PERLAMBANG

"Aya harewos ti Sang Sadhujati sasampurna ning hirup deung hurip"

Bandera Sunda teh mangrupa panji2 atawa umbul2 anu siga di BALI ayeuna teu beda pek titenan

Warnana sarimbag deung SUDDHA nu jadi SUNDHA > SUNDA, bodas nyacas ngagurilap banget ku suci
mun katojo panon poe ngagurilap banget ku ngagenclang herang

Warna anu nyirikeun tur nandakeun nu alam Luluhur, wening alam kamayangan panganjangan pageto

titis tengtrem taya pakeun ngagunasika, dibarung pamadegan purbatisti purbajati dina sagala rupa nu dipiharep bayu sabda deung hedap

samemeh ngalakukeun sagalarupa dibarung ku niat hade ngasayan, ngangiran dirina heula, ninggalkeun heula peureu nepi ka atis tina rasa


1.Dina pasualan warna, sae museur ka carita nu opat heula bae,
supaya puguh juntrungna, supaya jucung....
kunaon ngan museur kanu opat,
tos aya tarekah ngaguar sagemblengna,
kantun moles bae upama rek di bukukeun.

Uin mah nyobaan ngaguar dialam 'jampe pamake'na keur sapopoe,
conto:KONENG
Jamu 'koneng' teh ubar, antibiotik, vit C, jaga stamina, cuci darah,
komo keur panyakit koneng, kana kulit ogen kabawa semu koneng,
reungit ogen arang nyoco, da getihna rada pait,jstna.. .
eta karak 'koneng gede' ,
ari koneng beureum? koneng bodas, jg koneng hideung?
Naha sarua jg palsapah warna Sunda?
sarua loba hasiatna...pan euweuh koneng bulao, koneng hejo???
( uin geus kl salapan taun nginum parud koneng gede
ditambah madu ti Baduy teh, jadi lain euceuk jg beja, ka-alaman sadirieun).
Alam palsapah turun ka alam sapopoe
geus bisa di 'balance" yen 'koneng' teh mem'bumi'
aya tangkal/pepelakana jeung hasiatna teu samanea.
naha kabeneran???
Mangga pangalaman para dulur, simbeuhan kana ieu bahasan
ti opat warna anu mem'bumi'na dilanjut.
Kunaon alam palsapah masih bisa aya per'debat'an? nya wajar pisan, da etamah alam penjelajahan anu tanpa wates wangenan.(it' s infinity it self!) Sah-sah saja.
Sperti konengna ti kg Ekuoooz kana ka napsu dunyaan.
Padahal pendeta Buda anu hanteu kana kadunyaan baju biarawan na meleg2 warna koneng??? malah nyirikeun warna spiritual warna enlightment/ pencerahan diri,
Bung Karno mun nuju 'aya' di Istana Bogor, masang bandera 'koneng' lain dina harti eta pan? it's ok-ok saja...
Tapi mun dikonci ku 'koneng' anu opat warna eta?
Uin nempo, yen karuhun teu salah pilih dina warna anu opat tea....

2.Ayeuna bandera Merah Putih, bandera Sunda ? Sah-sah saja.
da anu milihna baheula nempo warna umbul2 Majapaitna Gajah Mada anu pernah menguasai Nusantara, ceuk M Yamin anu ditugaskeunana teh.
( ulah poho, aya nagara sejen anu sarua merah putih , ngan beda ukuran!)
Jadi Merah Putih , sarua jg Merah Putihna bandera Jepang,
ngan beureumna buleud,panon poe.

Tapi kunaon Sunda Pajajaran banderana Hideung Bodas?
Teuleumaneun!
Nagara mana anu make bandera Hideung Bodas?

Dina pasualan olah warna anu geus dipelajari
samangsa uin jadi mahaswiswa Arsitektur,
diguar yen hideung jeung bodas, sabenerna lain warna,
disebutna awal jg ahir ti sakabeh warna....
buktina?
mun dijieun lingkaran karton tina segmen jari2 tiap warna,
trus diputer ti porosna ....jadi bodas tah...
tapi mun ditempona dinu poek, euweuh tah sakabeh warna teh!
Make pembuktian kitu, uin jadi ngahuleng???

