puseur dayeuh Hindia Belanda.
Kecap puseur dayeuh sarua hartina jeung ....
32.  Aya sabaraha wawangunan kuno di Kota Bandung nu kacatét nepi ka taun 1972?
33.  Mang Suéb anu ti tadi teu lémék teu nyarék kapaksa milu nyarita.
Kecap teu lémék teu nyarék dina kalimah di luhur ngandung harti ....
34.  Kalimah wawaran nya éta kalimah nu pungsina nepikeun nepikeun inpormasi sarta miharep résponsi nu mangrupa ....
35.  Istilah pangrandap dina unsur kalimah disebut ogé ....
36.  Paguneman mah béda jeung wawancara. Paguneman téh mangrupa kagiatan komunikasi nu dilakukeun dua arah, nya éta ....
37.  Maguneman jeung babaturan ngagunakeun ragam basa ....
38.  Katerangan nu ngagambarkeun kaayaan/ suasana awal dina drama, disebut ....
39.  Hal-hal nu hayang ditepikeun ku pangarang ka pamiarsa biasa mangrupa pesen-pesen moral dina drma, disebut ....
40.  Di handap ieu hal-hal nu kaasup kana mangpaat karya ilmiah, iwal ....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang