BISMILLAHIRROHMAANIRROHIIM
Anu dipihormat, Bapa Pupuhu Dinas Pendidikan dan
Kebudayaan Kota Sukabumi,
Anu dipihormat, Bapa Pupuhu Komite Sakola SMAN 2 Kota Sukabumi,
Anu dipihormat, Bapa Pupuhu Komite Sakola SMAN 2 Kota Sukabumi,
Anu dipihormat, Bapa pupuhu Sakola SMAN 2 Kota
Suabumi,
Bapa sareng ibu guru SMAN 2 Kota Sukabumi nu kusim kuring dipihormat,
Bapa sareng ibu para sepuh murid-murid anu kusim kuring dipihormat,
sadaya akang-tétéh kelas XII anu ku simkuring dipikareureus tur dipiasih.

assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh
Langkung tipayun hayu urang munajat ka Pangéran nu Maha Kawasa Alloh Azzawajala, ku ucap syukur alhamdulillah , kalayan kersa-Na urang tiasa kempel di ieu tempat kalayan salamet, séhat-wal’afiyat. Aamiin
Solawat miwah salam tinangtos salamina ngocor
ngagolontor, langgeng ngagelenggeng ka jungjunan urang, Nabi Muhammad Solallohu
alaihi wasalam, saterasna natrat ka para karabat, para ahli sareng sohabat.
Hadirin
hormateun sim kuring,
sim kuring ngahaturkeun mangrebu-rebu nuhun kasadayana anu parantos tiasa sarumping ka ieu patempatan.
rupina dinten ieu parantos cunduk kana waktu nu rahayu , nitih wanci nu mustari jalaran akang sareng teteh kelas XII parantos tiasa ngaréngsékeun diajar di Sakola SMAN 2 Kota Sukabumi ieu kalayan lulus sareng hasil anu nyugemakeun.

Ngadegna sim
kuring kuring di payunen bapa-ibu, akang tétéh, teu aya sanés minangka wawakil ti kelas X sinareng XI,
“seja ngadugikeun pangwilujeng ka akang-tétéh anu parantos lulus kayan
nyugemakeun.
Kalih ti éta sim kuring seja nyanggakeun wilujeng
paturay, wilujeng angkat ngudag sareng ngahontal cita-cita nu salajengna. Hatur
nuhun parantos tiasa ngabuktoskeun maparin conto sinareng pieunteungeun ka sim
kuring saparakan salami urang sasarengan.
Akang sareng teteh, sim kuring mung tiasa ngajurung ku du’a, mugi-mugi akang sareng tétéh sadayana sing tiasa neraskeun sakola ka paguron anu langkung luhur, sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung ninggat-ngaronjatkeun prestasi sareng sagala rupina, insya allah.
Pamungkas, sim kuring saparakanca mung saukur ngiring ngajurung ku du’a, “mugi-mugi naon anu dipiharep, anu di dicita-citakeun akang sareng teteh sing laksana tinekanan”. Teu hilap Sim kuring saparakanca adi-adi ti kelas X sareng XI nyuhunekun dihapunten tina sadaya kalepatan. Paripaos clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan-sinareng kalelepatan.
Mung sakitu nu tiasa kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, bilih aya basa nu kirang merenah éntép seureuhna, mugia kersa ngahapunten.
Wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalu’alaikum wr wb.
kenging ngaropea Dede Ruska
kenging ngaropea Dede Ruska
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
kamandang