Teu salah tah Pajajaran milih warna Bandera.
Hideung Bodas, bisa nguntup sakabeh warna.
"Hayati dan kuasai Hitam dan Putih,
maka kamu akan menguasai semua warna,"
(Kampung Adat Sunda kg Maki,di Sindang Barang, Bogor,
HideungBodas warna bandera/umbul2na. )

Uin mimiti pelajaran menggambar tina patlot hideung,
tuluy pen tinta hideung ahirna..... karak make warna2...
dina kertas gambar warna bodas.
Salila dua taun,
Unpar tea! anu teu kuat, pada kaluar,( angkatan uin aya kl 10 urg.)
Nepi ka kitu metoda pengajaran di arsitektur sadunya teh.
Tos karandapan ku uin....

Jadi mun Sunda Universal- Hideung Bodas,
Sunda Nusantara- Beureum Bodas? Sah-sah saja khaaaan?
Tah, eta buktina palsapah mah infinity itself...
Tapi kahade masalah 'kayakinan' mah
geus sakuduna keur sadirieun be,
masing2 boga pembuktian by RASA,
anu kahontal ku akal jeung katepi ku atina sewang2an.
Teu meunang ngayakinkeun komo maksakeun
pamadegan ''kudu'na ka batur.

keur sadirieun...
mun uin ngayakeun hiji upacara ritual,
banderana opat warna.anu sajajar
lain tiluhur kahandap, tp ti kenca ka katuhu.

Kadaulatan aya di dirina sewang2an.
Tapi keur ngahurmat kayakinan batur?
Geus sawadina , sakuduna dilakonan.
Teu kudu silih gorengkeun.
Caaape deh kita...!
Tapi mun aya nu ngarogahala kayakinan?
Bisa nyawa tah, tarohanana.. bener teu...?
Taaah ieu silih asah, silihsimbeuhan teh, lur?
Cag!


A. Opat Warna (beureum-koneng- bodas-hideung)
Saperti nu tiheula diebrehkeun yen simbul warna kasundaan nu utama teh nyaeta beureum-koneng- bodas-hideung, nu ngalambangkeun seuneu-angin- cai-bumi nu jadi asaling wujud dunya gede, jeung dunya leutik (diri). Tah saripati atawa acining-acining seuneu, angin, cai, bumi ieu ngajadi wujud diri ngaliwatan dahar, nginum, napas jeung barang nu diasakan. Eta 4 unsur tadi sanggeus ngajadi dina diri nimbulkeun napsu-napsu:
- napsu/sumanget baranggawe jeung kapangkatan tina acining seuneu/beureum
- napsu/sumanget ngudag kanikmatan kaasup napsu “birahi” nu asal tina acining cai/bodas
- napsu/sumanget ngudag kadunyaan (harta banda) tina acining angin/koneng
- napsu/sumanget tetep/mertahankeun naon bae nu geus kapimilik (teu aya jalma nu hayang ngalaman kamunduran).
Jadi dina hal ieu elmu Sunda mah dina perkara napsu-napsu teh teu nyalahkeun ka mahluk sejenna (setan, iblis jeung sajabana) nu sarua mahluk Gusti, tapi estuning memang ngancik jeung nempel (raket) teu pisah tina badan sakujur sapanjang hirup di dunya gede, tinggal kumaha sang kuring ngadalikeunana (ngamudina), naha rek diabur atawa rek diatur nyoko kana papagon hirup nu kamanusaan. Kuringna nu kudu boga pamilih sabab ‘sang kuring’ geus dibere wenang ku Nu Maha Wenang pikeun make diri jeung pangawasana di alam Pawenangan Gusti mah teu nyaram teu nitah, ngan sagala ucap-tekad jeung lampah teh aya karmana (hukum sabab-akibat patokan ti Nu Maha Kawasa), melak hade buah hade-melak goreng buahna goreng. Pan sang kuring teh asal ti Nu Maha Suci (Cahyaning Gusti = Nur Allah tea ceuk tukang ngelmu mah) nu tangtu ngabogaan sipat-sipat suci. Matak aya benerna nu ngahartikeun ucapan sampurasun teh ngandung sampurna ning (dina) ingsun, dina harti ingsun teh sang kuring nu asal ti Gusti jeung teu pisah jeung Gustina.
Napsu-napsu dina diri eta aya nu hade (positip) aya nu goreng (negatip), jadi ceuk elmu Sunda mah napsu teu meunang dipaehan tapi dikadalikeun/ dikokolakeun, sabab mun diabur bakal ngarugikeun batur jeung ngarugikeun dirina, mun dipaehan bakal moal aya kahirupan manusa di dunya, matak dina legenda Sangkuriang nu ku simkuring pernah dipedar dina milis ieu. Dayang Sumbi (diri) kacida ngambekna waktu si Tumang (napsu) dipaehan ku Sangkuriang (sang kuring), buktina karek dikurangan oge waktu diri butuh dahar atawa butuh nginum teu ditedunan (puasa) apan sakitu ngambekna diri teh (beuteng kukurubukan, hanaang jeung laleuleus). Mun urang teu make eta opat unsur, tinangtu bakal leungit napsu-napsu dina diri teh .....da tangtu tiwasna.
Tah didieu aya pabedaan nu prinsip dina asal usul kajadian manusa/jalma antara elmu Sunda jeung elmu ti Timur Tengah. Sakanyaho simkuring elmu ti Timur Tengah mah (Yahudi-Kristen- Islam), yen cenah jalma teh dijieun tinu taneuh, terus ditiupkeun roh (angin), ari syetan dijieun tinu seuneu, malaikat dijieun tina Cahaya (duka tah nu asal tinu cai jadi mahluk naon? Simkuring teu apal, manawi kiduluraya nu terang, bejaan simkuring). Jadi aya sababaraha mahluk, sedengkeun dina elmu sunda mah gumulung jadi jalma tea. Jadi ngandung harti dina elmu sunda mah, bisa diibaratkeun setan jeung malaikat teh gumulung ngancik dina diri manusa, matak pantes ucap-tekad-lampah hade atawa goreng teh aya nu nyatet atawa kacatet ku dirina sewang-sewangan.
Bukti kalinuhungan luluhur Sunda, geura mun dilenyepan kajadian wujud diri asal tinu cahaya beureum-koneng- bodas-hideung teh, geuning nyatana universal atawa cocog keur sadunya, da buktina jalma di dunya teh geuning bisa digolongkeun (kelompok) kana bangsa kulit merah (Indian), bangsa kulit kuning (Indocina), bangsa kulit putih (Eropah), jeung bangsa kulit hitam (Negroid). Can ngareungeu aya bangsa kulit bulao atawa bangsa kulit hejo/ungu jsb.
Ari bangsa Sunda (Malayu) kaabus golongan mana ? Apan cenah bangsa urang mah kaabus golongan bangsa kulit sawo matang nu hartina aya campuran nu saimbang antara beureum-koneng- bodas-hideung (unsur nu 4). Tah...tah... tah...mun kitu nyoko kana palsapah ieu, sabenerna urang Sunda kudu nganuhunkeun ka Gusti Nu Maha Suci, sabab sabenerna bangsa Sunda kacida pantes jeung meujeuhna ngajadi bangsa manusa nu utama teh, sualna aya dina kasaimbangan unsur nu ngabentuk dirina, oge dirojong ku alam/lemah-caina nu oge saimbang sagala aya nyukupan pangabutuh pangeusina (mun bener ngokolakeunana) .. Matak ceuk elmu sunda mah ari kuring teh (lain nu aya di lalaki bae, awewe ge sarua hakna) kudu bisa boga pamajikan 4 kalayan adil, sabab kakurangan atawa kaleuwihan salah sahiji unsur bae matak pigeringeun. Contona loba teuing beureum awak bakal panas/demam (sipat lahir) atawa loba amarah/gancang ambek (sipat batin)
Hayu urang aji nu lianna tutungkusan hasil kalinuhungan luluhur dina perkara opat warna ieu, geura urang purak dina pawayangan. Urang gubrag jeung ngalalakon di dunya ku luluhur urang digambarkeun lir ibarat wayang, tah sajeroning milampah kahirupan gumelarna wayang, tangtu dipirig ku gamelan wayang, nu marengan dina metakeun ucap tekad jeung lampah eta sakabeh wayang kalayan ninggang dina wirahmana. Saha nu mirigna? Ceuk dina wayang disebutkeun “wali sasanga” (ke tunda guaran perkara wali sasanga ieu-teundeun di haneuleum sieum), urang guar bae alat gamelanana. Eta gamelan sarupaning saron, kenong, goong jsb, tetekon nu aslina mah kudu dijieun tina bahan perunggu, ari perunggu teh mangrupakeun campuran logam tina tamaga (beureum), kuningan (koneng), perak (bodas) jeung beusi (hideung), malahan gamelan pusaka mah sok oge nu ditambahan emas (koneng nu aya ajen).
Tuh geuning nyata kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur teh natrat pisan, eta nepi ka kapikir pikeun ngagabarkeun kahirupan manusa di dunya nu salawasna make diri nu asal ti 4 unsur acining, dilarapkeun kana lakuning wayang nu dipirig gamelan nu oge dijieun tina 4 warna nu nyimbulkeu, asal diri.
Ayeuna lumpat kana tokoh wayangna, di alam Kahiyangan (Mayapada) aya Batara Brahma nu ngawasa seuneu (warna wayangna beureum), Batara Bayu nu ngawasa angin (koneng), Batara Indra nu ngawasa cai (bodas), jeung Batara Wisnu nu ngawasa bumi (hideung), tambah Batara Sambu nu hartina sembada (cageur lahir-cageur batin). Eta 5 dewa batara (papat kalima pancer) teh turunan (derivasi/penjabara n) ti Sanghiyang Manikmaya (manik = mustika/sostya/ mani; maya = cahaya mancur => cahaya mancur nu asal tina mani = diri keneh bae), pon kitu deui di alam Marcapada, tingali kulawarga punakawan :
  1. Semar ngawakilan simbul beungeut bodas, awak hideung nu hartina tetep dina kasucian atawa katetepan ti Nu Maha Suci, semar ngagambarkeun rasa/batin nu bersih, matak Semar mah teu boga kalangkang, disebut lalaki tapi bujurna gede jeung pinareupna jiga awewe. Jadi lalaki lain awewe lain (kitu gambaran luluhur pikeun ngagambarkeun batin/rasa),
  1. Dewi Sutiragen pamajikan Semar nu dina wayang digambarkeun geulis (Dewi = awewe utama/linangkung, Suti tina siti/ksiti nu hartina taneuh; ragen tina kecap ragi-an), jadi Sutiragen teh ngandung harti ragi/acining taneuh, naon tah?.... Nya diri atawa raga keneh, matak pantes pamajikan nu hartina pangancikan rasa/batin teh taya lian iwal dina raga/diri/lahir nu asal tina acining taneuh. Sutiragen digambarkeun geulis, nya tangtu bae sabab diri manusa teh mangrupakeun ciptaan Nu Kawasa nu paling sampurna dibanding mahluk sejenna, jeung di dunya ieu, naha aya jalma sehat nu teu micinta kana dirina.
  1. Cepot atawa Sastrajungga (sastra = tulisan, jingga = beureum) ngawakilan simbul beureum asal dicipta tina kalangkang semar, matak boga watekna kasar, babari ambek, ngomong saengangna).
  1. Dawala dicipta tina angin, warna wayang Dawala koneng, ngagambarkeun angin, Dawala ngabogaan irung nu gede jeung panjang (ngagambarkeun lawang napas nu asal ti angin), matak karakter Dawala mah angin-anginan.
  1. Gareng, tah Gareng mah dicipta tina rerenteng nu ngagambarkeun rerenteng hirup dina ngumbara di alam dunya bakal kasampeur/kaalaman sarupaning hade-goreng, ngeunah-teu ngeunah, susah-senang, cageur-gering jsb.
Patempatan Semar di Karangtumaritis, nu hartina tempat pada nitis, nyaeta dunya leutik (diri) tempatna pikeun nitis (titisan indung-bapa, jeung bakal nitiskeun anak katurunan), oge nya dunya gede (lemah cai) tempatna para titisan.
Tah ku guaran ieu, naha rek mungkir kana luhungna elmu kisunda?, naha tetep boga anggapan yen wayang teh asal ti India ?, naha teu reueus jeung ajrih ku kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur sorangan? Naha rek era ngaku jadi urang Sunda?, Naha rek cicing, teu era ku kamotekaran luluhur? Iraha atuh rek ngajenan luluhur sorangan teh?....mangga teu langkung.
Tah kidulur, rada mundel simkuring ngaguar tina palsapah pawayangan teh, ngan can kaboro nuliskeun jadi buku, memang kahareup simkuring boga niat ngaguar lengkep makna pawayangan Purwa ti awitan Sanghiyang Wenang.
B. Warna beureum-bodas
Harti simbul warna Sunda, kacida euyeubna. warna beureum-bodas, bisa ngalambangkeun getih beureum nu asal ti indung jeung getih/geutah bodas nu asal ti bapa. Dua warna ieu oge ngalambangkeun asal kajadian atawa sajarah diri urang. Dina elmu Sunda pangheulana ngajenan teh kudu ka indung-bapa, sabab indung bapa nu jadi cukang lantaran gumelarna urang kadunya. Indung bapa nu jadi juru salamet urang teh, da buktina kanyaah indung-bapa ti mimiti dikandung nepi ka geus rarumah tangga baroga budak deui ge kanyaah-kaasih indung-bapa moal pegat, geus jadi babasan kanyaah kolot ka anak mah : leutik ku leutikna, gede ku gedena, hade ku hadena, goreng ku gorengna jsb, matak simkuring mah teu ngarti ku jalma nu leuwih mikareueus kolot/luluhur batur tinimbang kolot/luluhur sorangan. Sakuduna urang nempatkeun kolot/indung bapa di tempat/kadudukan nu luhur, matak dina adat tradisi nyieun imah, sok disimbulkeun masang bandera beureum-bodas dina tihang/kai suhunan nu pangluhurna (bagean suhunan naon tah kang Oca disebutna eta teh?).
Beureum-bodas oge ngalambangkeun kawani jeung kasucian, nu hartina wani merjuangkeun kabeneran, mun salah-salahkeun, mun bener benerkeun, ngadek sacekna nilas saplasna.
Beureum bodas oge sok dipake pasaratan dina sasajen mangrupa gula beureum jeung uyah. Beureum bisa ngandung napsu/sumanget berjuang nu kudu dimbangan ku rasa/batin (uyah sok disebut oge panyari rasa), oge sok aya bubur beureum-bubur bodas.
Tah mun ningali dina perkara beureum-bodas, eta nempatkeun beureum teh salawasna di luhureun bodas, ieu teh ngandung maksud yen paugeran Sunda mah geus luhung nempatkeun indung (awewe) teh saluhureun bapa (lalaki), pon kitu deui dina kekecapan atawa dina papatah sok diheulakeun, saperti : ‘indung-bapa’ (tara nyebutkeun bapa-indung) , ‘indung nu ngandung-bapa nu ngayuga’; ‘indung tunggul rahayu-bapa tangkal darajat’ (tara bapa tangkal darajat-indung tunggul rahayu), ‘wujud asal ti indung-adat asal ti bapa’, indung beurang, indung leungeun, indung suku, indung poe, indung peuting, jsb. Nyata bedana jeung paugeran bangsa Timur Tengah (punten sanes agamana) nu nempatkeun awewe leuwih handap ti lalaki.
Tah ku guaran ieu, mudah-mudahan aya mangpaatna keur kidulur, mangga disuhunkeun pamairanana, dina perkara 4 warna ieu, atawa mun kidulur aya nu apal kana guaran warna lianna saperti bulao, hejo jsb, mangga geura alungkeun dina jejer ieu.
Cag ah, ambuing....ambuing. .....aduh aya anak.....geuning panjang ieu guaran teh......... .hampura ingsun bisi aya nu teu sapagodos.
Leres warna beureum, koneng, bodas hideung teh ngallambangkeun palsafah Sunda nu ngahartikeun asal kajadian dunya gede (alam semesta) jeung asal dunya leutik (diri). Dupi hartina, nyaeta :
- beureum ngalambangkeun seuneu
- koneng ngalambangkeun angin
- bodas ngalambangkeun cai
- hideung ngalambangkeun bumi/taneuh
Lebah dieu luluhur Sunda geus ngabogaan konsep yen ngawujudna alam semesta ieu dimimitian ku asana panas (energi) nu ngawujud jadi seuneu (luyu jeung tiori ti Barat nu dimimitian ku kajadian ledakan besar api/big bang?), tina akibat ledakan timbul ayana angin, tina angin terus ngawujud cai, nya lila-lila timbul tetep nu ngawujud jadi bumi/taneuh.
Nya sanggeus rebuan/jutaan taun lilana timbul kasaimbangan nu aya di alam teh mangrupa seuneu nu sifatna panas, angin nu sifatna hiliwir, cai nu sifatna tiis, jeung bumi nu sifatna tetep/angger. Naha cocog jeung teori ilmiah geologi atanapi geofisika... . mangga mungkin kang Oman langkung terang kana teori ieu. Nu jelas luluhur urang ge geus kabukti ngotektak kana nalungtik/ngaji alam semesta.
Tah ayeuna dina segi kajadian alam/dunya leutik (diri), luluhur Sunda geus nalungtik yen asal wujud diri teh tina saripatina seuneu, saripatina angin/udara, saripatina cai, saripatina. Katerangannana kieu:
- sagala kadaharan nu asup kana diri indung-bapa dimasak heula (nu hartina aya saripati seuneu), buah-buahan, sayuran jeung beubeutian nu teu dimasak heula oge matak jadi teh nyerep cahaya/panas panonpoe (seuneu keneh), tah lantaran eta dina wujud badan urang aya hawa haneut/panas (badan nu sehat 37 darajat Celcius).
- Indung-bapa sapanjang hirupna tangtu nginum cai (inuman atawa tina buah-buahan) , hampasna dipiceun ngaliwatan kahampangan, kesang jsb, nu tinggal dina dirina nya saripatina,
- indung-bapa barang dahar nu asal tina taneuh (bubuahan, beubeutian, sayuran) nu asal ti bumi (taneuh), tangtu ngandung sari pati taneuh, nya dituang saripatina nu dibutuhkeun jadi diri, hampasna dipiceun ngaliwatan B.A..B.
- sapanjang hirup indung-bapa tangtu "ngala nyawa" (napas) aya nu diabuskeun/diseuseu p jeung aya nu dikaluarkeun nu asalna tina angin/udara. tah nu abus diarah saripatina, hampasna dipiceun.
Tah eta saripati seuneu-angin- cai-bumi nu "dikonsumsi" ku indung-bapa lian ti jadi wujud jeung jadi tanaga indung-bapa teh nya ngajadi bahan pi-dirieun (sel telur jeung spermatozoid) , nu sanggeus ngabuah nya ngembang ti mimiti satitik jadi sagede orok nu asal tina 4 unsur tadi ngaliwatan indungna (dina kandungan), nya sanggeus gubrag kadunya oge tetap ngagunakeun 4 unsur tadi.
Tah eta unsur-unsur teh ngandung sifat atawa mangaruhan kana sifat jalma, warna beureum kana napsu amarah, koneng kana napsu dudunya, bodas kana napsu birahi, bodas kana napsu kakawasaan.
Tah ieu simbol warna nu 4 ieu oge dipake dina tetekon pawayangan, nyaeta : Semar (bodas jeung hideung), Cepot (beureum), jeung Dawala (koneng). Ke ku simkuring dimana cukup waktu rek dipedar naon palsafah wayang Sunda.
Tah kitu sakaterang simkuring mah kang Tirta dina perkara harti simbol palsafah warna.
Simkuring ngaluuhan oge kana acara Hanggara Kasih di Taman Mini eta,malahan saacanna oge kungsi gunem-catur jeung manehna. Memang manehna meunang kanyaho nu ditulis jeung disumebarkeun teh, cenah pangalaman atawa pamanggih manehna tina hasil nyucruk diri-nyuay badan-ngotektak raga, jeung pangalaman batinna panggih jeung paguneman jeung luluhur Sunda di wewengkon Sirnagalih-Bogor. Kamotekaran kang Haris Suryar teh nyaeta ngemas eta pamanggih jeung kanyahona dilarapkeun sacara ilmiah kalayan ngagunakeun media/teknologi unggul.




