Téks Panumbu Catur

Conto Téks Panumbu Catur dina Acara Ngadeuheuskeun Pramuka di Sakola dina Raraga Ningkatkeun Kualitas Pendidikan

Assalamu’alaikum Warohmatullahi Wabarokatuh

Puji sinareng sukur sumangga urang sami-sami sanggakeun ka Hadirat Allah SWT kalayan rahmat sareng magfirat ti manten-Na urang tiasa ruing mungpulung dina ieu riungan kalayan kawilujengan.


Dina danget ieu urang aya dina acara  Seminar Ningkatkeun Kualitas Kapramukaan di Kalangan Siswa SMA. Kanggo mitembeyan ieu acara, manga urang ngaoskeun basmalah sasarengan supados ieu acara tiasa lumangsung kalayan kawilujengan ti kawit dugi ka ahir acara engké! Mangga sasarengan. Bismillahirohmanirrohim.

Hadirin, anu ku simkuring dipihormat!

Parantos katingal ku urang, dina waktos-waktos ayeuna kualitas atikan Kapramukaan di urang ngalaman kamunduran. Tos tangtos deui dina kalangan siswa SMA. Seueur pisan kabeungbeurat anu karandapan ku para siswa sareng Pembina Pramuka. Salami ieu téh para siswa mung ngadeuheuskeun Pramuka téh teori wungkul, padahal Pramuka téh langkung lebet ka sistem bermain sambil belajar.

Hadirin, hormateun simkuring!

Pangajaran Kapramukaan téh saleresna mah pikaresepeun, margi tiasa ngipuk sikep jeung karep siswa anu alus. Naon baé atuh kiat-kiat pikeun ngarojatkeun kapramukaan di kalangan siswa téh? Ieu patarosan tangtos baris tiasa kawaler dina ieu riungan, wiréh dina waktos ayeuna Dr. H. Taufik Ismail, parantos nedunan pangulem panitia.

Hadirin, kanggo urang mah jenengan Dr. H. Taufik Ismail téh tangtos moal bireuk deui. Anjeunna téh bapa Kwarda Jawa Barat. Kanggo anjeunna tangtos widang Kapramukaan mah janten tuangeun sadidinten. Naming supados langkung uninga, saha ari Taufik Ismail téh? Simkuring baris ngadugikeun riwayat hidup (curriculum vitae) anjeunna.

(Macakeun Curriculum Vitae)

Henteu seueur waktos anu disayogikeun kanggo jejer bahasan, kirang langkung 60 menit. Teras ditambihan deui 30 menit kanggo bilih aya patarosan. Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ka Dr. H. Taufik Ismail kanggo ngadadarkeun bahasanana …………

(Pangjejer)

Hadirin, pedaran ti Dr. H. Taufik Ismail téh parantos didugikeun. Aya waktos kirang langkung 30 menit deui, bilih diantawis saderék anu badé ngadugikeun patarosan atanapi pidanganna manga dihaturanan.

Aturannana, anu badé tumaros atanapi ngadugikeun sasauran, dikawitan ngacungkeun panangan teras nyebatkeun jenengan. Sareng patarosan atanapi sasauran ulah kaluar tina tujul ieu kagiatan. Mangga.….

Hatur nuhun, kirang langkung aya 3 patarosan sareng 2 mangrupi kumandang. Kanggo ngawaler patarosannana manga ka Dr. H. Taufik Ismail dihaturanan …..

(pangjejer)

Hadirin!

Alhamdulillah réngsé kapihatur pedaran di Dr. H. Taufik Ismail. Tina sadaya anu parantos didugikeun ku anjeun, tangtu urang tiasa nyindekkeun yén saleresna mah ngarojatkeun Kapramukaan téh gampil, pami urang terang cara-carana

Ahirna ieu acara téh ti kawit dugi ka réngsé parantos kalaksanakeun kalayan lancer. Kanggo nutup ieu acara, sumangga urang sami-sami macakeun hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbil alamin

Hapunten anu kasuhun bilih aya cariosan-cariosan simkuring anu henteu merenah. Keuna ku paripaos biwir teu diwengku letah teu tulangan, biwir keuna ku jalir letah keuna ku salah. Mung sakitu anu kapihatur.

Wabilahitaufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang