Rancangan Soal US KLS XII
A. Pilihan Ganda
Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap pangbenerna!
Lemah Cai Kuring
Lemah cai kuring, nagri éndah asri
Sugih cacah jiwa, bahan lubak-libuk
Sim kuring trésna miwah nyaah
Ka lemah cai pribadi
Kuring suka kuring betah
Di nagri geusan ngajadi
1. Hal anu teu kagamabar dina kawih di luhur nya éta …
1. kuring reueus ku kaéndahan nagri pribadi
2. kuring kacida trésna ka lemah cai
3. kuring ngarasula di lemaha cai pribadi téh
4. kuring deudeuh ka lemah cai
5. lemah cai darah daging kuring
2. Nagri éndah asri …
Ari asri téh hartina bisa saperti di handap ieu, iwal
1. héjo lémok
2. pikabetaheun
3. matak tumaninah
4. resep katingalna
5. matak ruseb kana panon
3. Teu honcéwang
Sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Gambaran kawih di luhur téh nya éta …
1. sumanget jeung pinuh kayakinan
2. loba kahariwang
3. teu sumanget
4. tékadna éstuning can buleud
5. kurang kuat tékadna
4. Sugih cacah jiwa
Kecap sugih ngandung harti saluyu jeung paribasa …
1. piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir
2. bru di juru bro di panto ngalalayah di tengah imah
3. adéan ku kuda beureum
4. peureum kadeuleu beunta karasa
5. kurang sandang kurang pangan
5. Wayang téh kasenian anu sumebar di sakuliah Nusantara.
Kecap anu dicitak déngdék asalna tina kecap …
1. subar
2. sebar
3. tebar
4. mebar
5. nyebar
6. Di handap ieu kalimah anu maké istilah pawayangan, iwal
1. seni jaipongan téh kudu dimumulé ku urang Sunda
2. para nayaga gé kemprung nabeuh gamelan
3. kang Asép Sunandar Sunarya téh kakoncara jadi dalang di Bandung
4. lalakon Arjuna Rabi dipedar ku Ki Dalang Jamar Media
5. alok mah tukang mairan obrolan dalang
7. Wayang kulit sumebar di daérah Cirebon jeung Jakarta. Nu di daérah Cirebon (kaasup Indramayu, Kuningan, jeung Majalengka), ngagunakeun basa Jawa Cirebon. Gamelan Pélog, lalaguanana has Cirebon atawa Kaléran. Ari anu di Jakarta ngagunakeun bas Betawi, tapi gamelanana Saléndro, lalaguanana Sunda, kawihna ogé basa Sunda. Ari wayang golék Purwa sumebarna pangpangna di tatar Priangan, tapi tuluy sumebar di sakuliah Jawa Barat, kaasup Jakarta.
Intina bacaan di luhur nya éta …
1. wayang kulit sumebar di Cirebon
2. wayang golék sumebarna di priangan
3. wayang kulit jeung wayang golék téh béda
4. wayang kulit jeung golék sumebarna di daérah anu béda
5. wayang kulit jeung wayang golék téh béda pisan
8. Mang Ujér kaasup nayaga di lingkung seni Giri Harja
Kecap nu dicitak déngdék di handap hartina …
1. purah mairan dalang dina obrolan dalang
2. tukang nabeuh salah sahiji gamelan
3. anggota pangurus paguron dalang
4. tukang ngahaleuangkeun kawih minangka panyelang dalang
5. tukang nyieun wayang
9. Karangan argumentai téh eusina ngeunaan …
1. carita dongéng
2. nu ngagambarkeun hiji kagiatan
3. ngedalkeun hiji pamadegan
4. ngajelaskeun hiji masalah sangkan écés
5. umajak ka nu maca sangkan ngalaksanakeun hiji pagawéan
10. Kamekaran basa Sunda ayeuna geus nunjukeun sababaraha hal. Salah sahijina, anu kacaida pentingna, nya éta perkara undak-usuk basa sunda (uubs). Danget ieu, para ahli basa Sunda ogé anu merhatikeun basa Sunda geu nyangking kacindekan yén basa Sunda aslina mémang henteu mikawanoh uubs.
Hal anu dipedar dina bacaan di luhur nya éta …
1. basa Sunda téh ayeuna geus mekar
2. basa Sunda miboga undak-usuk basa
3. basa Sunda anu asli mah teu mikawanoh undak-usuk basa
4. undak-usuk basa téh penting dina basa unda
5. kabéh basa mibanda undak-usuk basa
11. Kecap anu salah kaprah dina ngalemeskeunana nya éta …
1. rumaos (tina rumasa)
2. sapertos (tina saperti)
3. karaos (tina karasa)
4. ngartos (tina ngarti)
5. pangaos (tina harga)
12. Kalimah di handap anu mibanda kecap konotatif nya éta …
1. ulah sok noong batur
2. lain éta alesan nu katoong ku sim kuring mah
3. basa keur noong ti kajauhan aya nu nyérangkeun
4. kuring gé ngilu noong da hayang nyaho
5. ih, amit-amit sok noong batur
13. Kecap anu salah makéna aya dina kalimah …
1. iraha mulih ti Bandung, pa?
2. pun biang wengi tadi teu damang repot
3. abdi udur tos sapuluh poé
4. kumaha tuang ibu téh damang, Néng?
5. Énjing abdi badé mulih ka Sukabumi
14. Kumah perluna make uubs téh gumantung kana kasadaran koléktif
Kecap nu dicitak déngdék hartina …
1. kasadaran sorangan
2. kasadaran pamingpinna
3. kasadaran sawaréh jalma
4. kasadaran sagunuk masarakat
5. kasadaran kabéhanana
15. Barudak keur nyawalakeun rarancang Milad Sakola.
Harti kecap anu digurat handap sarua jeung ieu di handap, iwal …
1. musyawarah
2. rapat
3. badami
4. ngomongkeun
5. ngawangkongkeun
16. Sabaraha …ngawangun imah sakitu gedéna téh nya?
1. urang
2. walakayana
3. nyieunna
4. rarancangna
5. waragadna
17. Di handap ieu nu teu kaasup istilah organisasi nya éta …
1. paguyuban
2. pamingpin
3. rokaya
4. pupuhu
5. juru tulis
18. Ciri carita pondok téh nya éta …
1. témana jaman baheula
2. setingna di mana baé
3. témana ganda
4. galur caritana tunggal
5. tokohna lobaan
19. Tulisan réséni téh teu ngébréhkeun ngeunaan
1. eusi buku
2. pangarangna
3. alusna/kaunggulan buku
4. cara nyieunna buku
5. data bukuna
20. Kalangkang
Mungguhing dina impénan
Geuning sakitu deudeuhna
Pameunteu marahmay manis
Teu isin kaamung damis
Téma kawih di luhur nya éta …
1. kadeudeuh
2. lamunan
3. atikan/pendidikan
4. politik
5. agama
21. Kecap kalangkang dina kawih di luhur ngabogaan harti kecap …
1. saujratna/saayana
2. satarabasna
3. sabenerna
4. konotatif
5. denotative
22. Mungguhing dina impénan;
Ari impénan téh lemesna tina kecap …
1. lamunan
2. kahayang
3. impian
4. cita-cita
5. imajinasi
23. Geuning sakitu deudeuhna. Kecap deudeuh téh sarua jeung kecap di handap, iwal …
1. kaasih
2. kacinta
3. kabungah
4. katrésna
5. kageugeut
24. Pameunteu marahmay mani;
Kecap pameunteu téh lemesna tina kecap …
1. damis
2. irung
3. beungeut
4. tarang
5. biwir
25. Ari kecap marahmay téh hartina némbongkeun pasemon anu …
1. soméah
2. judes
3. haseum
4. baeud
5. bingung
26. Karatagan Pahlawan
Teu honcéwan, sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Téma kawih di luhur téh nya éta …
1. pahlawan
2. cinta
3. agama
4. kamanusaan
5. katrésna
27. Teu honcéwang ngabogaan harti di handap, iwal …
1. teu boga kawani
2. teu hariwang
3. teu sieun
4. geus buleud tékadna
5. teu asak
28. Ungkara cadu mundur pantrang mulang ngabogaan harti …
1. tékadna geus kuat
2. boga hate salempang
3. lamun kira-kira éléh mah rék mundur waé
4. masih kénéh sieun
5. sieun éléh di médan perang
29. Kalimah anu teu maké gaya basa mijalma (personifikasi) di handap ieu nya éta …
1. tangkal kalapa meni jarangkung
2. tangkal kalapa tingbedega hareupeun mata
3. daun kalapa patinggarupay katiup angina
4. tangkal kalapa ngabaris teu cangkeuleun
5. tangkal kalapa ngabaris di sisi basisir
30. Pameunteuna meni beureum euceuy.
Kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa …
1. mijalma
2. kadalon
3. peronifikasi
4. métonomia
5. métafora
31. Nu ngalalakon atawa nu ngarandapan kajadian dina carita dongéng disebutna …
1. téma
2. tokoh
3. galur carita
4. latar
5. amanat
32. Cirina carita dongéng téh aya di handap ieu, iwal …
1. eusina pamohalan
2. eusina nyata
3. anonim
4. ngandung atikan
5. rékaan atawa fiktif
33. Dongéng “Nyi Roro Kidul” kaasup kana dongéng …
1. sasakala
2. mite
3. fabel
4. parabel
5. sagé
34. Dongéng “Kuya jeung Monyét Ngala Cabé” kaasup kana dongéng …
1. sasakala
2. mite
3. fabel
4. parabel
5. sage
35. Ide atawa jiwa anu aya dina carita dongéng disebut …
1. téma
2. sétting
3. galur
4. atikan
5. latar
36. Dina dongéng mah latar waktuna biasana …
1. kiwari
2. baheula
3. ayeuna
4. jaman modern
5. mangsa nu bakal datang
37. Gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan suasana, jeung réa-réa deui dina hiji dongéng disebutna …
1. téma
2. tokoh
3. galur
4. amanat
5. latar
38. Bulan ngintip dina sela-sela kabingung kuring.
Kecap anu nuduhkeun gaya basa mijalma aya dina kecap …
1. bulan
2. sela-sela
3. ngintip
4. kabingung
5. dina
39. Sim kuring sasieureun sabeunjeureun rék … kana acara ieu
Kecap anu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta …
1. ngadeudeul
2. dideudeulan
3. dumeudeul
4. deudeulan
5. pangdeudeul
40. Kagiatan ieu téh lumangsungna lancar kumargi … ku sakumna warhga OSIS SMA Negeri 2 Kota Sukabumi.
1. dirojongan
2. ngarojong
3. dirojong
4. dirorojongkeun
5. dirojong
B. Babaran (Uraian)
Jawab panalék di handap ieu sing bener!
1. Pék jéntrékeun naon nu disebut kakawén dina pagelaran Wayang Golék?
42. Naon nu disebut résénsi? Pék jéntrékeun!
43. Sebutkeun hal-hal naon waé nu aya dina résénsi buku!
44. Naon nu disebut Jurnalistik?
45. Sebutkeutkeun 5 wangun drama!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
kamandang