Tina BABASAN jeung PARIBASA
Alam dunya nu éndah ieu dicipta ku Pangeran. Kusabab diciptana ku Pangéran, tangtu rupa atawa wanguna hadé jeung sampurna. Kasampurnaan alam ieu sok dipaké pikeun siloka kaasup dina babasan jeung paribasa. Karancagéan kolot baheula enggoning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan hirup jeung kahirupan, salah sahijina dina wangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam éta. Model atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda make conto alam, boh manuk boh mangrupa sato. Diantarana ranggon –ti manuk ranggon; julang ngapak, badak heuay, tagog atawa jogo anjing, jeung galudra ngupuk.

Cara niru ka alam oge aya dina ngagambarkeun kageulisan hiji wanoja, ditataan maké rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jentre: angkeut endog sapotong, ramo pucuk eurihan, lambéy jeruk sapasi, halis ngejelér paéh, cangkéng lenggik nanding papanting, taar teja mentrangan, damis kuwung-kuwungan, bitis héjo carulang, jst. Jadi kageulisan atawa kaendahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam. Malah sangkan leuwih afdol, simbol tina rupa alam dijentrekeun jeung kaayaananana pikeun mastikeun nu dimaksud kalayan sampurna. Saperti dina ngagambarkeun gado, nu geulis mah disebutna oge angkeut, nu hade diibaratkeun ku rupa endog tapi kudu sapotong. halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup mah duka kumaha rupa halis teh. Jadi sangkan ngajepatna hade, teu usik teu malik luhureun panon, nya dipaehan heula tah si jeler teh!

