TATABASA SUNDA

Tatabasa Sunda
#Kecap téh nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap téh nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.

1. Wangun Kecap
Kecap-kecap dina basa Sunda bisa dipasing dumasar kana wangun jeung warnana.

Wangun Kecap
nya eta...
#Asal kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
contona: useup, korsi, lumpat, beuli, udud, panas, hujan, geulis, jst.
#Rundayan kecap asal anu geus dirarangkénan
dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.

Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924 . Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék.
1. Rupa-rupa Rarangkén

Dina basa Sunda, aya opat rupa rarangkén:

* Rarangkén hareup
* Rarangkén tengah
* Rarangkén tukang
* Rarangkén barung

1. 1. Rarangkén hareup

Rarangkén hareup (en:afix}), nyaéta rarangkén anu ngantét dihareupeun kecap dasarna.

* N-, di-, ka-, pa-, pi-

* barang-, silih-, pang-
* ti-, ba-, ting-, pada-, para-
* per-, sang-, si-

1. 2. Rarangkén tengah

Rarangkén tengah (en:infix), nyaéta rarangkén anu nyalusup ditengaheun kecap dasarna.

* -in-, -ar-

1. 3. Rarangkén tukang

Rarangkén tukang (en:suffix), nyaéta rarangkén anu ngantét ditukangeun kecap dasarna.

* -an,-eun,-keun,-na

1. 4. Rarangkén barung

Rarangkén barung (en:confix), nyaéta leuwih ti hiji rarangkén anu dipakéna babarengan, anu upama dileungitkeun salah sahiji, éta kecap jadi euweuh hartina.

* ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun
* pika-, pika--eun, sa--eun

2. Conto

Contona, tina kecap serat bisa dirundaykeun jadi :
Kecap Katerangan Kecap Katerangan Kecap Katerangan
1. serat
30. diseratkeunana 15 + -na 59. disareratna
2. nyerat N- + 1 31. kaseratkeunana 16 + -na 60. kasarerat
3. diserat di- + 1 32. silihseratan silih- + 5 61. kasareratna
4. kaserat ka- + 1 33. silihseratanana
62. nyareratan
5. seratan 1 + -an 34. silihseratkeun
63. nyareratanana
6. nyeratan N- + 5 35. silihseratkeunana
64. disareratan
7. diseratan di- + 5 36. panyeratan
65. disareratna
8. kaseratan ka- + 5 37. panyeratanana
66. disareratkeun
9. paseratan pa- + 5 38. pangnyeratkeun pang- + 14 67. disareratkeunana
10. serateun -eun + 1 39. dipangnyeratkeun di- + 38 68. sarerat 1 + -ar-
11. piserateun pi- + 10 40. dipangnyeratkeunana
69. sareratna
12. pinyerateun pi- + 2-eun 41. pangnyeratankeun
70. sarerateun
13. seratkeun 1 + -keun 42. dipangnyeratankeun
71. sarerateunana
14. nyeratkeun 2 + -keun 43. dipangnyeratankeunana
72. sarerataneun
15. diseratkeun 3 + -keun 44. serataneun
73. sarerataneunana
16. kaseratkeun 4 + -keun 45. serataneunana
74. sareratkeun
17. seratna 1 + -na 46. seratkeuneun
75. sareratkeuneun
18. nyeratna 2 + -na 47. seratkeuneunana
76. sareratkeuneunana
19. diseratna 3 + -na 48. mangnyeratkeun N- + 38 77. pipaserataneun pi- + pa- + 44
20. kaseratna 4 + -na 49. mangnyeratkeunana
78. pipaserataneunana
21. seratanana 5 + -na 50. mangnyeratankeun
79. pikaserateun
22. nyeratanana 6 + -na 51. mangnyeratankeunana
80. pikaserataneunana
23. diseratanana 7 + -na 52. sinerat 1 + -in- 81. pidiserateun
24. kaseratanana 8 + -na 53. sineratna
82. pidiserateunana
25. paseratanana 9 + -na 54. barangserat barang- + 1 83. pimangnyeratankeun pi- + 50
26. serateunana 10 + -na 55. barangseratan
84. pimangnyeratankeunana
27. piserateunana 11 + -na 56. nyarerat 2 + -ar- 85. pimangnyeratkeun
28. pinyerateunana 13 + -na 57. nyareratna
86. pimangnyeratkeunana

#Rajékan kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
#Kantétan kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.

2. Warna Kecap

Warna/Rupa Kecap kabagi dua:
kecap ... nyaéta ...
Kecap Lulugu barang kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.
sulur kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.
pananya kecap anu dipake pikeun nanya
pagawéan kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna.
sipat kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.
bilangan kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.
Kecap Pancén panganteb kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).
panganteur kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés.
panambah aspék kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.
panambah modalitas kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén.
pangantét kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana.
panyambung kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah.
panyeluk kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan.

3. Kecap sulur

Kecap sulur aya sababaraha rupa:

* kecap gaganti jalma
* kecap gaganti milik
* kecap panuduh

3. 1. Kecap gaganti jalma

Kecap gaganti... kecap..' dipaké dina kaayaan... conto kalimah
#jalma kahiji tunggal sim kuring lemes, resmi ...
abdi lemes, teu resmi ...
kuring / déwék / urang loma ...
kami / kaula loma, ngaluhurkeun ajén sorangan ...
aing kasar ...
loba sim kuring sadayana lemes, resmi ...
abdi sadayana lemes, teu resmi ...
kuring saréréa loma ...
#jalma kadua tunggal bapa / ibu
(jsb. nu dianggap mancakaki) lemes, ka anu dipihormat ...
anjeun lemes, ka sapantaran ...
manéh / silaing loma ...
sia kasar ...
loba aranjeun lemes ...
maranéh loma ...
hidep saréréa lemes, ka sahandapeun ...
#jalma katilu tunggal mantenna lemes, ka nu dipihormat ...
anjeunna lemes ...
manéhna, inyana loma ...
loba aranjeunna lemes ...
maranéhna loma ...

3. 2. Kecap gaganti milik

Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréa

3. 3. Kecap panuduh

Kecap panuduh wacana
ieu
éta
kitu
kieu

#Kecap panuduh luareun wacana
kecap... dipaké pikeun... conto kalimah
#dieu nuduhkeun nu deukeut ...
#dinya nuduhkeun nu rada deukeut ...
#ditu nuduhkeun nu jauh ...

4. Kecap pananya

Kecap... dipaké pikeun nanyakeun ... conto kalimah
#naon barang, hal, sasatoan, tutuwuhan ...
#saha jelema, malaékat, Pangéran
#mana tempat, hal ...
#iraha waktu Iraha anjeun badé ka dieu?
#naha sabab-musabab, kalakuan ...
#kumaha cara, kaayaan ...
#sabaraha jumlah, bilangan ...
iraha anjeun bade ka dieu?

5. Kecap pagawéan

Ciri-ciri kecap pagawéan:

* umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
* teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét
* teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling ...
* bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas

6. Kecap sipat

Ciri-ciri kecap sipat:

* bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
* bisa dituturkeun ku kecap kacida, pisan, jeung naker
* bisa dirarangkénan ku pang-...-na
* bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida ...-na

7. Kecap panganteur
#kecap panganteur pagawéan
"bus asup nyah beunta nging/hing ceurik
"segruk ceurik am dahar jol datang
"rap dibaju deker digawé gék diuk
"reg eureun geleber hiber sedut/dut hitut
"kuniang hudang belenyéh/nyéh imut gedig indit
"léos indit kécéwér/wér/cer kiih blug labuh
"beretek/berebet lumpat jleng luncat geleser maju
"belewer malédog brus mandi térékél naék
"gampleng nampiling blak nangkarak jung nangtung
"sebrut narajang habek neunggeul lek neureuy
"lar ngaliwat bluk ngangkuban biur ngapung
"golédag ngedeng gewewek ngégél réngkénék ngigel
"leguk/regot nginum burusut ngising pok ngomong
"celengkeung ngomong trét nulis gaplok nyabok
"gap nyagap sirintil nyampeurkeun gantawang nyarékan
"kerewek nyekel cong nyembah crot nyiduh
"celengok nyium kop nyokot bluk nyuuh
"reup peureum dug saré barakatak seuri
"ceuleukeuteuk seuri cakakak seuri cikikik seuri
"lep teuleup eureuleu teurab clak tumpak
"luk tungkul jrut turun nyot ngenyot
"pelenyun udud cat unggah orolo utah

#kecap panganteur kaayaan
"béréwék soék bray beurang bray muka
"bray caang breg hujan cep tiis
"gejebur kana cai jedak diadu jeduk tidagor
"jegug sora anjing jegur sora marieum jentréng kacapi
"jep jempé jeprut pegat kecebuk sora cai
"kecemplung kana sumur kepluk murag kérésék sora daun
"ketruk sora sapatu les leungit paralak hujan
"pédénghél keuheul peledek bau hitut pes pareum
"pleng ambleng plong ngemplong prung pegat
"prung ngamimitian pudigdig ambek rekét sora panto
"rob ngarogrog rup dirungkupan seguk sora kolécér
"semprung pegat sruk-srék sora ragaji trong

@@@Kalimah
kalimah nya eta wangun katatabasaan miwujud kecap atawa runtuyan kecap nu puguh adeganana pikeun ngebrehkeun pikiran kalwan gembleng diwatesan ku lentong
Babagian Kalimah:
1) Kalimah ditilik tina jumlah klausa
a) Kalima salancar
(1) Kalimah salancar inti:
      - lanceukna mah tukang cukur
      - Barudak lalumpatan
(2) Kalimah salancar jembar:
      - barudak lalumpatan ka jalan
b) Kalimah ngantet. diwangun ku hiji klausa atawa leuwih.
(1) kalimah ngantet sadarajat, nya eta kalimah ngantet anu diwangun ku dua klausa atawa leuwih anu sadarajat, contona:
     - manehna teh beunghar tapi tara daek mere jakat
     - barang manehna datang, bel asup kakara disada
(2) Kalimah ngantet seler-sumeler, nya eta kalimah ngantet anu diwangun ku dua klausa atawa leuwih anu henteu sadarajat. salah sahiji klausa lulugu, contona:
     - sabot kuring maca, adi kuring ngagambar
     - Waktu hayam kongkorongok tabuh tilu, kuring indit.
     - Najan Dedi embungeun dahar ayeuna, kuring am bae dahar

2) Kalimah ditilik tina Fungsina
a) kalimah wawaran : nya eta kalimah anu eusina ngawawarkeun, mere beja kanu lian tur miharep responsi nu mangrupa paniten wungkul.
b) Kalimah pananya: nya eta kalimah anu biasa dipake pikeun nanyakeun tur miharep jawaban sacara verbal
c) kalimah panitah: kalimah anu eusina pikeun nitah batur sangkan milampah pagawean atawa miharep responsi nu mangrupa tindakan

3) Kalimah ditilik tina wangun caritana
a) Kalimah barang ; kalimah anu caritaanana diwangun ku kecap atawa frasa barang, conto rante beusi, meja kai
b. Kalimah pagawean: kalimah anu caritaanana diwangun ku kecap atawa prasa pagawean contona: kuring balik, iwan sare
c. Kalimah kaayaan: kalimah anu caritaanna diwangun ku kecap/frasa kaayaan, contona: Neng nina langkung alit

1 komentar:

  1. GAYA BASA DINA BASA SUNDA

    Dina basa Sunda nu jembar ku basa,ngabogaan GAYA BASA SUNDA (GBS) nya eta :
    1.GBS Ngumpamakeun ( Simile)
    Nyaeta ungkara nu ngabandingkeun hiji barang sejen nu sipatna nembrak.
    GBS Ngupamakeun sok ngagunakeun kecap babandingan : asa,cara,siga,kawas ,lir,jeung ibarat.

    2.GBS Lalandian ( Metafora)
    Nyaeta sesebutan khusus anu dilarapkeun ka jalma atawa kana barang nu diluyukeun jeung kaayaan barang,jalma atawa tempat anu dilandina.

    3.GBS Mijalma (Personifikasi)
    Nyaeta ungkara nu mapandekeun hiji barang,tatangkalan atawa sasatoan milampah pagawean kawas manusa.Maksud digunakeun GBS Mijalma pikeun ngantebkeun harti jeung rasa basa anu dikandung ku hiji kalimah.Biasana mindeng kapanggih dina karangan sastra.

    4.GBS Ngasor (Litotes)
    Ungkara nu ngahandapkeun kaayaan diri sorangan.Maksudna ngarah nu nyarita henteu katembong agul/sombong atawa hayang ngajenan kanu diajak nyarita.

    5.GBS Ocon (Metonimia)
    Ungkara nu ngagunakeun hiji kecap pikeun ngebrehkeun hubungan hiji barang jeung barang sejen lantaran miboga hubungan nu kawilang raket.

    6.GBS Sindir (Alegori)
    Ungkara nu eusina sindir(teu togmol)Maksudna ngarah nu diajak nyarita henteu eraeun /ambek.GBS Sindir aya tilu bagian :
    a.Ironi
    b.Sinisme
    c. Sarkasmeu
    7.GBS Rautan ( Eufimisme)
    Ungkara nu ngalemeskeun kecap ngarah kadengena sopan ku jalma nu diajak nyarita.

    8.GBS Rarahulan(Hiperbola)
    Ungkara nu ngagunakeun kecap nu karasana kaleuleuwihi,rahul atawa bohong.Ilaharna digunakeun pikeun ngagambarkeun kaayaan sangkan leuwih anteb.

    9.GBS Kadalon ( Pleonasme)
    Ungkara nu karasana kaleuwihan teuing ngagunakeun kecap.

    10.GBS Raguman (Sinekdoke)
    Ungkara nu ngebrehkeunrupa-rupa hal anu dihijikeun atawa di disabeungkeutkeun.GBS Raguman aya dua :
    a.Hurunan (totem pro parte)
    b.Tunggalan (pars pro toto)

    BalasHapus

kamandang