Eusi babasan jeung paribasa diantarana ajaran moral atawa etika nu oge bisa disebut falsafah pikeun ngalakonan hirup. Ilaharna mangrupa siloka atawa perlambang nu ngandung harti jero bari dirangkéy ku basa nu ringkes, jadi gampang ngingetna. Karasana pantes kénéh dipaké ayeuna oge jaga, teu keuna ku waktu kadaluwarsa da teu make bahan tambahan siga formalin.

Mun urang bingung kudu kumaha gaul boh jeung papada manusa atawa jeung mahluk liana, aya jurusna, diantarana kudu hade gogog hade tagog -siloka maké sipat kaayaan sampurna sato nu aya di alam. Pihartieunana, hirup kudu hade dina nyarita oge dina tingkah laku, ucapan jeung kalakuan kudu sarua alusna.

Sababaraha babasan atawa paribasa make kecap injeuman tina rupa atawa wangun, nyaeta pasagi, buleud jeung segitilu. Kecap pasagi aya dina dina babasan hirup kudu masagi. Naon sababna prak-prakan hirup nu hade diibaratkeun kana rupa pasagi?

Masagi téh kecap gawé ti kecap kaayaan atawa sipat pasagi. Nu disebut pasagi nyaeta rupa kotak – rupa nu dijieun ku opat sisi nu sarua ratana atawa lempengna, tur ukuranana sarua. Pasagi nunjuk ka rupa nu sampurna dina kanyataanana Biasana dilarapkeun utamana dina perkara ngalakonan urusan dunya jeung ahérat atawa agama jeung darigama tea. Sipat pasagi ngandung harti yén hirup téh boga sisi atawa widang nu teu ngan hiji atawa sarupa. Sagala widang kahirupan kudu dilakukeun kalayan saimbang. Cara urang hirup ayeuna di dunya, salian ti kudu mikirkeun kaperluan hirup di dunya, oge kudu kukumpul amal-ibadah pikeun bekel engké jaga di aherat. Ogé yén urang kudu sagala bisa atawa mahér sagala rupa, sabab hirup teh teu gampang jeung loba pisan unak-anikna nu urang kudu bisa sangkan urang hirup teu kadungsang-dungsang sangsara alatan euweuh kabisa. Ringkesna, pasagi dijadikeun conto kumaha hirup kudu dilakonan. Sipatna tindakan atawa kalakuan.

Duka kumaha sasakalana, pasagi éta dina basa Indonesia mah maké mamawa bujur sagala, enya, bujur sangkar tea. Sigana sangkar teh ti basa Minang pikeun pasagi, da di Sumatera Kulon aya lembur ngarana Batusangkar, pastina di dinya aya batu nu rupana ngaharib-harib ka rupa pasagi. Kecap sangkar éta tuluy dipaké oge pikeun rorompok manuk dina basa nasional, sanajan rupana geus teu pasagi deui.

Rupa pasagi teu pati jentré ayana di alam. Dina ayana oge sigana ngan ukur ngaharib-harib, teu saklek rupa pasagi. Da ongkoh rupa pasagi mah dijieun ti opat sisi nu tiap juruna kudu nyékon -kecap ti parabot tukang bas, pasékon- nu hartina opat juruna mun diukur persis 90 darajat téa. Rupa pasagi loba dipaké pikeun wangun parabot sapopoé nu dijieun tina awi, diantarana nyaéta bésék, pipiti, suku boboko, hihid jeung sajabana. Rupa pasagi nu kawentar kamana-mendi utamana pikeun muslim sabab sok di datangan ari naik haji tangtu Ka’bah di Mekah. Ceuk si cenah, harti Ka’bah atawa kufah teh cenah pasagi. Kaligrafi nu tulisanana ngaharib-harib ka rupa kotak disebut kufah atawa kufik.

Salian ti rupa pasagi, rupa atawa wangun nu dipaké dina babasan nyaéta buleud. Cara dina kalimah “Niat kudu buleud”. Rupa buleud teh dijieun tina garis nu tungtungna panggih, bari jarak ti tengah ka unggal sisi sarua. Dina Matématika mah istilah na “jari-jari atawa “r”, tina radian atawa radius téa. Niat urusanana jeung sikep yakin, patali ogé jeung sikep méntal. Pikiran jeung tindakan ngahiji, siga garis buleud.

Rupa atawa wangun buleud aya jeung loba di alam. Diantarana panonpoé, bulan, katumbiri, ombak leutik dina balong mun urang nyemplungkeun batu, daun taraté, jsb. Dina parabot vernakular nu tina awi, rupa buleud dipaké pikeun rupa tampir, nyiru, telebug, téténong, ayakan, jsb.

Rupa buleud sok dipake perlambang kasampurnaan nu sipatna ideologis kaasup tauhid atawa kaimanan. Bulan atawa panonpoé nu rupa dasarna buleud dipaké pikeun lambang nu islami. Ngan sangkan teu pahili jeung sorabi, bulan digambarna sapasi, ongkoh sangkan masih aya tempat pikeun béntang. Panonpoe dijadikan lambang salah sahiji ormas Islam -sangkan teu pahili jeung rupa buleud séjéna- ditambahan ku garis nu nyebar ti sisi buleudan nu hartina cahaya. Lambang bendera Jepang buleud beureum, nyimbolkeun panonpoe isuk-isuk. Pikeun ngagambarkeun manusa suci, dina seni lukis Nasrani, sirah manusa sok dibéré buleudan bodas nu disebut halo. Dina pulitik (nipu rahayat leutik) sok kadéngé istilah kebulatan tekad hiji partey atawa rombongan manusa dina raraga ngadukung hiji calon.

Rupa séjén nyaéta nyungcung. Cara dina kecap “ka balé nyungcung” siloka pikeun dirapalan atawa akad nikah. Balé nyungcung ieu babasan pikeun tempat suci atawa sakral utamana masigit. Sigana baheula akad nikah umumna dilakukeun di masjid supaya leuwih afdol sabab tempat suci jeung ari nikah teh apan upacara suci ogé. Suhunan masigit baheula umumna maké suhunan model tropis nu numpuk siga gunung. Pangluhurna biasana segitilu lobana opat nu dipasangkeun condong pahareup-hareup, ngawangun rupa limas. Suhunan modél kitu biasana disebut limasan, tapi katémbong ti hiji sisi mah segitilu. Jadi istilah nyungcung téh pikeun rupa limas nu dijieun tina opat segitilu. Dina suhunan, segitilu ieu dua sisina nu tangtung sarua panjangna jeung sarua darajat condong atawa miringna. Beh dieu, suhunan masjid aya nu meunang impor ti tanah Arab, nya kubah téa nu rupana belenong. Sanajan sabenerna mah rupa kubah ieu ogé dijadikeun suhunan katédral cara di Italia ogé Russia.

Rupa nu ngaharib-harib ka segitilu aya di alam, contona gunung Cikuray di Garut, siga pisan segitilu: dua sisi condong panggih di puncak, nu hiji mah ngadapang dina taneuh. Dua sisi nu condong éta nyiptakeun rupa nyungcung nu nunjuk ka langit –dihartikeun nuju ka Pangéran. Jadi kaharti mun ku karuhun gunung dianggap suci atawa sakral, salian ti tempat bijilna cai pikeun kahirupan, oge dipaké pikeun tempat muja, tempat karamat, makam atawa astana, nu ayeuna sok disebut situs purbakala atawa sajarah tea. Kusabab di Mesir mah euweuh gunung cara di urang, nya Fir’aun nyieun gugunungan badag nu disebut piramid tea nu umumna dipake pikeun nyimpen jasadna.

Rupa atawa wangun nu aya di alam dunya ieu loba pisan jeung moal kaitung. Ku manusa modéren kaayaan kitu disederhanakeun atawa diringkes kana tilu rupa dasar, nyaéta pasagi, segitilu jeung buleud. Eta tilu rupa dasar dipaké dina élmu Matematika utamana Géometri jeung dina éstetika Seni Rupa. Duka kumaha sasakalana, éta rupa dasar téh aya dina babasan atawa paribasa di urang cara conto di luhur. Tapi dina henteuna aya patali marga, bisa jadi sarua dina inditna: sarua nyokot conto rupa dasar nu aya di alam, dumasar kana kasampurnaan alam jieunan Pangéran. Nu jelas, masing-masing rupa éta sanajan dina wanda nu béda tapi sarua ngandung pihartieun kaayaan sampurna atawa suci. Pasagi pikeun ngagambarkeun kalakuan nu sampurna, buleud pikeun tékad atawa kayakinan nu sampurna, segitilu pikeun tempat nu sampurna –dina harti suci atawa sakral.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang