Di telepon ku Imam Masjid gigireun imah tadi mah, yen poe Juma’ah pamungkas dina bulan Juni ieu, wayahna cenah kudu nga-khatiban, lantaran khatib anu geus ditugaskeun ti awal taun teh, dina waktuna mah tamada pedah tacan siap materina. Cenah. Kapaksa rurusuhan nyieun konsept khutbah Jum’ah, bari nyutat tiditu-tidieu, sangkan pantes jeung kabiasaan Abah, ngan nu inget teh, sabagian dicutat tina bukuna K.H. Qamaruddin Shaleh, sawareh mah nyutat tina bukuna Drs. Sholihin Syaqiq, atuh sawareh deui tina tulisan Abah anu judulna ”Taubatan Nashuha”. Nyutat tina tilu sumber eta, jadi weh konsept Khutbah pikeun bacaeun dina poe Jumaah tanggal 26 Juni 2009 isuk.
Bismillaahirahmaanirrahiim. Assalaamu ‘alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.
Alhamdulillaahilladzii qaala fii kitaabihi iwa bil waalidaini ihsaanaa, wash halaatu wassalaamu ‘alaa nabiyyiina muhammadin jaa –a biddiinilhaqqi, basyiirawwanadziiraa.
Asyhadu anlaa -ilaaha -il lallaahu ilaahaw waahidaa, wa -asyhadu anna muhammadan 'abduhuu wa rasuuluhush shaadiqan amiinaa.
Fayaa 'ibaadallaah, ittaqullaaha haqqa tuqaa tihii, wa quuluu qaulan kariimaa. Wa qaala ta ‘aalaa fil qur-aanil kariim. Wa qadhaa rabbuka allaa ta’buduu, illaa iyyaahu, wabil waa lidaini, ihsaanaa, immaa yab lughanna, indakal kibara, ahadu humaa, au kilaa humaa, falaa taqul lahumaa, uffin, walaa tan har humaa, wa qul lahumaa qaulang kariimaa.
Hadirin ikhwatul iman sidang Jum’at rahimakumullah, Puji syukur, urang sanggakeun ka hadirat Illahi rabbi, anu parantos maparin mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadaya, utamina ni’mat iman sareng kasehatan, dugi ka urang sadaya tiasa keneh kempel riung mungpulung, shalat Jum’at dinten ieu. Rahmat miwah salam kawilujengan mugia salamina dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargana ka para shahabatna sareng ka sadaya umatna anu satia satuhu ka anjeunna tug dugi ka poe kiamah jaga.
Hadirin rahimakumullah. Dina zaman Nabi kapungkur, aya salah saurang shahabat Nabi anu jenenganana Al Qamah, anjeunna kalebet hiji shahabat anu kawilang kadeuheus ku Rasulullah, tara kakantun riung mungpulung sareng Rasul, tara kakantun shalat berjamaah di masjid, sumawonna shalat Jum’at jiga urang ayeuna mah, malah anjeunna mah tara kakantun perang dina jihad fii sabiilillah, nya kitu deui anjeunna tara kakantun shaum, teu kakantun munggah haji, oge teu pernah kakantun zakat.
Dina hiji waktos, anjeunna teu damang wales, teras dilalayad ku para shahabat, malah teras ditalqinkeun sagala rupi, ditungtun pikeun ngucapkeun kalimah tauhid “Laa ilaaha illallaah”. Ditalqinkeun dugi ka dua-tilu kalina, nanging teu metu wae, Al Qamah ngabudeg, teu kersaeun nyoara, teu tiasaeun ngucapkeun kalimah “Laa ilaaha ilallaah”. Para shahabat kacida kegeteunana, margi aranjeunna yakin, yen sing saha anu teu tiasa maca kalimah “laa ilaaha ilallaah” dina tungtung yuswana, nandakeun eta jalmi kalebet nu cilaka, kasauran Nabi dina salah sawios haditsna : “Laq qinuu mautaa kum, laa ilaaha illallaah, fa in nahu mang kaana aakhiru kalaa mihi, laa ilaaha illallaahu, dakhalal jannah” Kudu ditalqinkeun jalma nu nuju sakarat, margi sing saha jalma nu dina tungtung yuswana ngucapkeun laa ilaaha ilallaah, eta jalma aya harepan asup ka surga”
Jalaran para shahabat parantos taak nalqinan Al Qamah teu metu wae, lajeng aya nu ngahaja unjukkan ka Rasulullah, boh manawi ari dipapatahanana ku Nabi mah, sageuy teuing dugi ka teu metu bae mah, pira ge ukur sakitu-kituna.
Nalika Rasul sumping, teras nyaketan nu nuju teu damang, ku anjeunna teras diwurukkan, pikeun ngedalkeun kalimah tauhid Laa ilaaha ilallaah, nanging, Rasul kacida ngaranjugna, shahabat anu sakitu kadeuheusna teh, dina tungtung yuswana, teu iasaeun ngunikeun kalimah tauhid, Laa ilaaha ilalllah.
Lajeng Rasul tumaros :” Mana istrina ?” Lajeng istrina Al Qamah majeng kapayun, salajengna ditaros ku Rasulullah : “Ari ibuna Al Qamah teh aya keneh?” Jawab garwana : “Kantenan aya keneh mah, mung bae teu aya didieu, anjeunna teh pundung, Yaa Rasulullah.”
“Naha? Pundung ku naon? Teras garwana Al Qamah nyarios :” Pun lanceuk teh tos biasa, ari mulih ti panyabaan, atanapi ti mana bae, sok nyandak oleh-oleh kanggo nu tunggu imah, pikeun abdi sakulawarga. Hiji waktos, pun lanceuk teh sumping, bari nyandak oleh-oleh sakumaha biasana, nanging harita mah teu enggal-enggal diguar dibuka, kalah sok we disimpen, rupina sanes dihaja bade teu masihan ka Ibuna, ari Ibuna, ma’lum parantos sepuh, ujug-ujug gejlig wae bendu, bari ngantunkeun ieu rorompok, bari sasauran : “Boga anak teh, ari geus gede mah, teu inget-inget ka nu jadi indung, anak deungeun-deungeun we nu diperhatikeun teh, ka kolot mah teu inget-inget”. Ti waktos harita dugi ka danget ieu, anjeunna teh teu acan nincak deui ka ieu rorompok, bakating ku geuleuh-geuleuhna, ngewa kanu janten anak jeung minantu, kitu manawi ari sarsilahna mah, nyanggakeun sewu bebendu laksa duduka ka payuneun Rasul”.
Salajengna Rasul ngutus salah sawios shahabat, pikeun ngunjukkeun, ka Ibuna, yen putrana teu damang wales, sareng mugi kersa enggal-enggal sumping, ana diwaler teh ku Ibuna : “Mangsa bodo teuing siah, rek hirup geura neut, rek paeh geura hos, da kolot enggeus ayeuna mah, misah badan misah nyawa jeung Ibu mah, Ibu mah moal, moal kaditu, cua, geuleuh, jig we unjuk keun ka Rasulullah.
Hadirin Rahimakumullah.
Kumargi dilelemu ku para shahabat Nabi nu sanesna oge teu aya nu hasil, tungtungna Nabi nyarios ka para shahabat :” Ana kitu mah, ayeuna aranjeun kudu ngumpulkeun suluh, terus gundukkeun dipayuneun bumi anu dicalikan ku Ibuna Al Qamah, urang duruk we Al Qamah teh, tibatan engke diduruk ku seuneu naraka mah, anu panasna 70 tikeleun panasna seuneu di dunya”.
Suluh parantos ngunung-ngunung bakating ku seueur, Ibuna Al Qamah ngahaja tumaros,keur naon ngagundukkeun suluh sakitu seureurna. Diwaler ku shahabat : “Ieu suluh teh pikeun ngaduruk Al Qamah, saur rasulullah tibatan Ala qamah diduruk ku seuneu naraka anu 70 tikeleun panasna seuneu di dunya, langkung sae dibeuleum ku seuneu dunya ieu, ari margina upami Ibu teu kersa ngahampura Al Qamah, putra Ibu teh bakal manjing kana naraka, kitu kasauran Nabi ka abdi sadaya”.
Ibuna, barang ngadangu cariosan para shahabat, yen putrana bade diduruk mah, nembe manahna teh ngaleketey, emut ka putra nu dikandung ku anjeunna salapan sasih, nu dibelaan kuru cileuh kentel peujit, huap ge ngahaja dibagi dua, pikeun ngabayuan nu jadi anak, kari-kari ayeuna rek diduruk, kanyaah hiji indung kanu jadi anak, mumbul deui, teu kantos lami, bari dareuda, anjeunna nyarios ka payuneun Nabi :” Yaa Rasulullah, Ke heula, ulah waka diduruk anak Ibu teh, burung palung ge anak Ibu, deog pengkor ge anak Ibu, hade goreng ge anak Ibu, Ulah Yaa Rasululllah, ulah diduruk anak Ibu teh, bisi kudu-kudu teuing mah dihampura ku Ibu, ti ayeuna pisan ge dihampura ku Ibu, Al Qamah teh”.
Barang tamat cariosan Ibuna, lajeng Rasulullah nalqinan deui Al Qamah, teu sakara-kara, estuning lancar dina ngedalkeun kalimah tauhid Laa ilahaa ilallaah, bari kerelek, les bae pupus, mulih ka jati mulang ka asal, Al Qamah dipundut kunu Kagungan. Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji ‘uun.
Hadirin ikhwatul iman, sidang Jum’at rahimakumullah.
Upami urang nitenan kana ieu kajantenan, ti awal mula tadi ge, tos pada apal urang teh, ti awit khatib mukaddimah keneh ge tos kacangkem, yen Al Qamah bade diduruk, malah bari nundutan ge tos kajudi, lalakon bade kamana leokna. Da tos pada terang nepi ka bubuk leutikna dongeng ieu mah.
Nanging sanes eta nu janten matak muriding bulu punduk pikeun khatib mah, malah janten matak gegebegan pikeun sadirieun jisim abdi mah Gusti......
Al Qamah mah asa teu patos sabaraha kalepatanana teh, pedah eta oleh-oleh teu enggal-enggal dibuka, turta teu aya maksad moal masihan Ibuna, paling oge rada telat, henteu pok sok.
Sedeng abdi ayeuna Gusti...., upami malikan deui mangsa kapungkur, mangsa jisim abdi keur leutik, mangsa jisim abdi rumaja, malih teras dugi ka jisim abdi dewasa. Asana, seueur keneh dosa jeung kalepatan abdi ka Indung Bapa teh, tibatan shahabat Al Qamah ka Ibuna.
Geura mun ditataan mah, teu, henteu kedah ku para malaikat nu janten utusan Gusti, nu pamohalan lepatna, ieu mah nataan sorangan we heulaanan, asana teu manjing-manjing acan kasaean jisim abdi ka indung bapa teh, malah seseueurna mah mung ukur mangnyerikeun manahna wungkul boa.
Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit katugenah alatan kalakuan sareng talajak jisim abdi keur budak, ku omongan jeung ucapan jisim abdi keur rumaja, tampolana sakapeung mah jeung sentak sengor sagala kanu jadi kolot teh, utamina kanu jadi indung. Teu mustahil pun biang harita, boa dugi ka kanyeyerian alah batan Ibuna Al Qamah, ningal talajak jisim abdi harita.
Panuyun Nabi, dina dawuhanana : “Al jannatu tahtaa aqdaamil ummahaati” Ari sorga teh ayana dina dampal sampean Ibu”. tapi hih da keukeuh we harita mah, jisim abdi teh noyod, teu katodel ku sunnah Nabi, teu robah pedah aya panuyun Rasul, estuning ngancrud we, tunggul dirarud catang dirumpak.
Sanes, sanes teu apal deuih kana kanjantenan salah sawios shahabat Nabi, anu taat ka ibuna anu luar biasa, dugi ka digagandong kamana-mendi teh, alatan ku parantos sepuh tea, ari tuang dihuapan, mandi disiraman, kulem diebogkeun, salin dikawayan, anu pendekna mah sagala kaperyogian ibuna, dijalankeun ku sang putra, dimana kenging kasab usaha, disanggakeun ka ibuna, estuning taat tara midamel pijengkeleun ibuna.
Tapi nalika naros ka Rasulullah :”Yaa Rasulullah ! Abdi teh gaduh indung, ku abdi sok digagandong dina tonggong abdi, upami anjeunna hoyong angkat-angkatan teh. Sareng abdi tara haseum budi dipayuneunana, hasil usaha abdi ge dipasihkeun ka anjeunna. Naha abdi parantos tiasa dianggap males budi ka anjeunna ? Saur Rasul harita : “Acan, sanajan saambekan anu panjang” Dugi ka eta shahabat naros deui :”Naha kunaon margina Yaa Rasulullah ?” Waler Nabi : “Lantaran ari Ibu anjeun mah, miara anjeun teh, bari miharep supaya anjeun teh panjang umur, sedeng ari anjeun mah, miara Ibu teh bari ngarep-ngarep, supaya tereh-tereh maot”.
Ari jisim abdi, akh…… boro-boro nepi ka kitu, pimanaeun make jeung ngagagandong pun biang teh, sakalieun pun biang barang titah weh, dilaksanakeunana ge kitu we, bari jeung jebras-jebris, gudad-gadeud, pikacuaeun.
Asana mun diiker-iker teh, teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku para malaikat, utusan Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi wae, asana, asa teu acan pernah jisim abdi nyukakeun nu janten indung bapa, nu natrat keneh teh. ngarungsingna we wungkul, mun amalan tea mah asana dengdek na teh angger we seueur keneh ka lebah kenca.
Sok sanaos natrat panuyun Nabi, kapan saurna dina hadits riwayat Thabrani: Dua kajahatan nu bakal dibales ku Allah didunya keneh nyaeta, anu zinah, sareng anu goreng laku ka indung-bapa”. Malah kapan dina hadits Bukhari mah : “Piara ku anjeun kanyaah indung bapa teh, ulah nepi ka pegat, lantaran lamun anjeun megatkeun, pasti Allah mareuman cahaya anjeun, tegesna, Allah ngajadikeun hirup anjeun hina. Bisi janten hapa, kaluhur moal sirungan kahandap henteu akaran, pikeun jalma anu ngajaheutkeun manah ibu-ramana.
Hapunten Gusti.........., Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi baheula, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. Sakumaha pidawuh Gusti:
"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".
Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.
Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.
Nanging sok sanaos kitu, harepan mah aya sakolepat, mugia wae dina sakitu kakirang nu tan wilangan teh, langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka jisim abdi, sareng manawi aya sakotret mah diantawisna, anu dilaksanakeun ku jisim abdi teh kalayan Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, mugi-mugi we, sok sanaos ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah pikeun jisim abdi janten kakasih Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur nu katampi ku jisim abdi.
Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, eces malah nembrak, tapi nu teu karaos ku jisim abdi, estu lemes lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.
Baarakallaahu lii walakum fil qur-aanil 'adhiim, wanafa'anii wa iyyaakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim, wa taqabbala minnii, wa mingkum tilaa watahu innahu huwal ghafuurur rahiim. Wa qur rabighfir warham, wa anta khairur raahimiin.
KHUTBAH KADUA
Alhamdulillaahi 'allamal qur-an, khalaqal insaana 'alamahul bayaan, wash shalaatu wassalaamu 'alaan nabiyyinaa, muhammadin wa 'alaa aalihii wa ash haa bihii ahlish shidqi wal 'irfaan. Asyhadu alla ilaaha illallaahu al malikud dayaan, wa asy hadu anna muhammadan 'abduhu, warasuuluhu sayyidul insaani wal jaan. Fayaa 'ibaadallah, wa' lamuu anna jazaa al ihsaani ilaa bil ihsaan. Qaalallaahu ta'ala fii kitabihil kariim, A'uudzubillahi minasy syaithaanirrajiim.
Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa, dina danget ieu abdi mung ukur tiasa ngadu’a ka Salira, mugi Gusti ngabulkeun do’a jisim abdi ieu.
Allahumagh firlii waliwaalidayyaa warham huma kamaa rabbayaani shaghiiraa (3 x ).
Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat, Watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wan syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Allahummagh firlanaa dzunuu banaa, wa dzunuuba aabaa –inaa, wa dzunuuba ummahaa tinaa, wa dzunuu ba zauajaa tinaa, wa dzunuuba aulaa dinaa, wa dzunuuba ikhwaa ninaa, wa dzunuuba ikhwaatinaa, wa dzunuuba ustaadzinaa, wa dzunuuba jamii ‘il muslimiina wal muslimaat, wal mu-miniina wal mu-minaat, al ahyaa –i minhum wal amwaat, birahmatika yaa arhamar raahimiin.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
'ibaadallah, innallaaha ya'muru bil 'adli wal ihsaan, wa itaa idzil qurbaa wayanhaa 'anil fahsyaa-i wa mungkaari wal bagh, ya 'idhukum la 'allakum tadzak karuun, fadz kurullaahal adhiimal jaliila yadz kurkum, wasy kuruuhu 'alaa ni'amihi yazidkum, walaa dzikrullaahi akbar. Astaghfirullaahal 'adhim, lii walakum.
Wasalaamu'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
NU ATEIS
Mangsa kuring réngsé kuliah, kuring cicing di asrama mahasiswa. Béda jeung nu séjén nu cicing di asrama téh waktu masih kuliah. Ari kuring, malah mangsa geus réngsé kuliah. Alesanana mah ngan hiji, kost-an geus béak, teu bisa di-perpanjang da mun neruskeun kudu mayar sataun. Daripada mayar sataun, kuring mutuskeun ngilu jeung babaturan cicing di asrama.
Mangsa di asrama, kuring wanoh jeung hiji jajaka. Sabenerna saméméh cicing di asrama geus wawuh tapi kakara wawuh beungeut, can pernah kaparengan ngobrol bareng. Manéhna mahasiswa asal acéh, nu kawentar ku istilah ‘serambi mekah’. Ieu jajaka kaasup budak pinter, mun pareng nanya ka adik kelasna anu ti acéh bakal langsung dijawab ‘oh ka anu yang pinter itu ya’. Asup ka paguron luhur nu ceuk ceunah panghadéna di ieu nagara bari nyokot jurusan fisika. Jurusan nu unggal poé diajar bari muter uteuk nu dumasar kana logika-logika. Karesepna ieu jajaka, maca buku. Utamana buku-buku sual filsafat. Teu lila kuring cicing di asrama téh ngan ukur tilu bulan da kaburu bubuara di pulo séjén pikeun nyiar kipayah. Basa paamprok jeung babaturan nu sa asrama kuring meunang béja ngeunaan si jajaka. Ceunah ampir DO kulantaran kuliahna teu réngsé dina waktu nu geus ditangtukeun. Supaya teu DO, manéhna kudu pindah ka paguron luhur séjén pikeun neruskeun kuliahna. Les, kuring teu nyaho deui béjana.
Waktu kamarinakeun kuring paamprok jeung babaturan nu sa asrama deui, kuring meunang béja mun ieu jajaka téh ceunah geus jadi pangusaha anu suksés. Tapi nu mantak ngarénjag, mangsa babaturan kuring nyarita yén manéhna geus jadi ‘atéis frontal’. “Mun silaing teu percaya, tinggal tempo blogna dina internet euy!” . Kitu ceuk babaturan kuring ngabéjaan. Waktu kukurilingan dina internét, kuring manggihan blog si jajaka. Rada ngahuleng maca blogna. Dihandap ieu salah sahiji tulisan manéhna dina internet. Ngahaja teu disundakeun, dicutat sakumaha aslina.
Mengatakan orang Ateis sebagai membohongi diri mereka sendiri.
Saya kira ini tidak adil.
Pertama kita melihat dulu siapa kebanyakan ateis itu. Saya yakin bagian terbesar dari orang ateis adalah mereka yang memliki pendidikan cukup tinggi. Ini cukup masuk akal karena mereka yang memiliki pendidikan rendah pada faktanya sangat percaya pada firman tuhan.
Saya kira ateis itu tidak mengakui adanya tuhan karena mereka melihat dengan pengetahuan mereka tidak adanya alasan tuhan itu harus ada.
Kita tarik ke belakang.
Teori Darwin mungkin dapat dikatakan sebagai pemicu dari ateisme. Faktanya ada dua teori yang menjadi titik sandaran ateis, pertama teori evolusi Darwin, kedua teori big bang. Kedua teori ini jelas tidak memiliki kursi untuk singsana tuhan.
Yang menjadi keberatan saya kira adalah kita tidak melihat firman tuhan di kitab-kitab suci dilaksanakan dengan sebenarnya. Dikatakan di dalam kitab suci bahwa tuhan menurunkan hujan, tapi kita tahu bahwa hujan sebenarnya adalah sistem chaotic biasa yang dapat diramalkan. Dikatakan bahwa manusia memiliki ruh yang menyebabkan kehidupan, tapi kita melihat bahwa batas antara hidup dan mati semakin absurd, semakin tak jelas. Dikatakan bahwa malaikat menjaga matahari, bumi, bulan, tapi kita melihat dengan jelas tak ada malaikat, yang ada hanya gaya gravitasi.
Jadi saya kira orang ateis cukup jujur dengan mengatakan bahwa tuhan pastilah tak ada, karena tak ada fakta yang menjadi penunjuk ke arah sana, apalagi setelah ketahuan jelas firman-firman tuhan tak ada yang benar.
Saya kira malah mereka yang memiliki ilmu pengetahuan dan masih mengatakan yakin dengan kehadiran tuhan lah yang telah membohongi diri sendiri. Jelas-jelas mereka melihat faktanya. Mereka mempercayai ilmu pengtahuan di satu sisi, tapi di sisi lain mereka juga mempercayai tuhan. Mereka mungkin lebih senang terjebak di jurang dikotomi. Semakin absurd jika kemudian orang-orang ini yang mengatakan bahwa orang ateis membohongi diri sendiri.
Yang paling kasian dari kumpulan orang-orang di muka bumi saya rasa adalah golongan: Orang-orang yang cuma ikut-ikutan.
Budak pinter, suksés dina bisnis, loba pangaweruh, geus ngajadikeun manéhna teu iman kana ayana pangéran nu nyiptakeun ieu langit jeung bumi. Ngajadikeun akalna salaku pangéran. Sagala rupa ditempo tina ukuran akal pikiran anu sabenerna sakitu heureutna.
Mémang ngan saeutik anu bener-bener ngaku atéis. Tapi sabenerna, loba anu satengah atéis anu sarua muja-muja akalna. Maranéhna tetep masih ngaku muslim, tapi iman kana sawaréh ayat-ayat Alloh jeung miceun sabagian ayat-ayat nu ceuk akal pikiranana teu asup akal. Nganggap ayat-ayat Alloh teu luyu jeung jaman, out of date, kuno, kudu diubah diluyukeun jeung jaman.
Nu boga pamikiran kieu, biasana lain jalma bodo nu teu nyakola. Tapi malah lolobana anu boga atikan nu luhur, aya nu insinyur, doktor, master jrrd. Jadi inget ka ucapan saurang presenter tivi anu kabeneran anakna saurang ulama ahli tafsir jeung mantan mentri agama. Mangsa manéhna ditanya ‘kunaon teu di jilbab’. Témbalna ‘nu penting haténa dijilbab’. Ucapan ieu teu jauh béda jeung nu teu sholat nyarita ‘nu penting haténa sholat’ atawa béh dituna jeung nu ateis nyarita ‘teu nanaon teu boga agama gé, nu penting jadi jalma bener’.
KABELEJOG
Panonpoe geus lingsir ngulon. Kalangkang jelema panjangna geus meh sarua jeung jangkungna jelema. Di hiji pasar anu katelah pasar klandasan, dihareupeun salah sahiji toko kolontong katingali aya hiji lalaki keur memeres daganganana. Tina warna kulit na nu rada hideung jeung buukna nu galing oge ditambah ku logat ngomongna, bisa kanyahoan yen ieu lalaki tengah tuwu teh lain urang balikpapan asli tapi urang butun nu bubuara di balikpapan. Kaitung loba urang butun nu bubuara di Balikpapan. Teu heran lantaran pulo sulawesi jeung balikpapan ngan di pisah ku selat anu bisa dipeuntasan ku parahu leutik. Komo ayeuna aya kapal feri cepat ti sulawesi ka balikpapan. Lolobana urang butun anu bubuara ka balikpapan asalna patani. Sanggeus bubuara, loba nu jadi kuli kasar, mun nu awewena loba nu jadi tukang nyeuseuh atawa pembantu rumah tangga. Tapi loba oge nu dagang, malah aya sababaraha tempat nu dipake dagang ku urang butun dina wanci kasorenakeun anu sering disebut pasar butun. Ieu pasar ayana ngan wanci sore, biasana nu dijual hasil tatanen sarupaning sayuran jeung bungbuahan. Balik deui ka lalaki nu keur mereskeun daganganana, manehna nutupan barang daganganana nyaeta gedang ku terpal warna bulao. Sanggeus rengse nutupan gedang, manehna gura giru meuntas jalan raya nuju ka Masjid At -Taqwa anu keur direnovasi.
Di buruan masjid, katingali aya si mamang keur jualan siomay alias baso tahu. Dina dorongan tempat siomay aya tulisan ngajeblag G A R S E L A. Moal salah, si mamang teh urang garut selatan nu keur bubuara di Balikpapan ngahaja nyiar rejeki pikeun kirimaneun ka kulawargana anu keur nungguan di lembur. Salian ti sababaraha tukang siomay nu dina doronganana ditulisan GARSELA aya oge urang sunda nu bubuara di Balikpapan ngadon dagang kadaharan, nyaeta tukang robak alias Roti Bakar. Dina doronganana biasana ditulis Roti Bakar Khas Bandung. Tapi mun pas nanya kanu dagang,
"Dupi akang di Bandung na dimana Kang?".
Jawabna, "Abdi mah di Bandungna di Majalengka!" Kakara apal geuningan Majalengka teh kaasup wewengkon kota bandung! Hehehe..:-)
Balik deui ka si mamang, sanggeus ngider kaditu kadieu, biasana mun pareng mangsa ashar sok ngahaja dagang teh ka Mesjid. Katingali mun adzan geus dihaleuangkeun buru-buru wudhu. Atuh mun geus rengse sholat jamaah langsung ngider deui.
Nincak mangsa ashar, Muadzin matuh masjid At Taqwa ngajomantarakeun adzan kanu sapeker. Sorana nu tarik aweuhan ka sabudeureun masjid. Silih tembalan jeung adzan ti masjid lianna.
Di hiji rohangan anu panggedena di lantai pangluhurna salah sahiji gedong perkantoran anu aya di sagigireun masjid At-Taqwa, Pa Edi keur sibuk nganggeuskeun pagaweanana. Sanggeus lulus ti salah sahiji paguron luhur nu kawentar di bandung sarta meunang gelar insinyur, terus digawe salila lima welas taun di perusahaan nu asalna milik asing, ayeuna Pa Edi meunang kalungguhan menejer. Meunang gajih meh nepi ka angka tilu puluh juta. Ka kantor make mobil buatan eropa meunang meuli ku duit tunjangan trasport jatah ti perusahaan. Mingkin luhur kalungguhan mingkin loba pagawean anu kudu diurus, sanajan ngan saukur jadi koordinator. Purah tutah titah ka anak buahna pikeun ngarengsekeun pagawean manehna. Sora Adzan ti masjid At Taqwa kadenge jelas ku Pa Edi. Tapi teu jadi soal, teu ngajadikeun eureun ngagawean hanca pagaweanana. Komo ieu, pagaweanana keur ditungguan ku bosna nu di Jakarta. Ashar? Biasana jam lima kakara ngalaksanakeun ashar sanggeus hanca pagawean rengse.
Naha urang butun nu ngan dagang gedang jeung si mamang nu ngan saukur dagang siomay leuwih sumanget dina ibadah tibatan menejer nu gajihna ampir tilu puluh juta? Naha lain kuduna nu leuwih loba hartana nu leuwih soson-soson dina ibadah?
"Saestuna jangji Alloh mah bener, ku kituna ulah sakali-kali maraneh kabelejog ku kahirupan dunya jeung ulah kabelejog ku tukang tipu (setan) dina (taat) ka Alloh." [Q.S. Luqman: 33]
Urang sarerea kudu ati-ati tina fitnah dunya jeung ulah sakali-kali gumantung kana kahirupan dunya. Lain artina teu meunang dahar jeung nginum, teu meunang usaha nyiar harta, tapi maksudna ulah sakali-kali
hate urang gumantung kana harta. Urang teu meunang titeuleum kana kahirupan dunya bari ngalalaworakeun ibadah ka Alloh.
Ti Abu Sa'id Al Khudri rodiallohu 'anhu, anjeuna nyarita,
"Rosululloh shollallohu 'alaihi wasallam hutbah hareupeun jalma-jalma, terus ngadawuh, 'Demi Alloh! Euweuh naon-naon anu ku kaula paling dipikasieun bakal tumiba ka maraneh, he manusa, iwal ti naon-naon nu ku Alloh dikaluarkeun ka maraneh tina perhiasan dunya'." (Muttafaq 'alaih, H.R. Ibnu Majah No. 4066).
"Rosululloh shollallohu 'alaihi wasallam ngadawuh, 'Saestuna Demi Alloh, lain kamiskinan nu ku kaula dipikasieun tumiba ka diri maraneh, tapi nu ku kaula dipikasieun ka diri maraneh nyaeta diamparkeunana legana dunya ka diri maraneh sakumaha diamparkeunana ka jalma-jalma saacan maraneh, nu ngabalukarkeun maraneh paheula-heula meunangkeunana, sakumaha maranehna (jalma-jalma saacan maraneh) paheula-heula parebut. Nepi ka ngabinasakeun maraneh, sakumaha legana dunya geus ngabinasakeun maranehna'." (diriwayatkeun ti Amru bin Auf, Muttafaq 'alaih, H.R. Ibnu Majah No. 4068).
Urang kudu ngeunteung ka tukang gedang. Nu sanajan hirupna masakat tapi tetep taat. Urang kudu guguru ka tukang baso tahu. Nu sanajan hirup pinuh ku kasusah tapi tetep bisa istiqomah.
Alloohumma innii as aluka 'ilman naafi'a, wa rizqon thoyyiba, wa 'amalan mutaqobbala
"Ya, Alloh. Saestuna simkuring nyuhunkeun elmu nu mangpaat, rijki anu hade, jeung amal anu ditarima"
(Hishnul Muslim).
Mudah-mudahan urang sadayana dipaparinan rizki anu manfaat. Rizki nu ngajadikeun urang leuwih soson-soson dina ibadah. Rizki nu ngajadikeun urang langkung iman tur taqwa. Rizki nu teu ngabalukarkeun urang titeuleum di dunya. Amiinn...
TOBAT
Gusti....... Geuning umur abdi teh ngolotan, teu karaos ujug-ujug terang tos kieu we, tanaga ngirangan kalah beuki suda, buuk mah tos puguh, sanes paselang deui antara hideung jeung bodas, ayeuna mah meh rata bodas teh pacampur jeung hawuk.
Careham ge nungtutan coplok ku maneh, nu nyesa ukur tuturusna, kitu ge tos teu mampu deui pikeun nyapek nu rada teuas, hiji-hijieun aya nu walagri keneh ge, saeutik-saeutik marekplekan, sisina heula, lami-lami ngalegaan ka beh tengah. Mondok tos teu kaur reup, ayeuna mah, ku seringna pulang anting ka paturasan, ngadon miceun jeung kahampangan, beser teh sanes babasaan, estu kaalaman ayeuna.
Panuyun Nabi, mun pareng mondok teu tibra teh, gunakeun saurna pikeun qiyamul lail. Sanes…… Sanes teu emut eta ge, nanging diri pinuh ku kokotor keneh, rereged nafsu dunyawiyah nyangkaruk keneh na hate, malah pasolengkrah jeroeun dada. Waktos pikeun qiyamul lail teh udag-udagan jeung nongton maen bola.
Memeh madep kapayuneun Gusti, kahoyong mah meresihan hate heula, da piraku mun abdi madep teh jiwa raga masih lamokot dosa, teu sae mayunan Gusti dina kaayaan abdi nu masih keneh jiga kieu. Sok sanaos, saur Gusti dina Al Qur-an, surat Al baqarah ayat nu ka 222:
Innallaaha yuhibbut tawaa biina wa yuhibbul mutathahhiriin
"Saestuna Allah mikacinta jalma-jalma anu tarobat sareng mikacinta jalma-jalma anu suci."
Atanapi dina surat An Nur ayat nu ka 31:
"Jeung mangka tarobat anjeun sakabeh ka Allah, he jalma-jalma anu ariman, supaya aranjeun meunang kauntungan."
Ari nu janten marga lantaran, mun ditataan gemet, satincak saparipolah ti awit abdi sawawa, tug dugi ka kiwari, sangkan manjing timbanganana, beurat mana beurat mendi, mun ditimbang di Yaumal jaza, jaga.
Asana teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku para malaikat, utusan Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi wae, nu sok masih keneh hoyong genahna tea, natrat katingali, malah eces, dengdek na teh seueur ka kenca. Nya kitu deui, ibadah abdi ka Gusti, upami ditataan mah, teu aya juru-jerena - juru-jerena acan, asa pamohalan kana ditampi, mun tea mah teu aya rahmat Gusti, Anu Maha Welas Asih tur Maha Heman ka makhluq-Na, jigana jisim abdi teh ngan wungkul jadi caduk naraka.
Sanes........ Sanes wungkul pedah panggoda setan laknatullah, atanapi pangbibita iblis, da eta mah tos ebreh, natrat, nu puguh mah nafsu we nu teu weleh dipiara, dimumule, sina nyangkaruk dina kalbu. Sangkan batur jenuk balarea ngauluh-uluh salalawasna, paling copel matak hookeun nu lian.
Hapunten Gusti....... Saur Nabi oge, nu kitu teh kapan riya tea, hoyong katangar, pada ngabageakeun ku batur salembur, sanes deuih...... sanes teu dugi panggeuing ti Nabi ka jisim abdi, malah ku pun biang ku pun bapa ge, tos karuhan ku para ulama ge, nu janten warasatul anbiya, panggeuing mah teu kirang-kirang, mung ieu hate, estu teuas tanding batu.
Hoyong.... Hoyong pisan malah, jisim abdi madep ka payuneun Gusti teh, nanging sateuacanna, hoyong nembrakkeun heula kaabot hate, hoyong meresihan heula diri, pedah kamari seueur teuing ngagugulung dosa sareng kalepatan. Komo nu dipikapaur teh, sieun aya tincak sareng lengkah nu harib-harib midua Gusti, alatan jisim abdi nu teu sadar, malah teu mustahil dilakukeunana bari pinuh ku kasadaran.
Numawi, dina mitembeyanana madep ka Gusti teh, jisim abdi neda sih hapunten-Na tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan, ti awit jisim abdi nincak sawawa, tug dugi ka danget ieu, tos puguhing nu teu karaosna, da ieu mah seuseueurna ge, nu karaosna pisan, malah seueur nu bari dihajana pisan.
Da saleresna atuh, upami teu aya rahmat Gusti, jigana..... jisim abdi mah kalebet ka jalmi nu pangrugi-rugina, boa janten eusi naraka-na ge beh ditueun ti kerakna.
Oge dina ibadah, tadi ge dipayun disebatkeun, teu satai-kukueunana, ari margina, teu ngabibisani, seueur ibadah anu dilakukeun teh estuning ngan ukur puraga tamba kadenda we wungkul, shalat ge pimanaeun khusyu teh, atuh tartib-tartib we heula-anan, teu acan.... teu acan dugi jigana. Bari apal kituna teh, kana tungtunan Nabi, margi kapan saur Nabi ge : “Mun anggota badanna teu daek khusyu, hatena ge mo jauh ti kitu”. saurna teh. Tapi, hih... da keukeuh we dipaju deui, dipaju deui, shalat teh ngan ukur acong-aconganana wungkul, inti-sari na mah duka teuing disimpen dimana.
Aya eta ge usaha hoyong khusyu shalat teh, boh nu wajibna nya kitu deui nu sunatna, tapi sanes keur munfarid kituna teh, tapi mun bade berjamaah, ngarah katingali batur yen abdi shalatna bangun nu khusyu tea, padahal hate mah kamana boa cus-cosna. Hoyong katangar batur we wungkul nu puguh mah, ngarah katingali khusyu, padahal kapan saur Gusti ge, shalat nu samodel kieu nu bakal dipalengpengkeun kana beungeutna, jaga teh. Malah embohna, mun pareng ku jamaah dipercanten jadi imam deuih, nu sok sering hoyong kapeunteun khusyu teh, mani ngahaja shalat teh ditartib-tartib, tumaninah sing nepi ka katingali tumaninahna, bacaan shalat ge ngahaja ku abdi teh dianca-anca sangkan katingali tartibna. Malah lebah bacaan surat mah ngahaja di rorompok teh, ngapalkeun surat-surat nu rada panjang, da aya harepan mun waktosna engke ngimaman, maca surat anu panjang mah, sok pada ngeuleuh-ngeuleuh tea.
Dina waktos Jumaahan mah komo deui, ti awal keneh abdi teh mandi beberesih, diangir sagala, da kitu sunatna saur Nabi, teu hilap malah diminyak seungit sagala. Tapi ana jung teh ngalengkah, lagu paamprok sareng dulur-dulur abdi, nu masih keneh kukurilingan milarian pangupa jiwa, eta hate teu tiasa dipaling, make jeung sok ngagerentes, aing mah geus jung indit Jumaahan, na ari ilaing, kalah kukurilingan keneh neangan sahuap sakopeun, neangan keneh teureuyeun. Dasar caduk naraka.
Padahal kapan saur Gusti ge, saha nu terang malah itu nu janten pangawasa surga-na, jisim abdi mah bagean caduk naraka-na, kumargi hate tos wantun milah-milah nu janten hak prerogatif Gusti. boa teuing itu mah ditungguan ku anak pamajikan nu keur barongkeakan, nungguan nu keur usaha, sedeng abdi ngan ukur boga angkeuhan wungkul. Asa aing nu bakal ka sorga teh, henteu deungeun, aku-aku angga.
Shaum, nya kitu keneh, boh shaum wajibna pon nya kitu nu sunatna, da mung ukur janten angkeuhan wungkul nu puguh mah, pedah nuju shaum, ngarah katangar batur, siga jalma shaleh, padahal hate mah Gusti ge uninga.
Buktina we geura mraktekkeun hadits ge janten tibalik lemah, pedah saur Nabi : “Sarena nu keur shaum, sarua jeung ibadah”. Da kolu atuh jisim abdi mah, sapoe jeput ngagoler gegelehean ngadon sare, malah tepi ka emper masjid jiga kitu, jeung sok bari agul deuih kitu na teh, ditembong-tembong kanu lian, geura yeuh tingali kulit beuteung abdi, nepi ka meh adek kana tulang tonggong, alatan keur puasa.
Komo shaum sunat mah, kimpel ngagebleg hoyong katangar teh, da eta we shaum Syawal nu genep dinten tea, da ceuk nafsu mah, ku hoyong unggal jalma terangeun, yen abdi nuju shaum Syawal. Aya weh nu sanes ngomentaran : “Emh..... Bagja temen salira mah, parantos tiasa ngalaksanakeun shaum Syawal, kapan sami eta teh sareng shaum sataun campleng, saur Nabi ge”.
Ngucapkeun Alhamdulillaah mah leres bari digerendengkeun, tapi da karaos ku sorangan oge, cukang irung mah ngabeukahaanana, langkung ti meber.
Shaum Daud nya kitu keneh, satadina mah emut kana tungtunan Nabi dina sunnahna. Saur nabi,
“Uhyuu quluu bakum biqillatidh dhahki wa qillatisy syab ‘i wa thah hiruuhaa bil juu ‘i tash fuu wa taraq qu”.
Obahkeun hate aranjeun, ulah loba teuing seuri jeung seubeuh teuing, sucikeun ku ngarasa lapar, tanwande hate aranjeun bakal bersih tur lemes.
Dina hadits nu sanes malah dijentrekeun ku Nabi : “Sing saha nu sering ngalaparkeun beuteungna, hartina sering shaum, tanwande pikiranana caang jeung qalbuna cerdas”.
Bari ditataan geuning, rupi-rupi shaum sunatna, ti awit Shaum Senen – Kemis, Shaum Syawal, Shaum tiap tanggal 13, 14 sareng 15, oge Shaum Daud-na, Shaum anu selang-sekar tiap dinten.
Anu dipilih ku jisim abdi dina danget ieu teh, shaum Daud tea, ari akuan mah leres tos lami pisan, nincak genep taun jalan panginten dugi ka wangkid ieu teh. Tapi da aneh atuh jisim abdi mah, nu masih keneh kandel hayang katangarna ku batur tea, malah sok aya rasa agul dina hate, mun sakalieun aya nu naros: “Tos sabaraha lami salira ngadawamkeun shaum Daud teh ?” Ngawaler ge sok rada bari jeung semu agul diri teh : “Genep taun dugi ka danget ieu teh, alhamdulillah……”
Alhamdulillah mah leres ku jisim abdi teh diucapkeun, tapi da eta, hate mah teu kapalingan, nalika nu naros ngauluh-uluh mah, hate teh ngagerentes : ”Aing tea……………”
Munggah haji ge teu bina ti kitu, estu hoyong katangar ti awal keneh mula, ti memeh jung keneh ge, ondang-ondang ngahaja maparin iber ka tatangga, yen jisim abdi kalih pun bojo aya niat ngalaksanakeun ibadah haji, lisan mah kitu, tapi ieu hate teu kapalingan, sugan we jaga samulangna ti ditu, ka jisim abdi seueur nu nyebat Pa Haji, sangkan katangar, yen diri tos aya dina jalan kashalehan, mun henteu nyebat diri geus shaleh ge.
Dongkap teh ka Mekah nya kitu keneh, ngahaja di Multazam ngadon ngado’a kapayuneun Gusti harita, margi kapan saur Gusti, Multazam teh salah-sahiji tempat, lamun dipake ngado’a, do’ana bakal langsung diijabah.
Jisim abdi ge kitu, di Multazam teh ngadon ngado’a, hoyong bisa pidato harita teh, margi ti lemah cai keneh jisim abdi mah harita, boro-boro bisa pidato, sakalieun kedah nyarios payeuneun adi-adi katut dulur-dulur ge teu metu, da tuur kabujeng ngeleter, lilinieun.
Janji Gusti henteu mencog, do’a jisim abdi tinekanan, da aneh mulang ti Mekah teh, enyaan bisa pidato, najan teu jiga batur ge pidatona, ari nu jadi marga lantaran, pidato jisim abdi mah dugi ka ayeuna ge, angger, ukur dibaca, teu acan robah. Jaba aya embohna, mulang ngado’a di Multazam teh, ayeuna mah make jeung bisa ngajar di sakola, nangtung di payuneun kelas, jeung para mahasiswa sagala, da tadina mah boro-boro ngajar sagala, tadi ge disebatkeun, sakalieun sasanggem ukur jeung dulur sareng baraya, kesang tiis mah tos mayunan ngagarajag saawak-awak.
Komo mun satutasna pidato, nalika turun ti mimbar aya jamaah nu ngauluh-uluh, bari sareng pokna muji teh, najan lisan nu kaluar mah : Alhamdulillah…., tapi da natrat, rengkak katut polah mah, persis jiga nu keur ngucapkeun : “Aing tea……."
Padahal kapungkur mah, salah saurang shahabat Nabi, nalika lungsur ti mimbar bari naros ka para shahabat anu sanesna : ”Kumaha pidato kuring bieu ?” ukur naros kitu, padahal mah. Pan pada ngarentog, yen ucapan sapertos kitu teh kalebet riya, pedah hoyong kenging komentar, bari teu acan tangtos hoyong katangar anjeunna mah, pan enggal teras taubat ka Salira, bari teras ngusrukkeun anjeun, ngadon nyuuh ngumbar cisoca ka payuneun Gusti.
Ari jisim abdi harita........... akh teu rengrot-rengrot, boro-boro ngumbar cimata, pimanaeun bari jeung nyuuh sagala, kalah beregegeh nu puguh mah, legeg nu ieu asa aing uyah kidul tea, langkung ti riya jigana, nu kieu mah.
Allaahu Akbar! Hapunten abdi, Gusti............
Eta teh nu karaosna wungkul tos sakitu, nu teu karaosna ku jisim abdi mah, jigana langkung ti kitu. Salaput sirah kawasna. Enyaan mun ngetang sapertos kitu mah, teu pantes mun jisim abdi miharep surga ka payuneun Gusti teh.
Teu acan kaetang, nu hubunganana sareng sasama mah, boh sareng papada jalma, sareng tatangga, sareng dulur-dulur, sareng baraya nu deuheus, nu laer, sareng nu saiman nu saikhwan, atuh beh dituna sareng papada makhluq.
Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit nu kenging katugenah alatan kalakuan sareng talajak jisim abdi, nu kanyenyerian alatan omongan jeung ucapan jisim abdi, malah teu sakedik nu kanyenyerian pedah dicarekanana ku jisim abdi.
Bakal ngantay panjang mun ditataan mah, sok komo mun nu nataanana Malaikat nu janten utusan Gusti, nu moal lepat deui, jigana moal bakal nyesa kasaean ka papada makhluk mah, da kalindes ku talajak anu minculak tea.
Ulah ku Malaikat leresan dinyana mah, da ieu mah kapan ku dulur-dulur abdi we heulaaanan, ku baraya anu saiman-anu saikhwan, anu sagulung-sagalang sareng jisim abdi dugi ka danget ieu, kapan nyarebatna ge “Si Engang” ka jisim abdi teh, ku gampang nyeureud tea, gampang teuing ngumbar amarah.
Teu acan....... jisim abdi teh, teu acan lemes hate mah, masih keneh sering ngumbar amarah, heuras keneh genggerong, padahal ti awal keneh ge tadi disebatkeun, sedeng ari umur teras nambihan, harib-harib cueut ka hareup, kantun sesana, teu bade disebat sengserang padung ge, ngan nu pasti tos sariak layung umur teh.
Manawi eta ge, manawi tiasa, hoyong neda sih hapunten teh, dikempelkeun we sadayana ayeuna didieu, da teu sanggem upami kedah ditataan hiji-hiji mah, ku moal sanggem nataanana, alatan ku seueur teuing tea.
Kum we ka sadayana, dulur-dulur jisim abdi, baraya katut tatangga, babaturan, sapantar, saluhureun sahandapeun, utamana ka pun bojo, ka pun anak, tiluannana.
Bisi pernah kaciwit kulit, katodel hate, atanapi kasigeung manah, ku ucapan, paripolah miwah kalakuan jisim abdi kamari, mugi kersa ngahapuntenna, manawi tiasa dilubarkeun tina sagala rupi kalepatan sareng katalingeuhan jisim abdi. Sangkan jisim abdi longsong mun hoyong madep ka payuneun Gusti Nu Murbeng Alam.
Kantos eta ge diwartosan ku Nabi Gusti dina haditsna, malah ku para ulama nu janten warasatul anbiya tea, yen dosa sareng kalepatan ka Gusti mah, tiasa langsung neda si hapuntenna sareng Gusti, tapi ari dosa sareng kalepatan sareng papada makhluq mah, moal waka dihampura ku Gusti lamun ku papada makhlukna teu acan dihampura.
Leresan dieu, anu moal sanggem abdi ngalaksanakeunnana teh, alatan seueur teuing kalepatanana, sareng nu puguh mah seueur teuing nu kantos kenging katugenahna ku jisim abdi, kumargi kitu, nyanggakeun sadaya-daya we kapayuneun Gusti.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi tadi, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. Sakumaha pidawuh Gusti :
"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".
Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.
Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.
Nanging mugia wae dina sakitu kakirang sareng dosa nu tan wilangan teh, langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka jisim abdi, sareng manawi aya sakotret mah diantawisna, kasaean anu dilaksanakeun ku jisim abdi teh kalayan Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, mugi-mugi we, sok sanaos ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah pikeun jisim abdi janten kakasih Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur nu katampi ku jisim abdi.
Dina niat hoyong madep nyaketkeun diri ka Gusti teh, hoyong mitembeyan midamel deui eunteung kahirupan anu ageung, sangkan tiasa dicaangkeun deui, obor-obor kahirupan nu kungsi pareum teh, tiasa deui nyiapkeun pakakas kahirupan, pikeun meresihan hate, da tadi ge ti awal mula estu nembrak nonggerak, lampah jisim abdi nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah.
Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna.
Atuh nu awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, eces, malah nembrak.
Tapi nu melang mah, apan nu teu karaos ku jisim abdi tea, estu anu lemesna lir ibarat kekebul, nu teu patos katingal tea, terang-terang tos ngadagleg.
Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa... Mugi Gusti ngabulkeun do’a jisim abdi ieu.
Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat, Watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wan syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Allahummaj 'alhu hajjan mabruura, wa sa'yan masykuuraa, wa dzanban maghfuuraa, wa 'amalan shaalihan maqbuulaa wa tijaaratan lan tabuur, yaa 'aalima maa fish shuduur, akhrijnii yaa Allah, minadz dzulumaati ilan nuur.
Allahumma innii as aluka mujiibaati rahmatika wa 'azaa imaa maghfiratika, wassalaamata ming kulli itsmin wal ghaniimata ming kulli birrin, wal fauza bil jannah, wannajata minan naar.
Rabbi qani'ni bima rajaqtanii wa bariklii fimaa 'a thaitanii, wakhluf alayya kulla ghaa ibaatin lii ming ka bi khaiir.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin. Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih. Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah, wal inayah. Wallahul muwaffiq ilaa aqwaamith thaariiq.
Wasalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.
DODOJA
"Hirup téh asa beurat pisan, euy. Nété semplék nincak semplak. Dagang ieu rugi, dagang itu tekor. Asa ku hésé néangan rizki téh. Jaba panyakit teu cageur-cageur, nyiar ubar mah geus kamana mendi."
"Nya sabar atuh, Kang. Mana kitu gé can waktuna meureun. Insya Allah mun Akang usaha soson-soson bari dibarengan ku tawakal mah bakal kacumponan pamaksudan téh. Meureun ayeuna akang téh masih didoja ku Alloh. Pan dawuhan Alloh gé"
JEUNG KAMI BAKAL MERE DODOJA KA ANJEUN KU SAEUTIK RASA SIEUN, LAPAR, KAKURANGAN HARTA, JIWA JEUNG BUNGBUAHAN. JEUNG TEPIKEUN BEJA ANU NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA ANU SALABAR."(1)
"Silaing sih bisa ngomong kitu, nitah sabar. Teu ngarasakeun, nu ngarasakeun mah pan aing sorangan. Aing mah terus terang geus ngarasa bosen hirup teh. Bosen susah teh euweuh eureunna."
"Ulah kitu kang, tong pegat harepan oge tong ngarasa teu tarima naon anu ditakdirkeun ku Nu Maha Kawasa. Sabab mun akang teu tarima akang bakal jadi jalma anu rugi dunya jeung aherat.
"JEUNG DIANTARA MANUSA AYA JALMA NU IBADAH KA ALLOH DINA KAAYAAN DI SISI; MUN MANEHNA MEUNANG KAHADEAN MANEHNA TETEP DINA ETA KAAYAAN JEUNG MUN MANEHNA NGARANDAPAN MUSIBAH, MANEHNA BALIK KA TUKANG. MANEHNA RUGI DI DUNYA OGE DI AHERAT. NU KITU MANGRUPAKEUN KARUGIAN ANU NYATA."(2)
Malah mah salian ti sabar mun urang kaparengan nandangan dodoja urang teh kudu syukur tina dodoja anu ku urang karandapan. Syukur lantaran di dunya loba dodoja anu leuwih beurat tibatan anu karandapan ku urang. Jeung syukur lantaran dodoja di dunya leuwih hampang tibatan azab di aherat lantaran kusabab dodoja anu ku urang karandapan dosa-dosa urang bakal dipupus. Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam:
"EUWEUH HIJI MUSIBAH ANU DIRANDAPAN KU SAURANG MUSLIM IWAL ALLOH BAKAL MUPUS DOSANA KULANTARAN ETA MUSIBAH.........."(3)
"SAURANG MUSLIM TEU NGARANDAPAN CAPE, GEURING, SEDIH, GANGGUAN ATAWA GULIGAH RASA NEPI KA KACUGAK KU HIJI CUCUK IWAL TI ALLOH BAKAL MUPUS KU LANTARAN ETA KASALAHAN-KASALAHANANA."(4)
"SALAWASNA MUSIBAH TUMIBA KA SAURANG MUKMIN JEUNG MUKMINAH KANA DIRINA, HARTA JEUNG ANAKNA, NEPI KA MANEHNA PAAMPROK JEUNG ALLOH DINA KAAYAAN TEU BOGA DOSA."(5)
Salian ti mupus dosa, aya kalana malahan dodoja jadi sabab nambahan iman saurang jalma. Hiji dodoja jadi sabab pikeun urang sadar kanu kasalahan-kasalahan anu geus dilakonan.
"JEUNG KAMI DOJA MARANEHNA KU (NIKMAT) NU HADE-HADE JEUNG (MUSIBAH) NU GORENG-GORENG SUPAYA MARANEHNA BALIK (KANA BEBENERAN)"(6)
Rasululloh shallallohu 'alaihi wa sallam oge ngadawuh,
"SAESTUNA GEDENA BALESAN GUMANTUNG KANA GEDENA UJIAN, JEUNG SAESTUNA ALLOH TA'ALA MUN MICINTA KA HIJI KAUM, ALLOH BAKAL NGUJI MARANEHNA (KU HIJI MUSIBAH). SINGSAHA NU RIDHO KEUR MANEHNA KARIDHOAN ALLOH JEUNG SINGSAHA NU MURKA KEUR MANEHNA KAMURKAAN ALLOH."(7)
Sakumaha beuratna dodoja anu ku akang ayeuna keur dirandapan pasti akang bakal mampu pikeun ngaliwatanana. Sabab Alloh moal ngabeungberatan hambana salian ti eta hamba bakal sanggup pikeun nandanganana.(8)
Aluk mah urang lobakeun ngadoa ka Alloh supaya digampangkeun rezeki urang. Atuh urang oge dibere kasabaran dina nyanghareupan naon wae anu ku urang dirandapan".
"Halah, ngadoa we ngadeluk. Emang bisa beunghar ku ngadoa. Tuh tenjo si Jeki, boro-boro sholat bari ngadoa, ngambeu bauna mesjid wai sigana can pernah. Tapi tempo usahana, sakitu majuna. Boga imah nepi ka 3, mobil ka saopat-opatna, kebon upluk aplak dimana-mana".
"Kang, tong serab ku harta. Tong boga pamikiran yen jalma nu beunghar ku harta teh jalma anu dipikanyaan ku Alloh. Bisa jadi malah eta jalma teh keur di sungkun ku Alloh. Sakumaha dawuhan rosululloh shallallohu 'alaihi wa sallam,
"MUN ALLOH MIHAREP KAHADEAN PIKEUN HAMBA-HAMBANA, ALLOH BAKAL GANCANGKEUN BALESANANA DI DUNYA. JEUNG MUN ALLOH MIHAREP KAGORENGAN KA HAMBANA, ALLOH BAKAL TUNDA BALESAN TINA DOSANA, NEPI KA ALLOH SAMPURNAKEUN BALESANANA DINA POE KIAMAT."(9)
Urang ulah kendat-kendat ngadoa supaya dipaparinan kasabaran, sabab kasabaran ieu mangrupakeun salah sahiji kunci pikeun meunang kabagjaan di dunya. Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam:
"JEUNG EUWEUH PAMERE KA HIJI JALMA NU LEUWIH HADE JEUNG LEUWIH LEGA TIBATAN KASABARAN."(10)
Umar bin Khatthab Radhiyallohu ‘Anhu pernah nyarita :"KAMI NIMU KABAGJAAN HIRUP DINA KASABARAN."(11)
Bisa wae urang ngarandapan naon-naon anu ku urang teu dipisuka, padahal disatukangeun naon anu ku urang karandapan loba hikmah jeung kahadean pikeun urang.(12)
Mun urang pareng ngarandapan dodoja, urang kudu buru-buru ngucap ‘Inna lillahi wa inna ilaihi raji’un' bari sadar yen naon wae anu tumiba ka urang mangrupakeun takdir ti nu Maha Kawasa. Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala,
"JEUNG BERE BEJA ANU NGAGUMBIRAKEUN PIKEUN JALMA-JALMA ANU SABAR, NYAETA JALMA-JALMA NU MUN NANDANGAN MUSIBAH MARANEHNA NGUCAP 'INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN. MARANEHNA ETA NU MEUNANG BAROKAH NU SAMPURNA JEUNG RAHMAT TI RABB MARANEHNA JEUNG MARANEHNA ETA JALMA-JALMA ANU MEUNANG PITUDUH."(13)
Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam,
"EUWEUH HIJI MUSLIM ANU NGARANDAPAN MUSIBAH TERUS NGUCAP NAON ANU DIPARENTAHKEUN ALLOH (NYAETA) :'INNA LILLAHI WA INNA ILAIHI ROJI'UN. YA ALLOH, BERE KAULA PAHALA TINA (MUSIBAH) ANU TUMIBA KA KAULA JEUNG BERE GAGANTI KEUR KAULA NU LEUWIH HADE TINA ETA'. IWAL TI ALLOH BAKAL MERE KA MANEHNA ANU LEUWIH HADE TINA ETA MUSIBAH."(14)
Ku kituna akang kudu yakin yen saenggeus kasusahan anu ku akang ayeuna keur disanghareupan bakal aya kahadean.(15)
Jeung urang ulah katipu ku kahirupan di dunya, sabab urang hirup di dunya ngan samentara. Dodoja di dunya teu sabaraha mun dibandingkeun jeung azab di aherat. Dawuhan Rasululloh Shalallohu ‘Alahi Wasallam,
"KANYAHOKEUN, SAESTUNA KAHIRUPAN DUNYA ETA NGAN KAULINAN JEUNG NANAHAON NU NGALALAWORAKEUN, PERHIASAN JEUNG PAAGRENG-AGRENG DI ANTARA MARANEH KALAYAN PAREUEUS REUEUS DINA LOBANA HARTA JEUNG ANAK SAPERTI HUJAN ANU PEPELAKANANA NAKJUBKEUN PARA PATANI TERUS ETA PEPELAKAN JADI GARING JEUNG MARANEH NENJO WARNANA KONENG TERUS JADI ANCUR. JEUNG DI AHERAT ENGKE AYA AZAB ANU PEURIH JEUNG AYA AMPUNAN TI ALLOH KALAYAN RIDHO-NA. KAHIRUPAN DUNYA ETA IWAL NGAN KASENANGAN ANU NIPU."(16)
Dawuhan Alloh Subhanahu wata'ala,
"JEUNG MUN MANUSA NGARANDAPAN BAHAYA, MANEHNA NYALUKAN KAULA, TERUS MUN KAMI BERE MANEHNA NIKMAT TI KAMI MANEHNA NYARITA :'SAESTUNA AING DIBERE NIKMAT IEU NGAN KULANTARAN KAPINTERAN AING'. SABENERNA ETA MANGRUPAKEUN UJIAN, TAPI LOLOBANA TI MARANEHNA TEU NYAHO."(17)
Rujukan
1. Q.S Al Baqarah 155
2. Q.S. Al Hajj 11
3. (HR. Al-Bukhariy no.5640 & Muslim no.2572 Ti 'A`isyah)
4. (HR. Al-Bukhariy no.5641, 5642 Ti Abu Sa'id Al-Khudriy & Abu Hurairah)
5. (HR. Ahmad, At-Tirmidzi, jeung lianna, jeung hasan shahih nurutkeun Asy-Syaikh Al-Albani dina Shahih Sunan At- Tirmidzi, 2/565 no. 2399)
6. Q.S. Al-A’raf 168
7. (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Silsilah Ash-Shahiihah no.146)
8. Q.S. Al An'am 152
9. (HR. At-Tirmidziy no.2396 Ti Anas bin Malik, Ash- Shahiihah no.1220)
10. ( HR. Bukhari N0 781 & Muslim)
11. (HR. Bukhari)
12. Q.S. An Nisa 19
13. Q.S. Al-Baqarah 155-157
14. (HR. Muslim no. 918)
15. Q.S. Alam Nasyrah 5-6
16. Q.S. Al-Hadid 30
17. Q.S. Az Zumar 49
“Sungguh mengagumkan perkara seorang mukmin. Sungguh seluruh perkaranya adalah kebaikan baginya. Yang demikian itu tidaklah dimiliki oleh seorangpun kecuali seorang mukmin. Jika mendapatkan kelapangan ia bersyukur, maka yang demikian itu baik baginya. Dan jika ia ditimpa kemudaratan/kesusahan1 ia bersabar, maka yang demikian itu baik baginya.” (HR. Muslim no. 7425)
POLA PIKIR
Dina Filsafat sadaya tiasa di bahas, kalebet dzat sareng wujud Allah. Hal éta dimaksudkeun pikeun ngajawab patarosan nu sumping ti luar Islam. Utamina kaum Yahudi, anu cenah can anggeus nanya mun urang can kadeseh. Kaum Orientalis, anu cenah ngayakeun panalungtikan, diajar agama jeung budaya urang, nu ahirna pikeun ngaruntuhkeun urang. Sareng kaum nu séjénna , nu sabangsa jeung maranéhna, nu cenah can cicing mun urang can lebet kana golonganana.
Jawaban pikeun maranéhna téh kudu logis, asup akal, katarima ku akal sehat, mun bisa mah ilmiah. Alesan Agama teu tiasa lebet, anu nanyana ogé di luar Islam! Kadangkala mah agamana ateis. Dalah kumaha gé moal nyambung!
Kumaha pami anu ngajengkeunana ngagem agama Islam? Waleranana gampil nyaéta ku alesan agama, dumasar kana Al-Qur’an, Sunnah, sareng katerangan nu sanésna, anu ngadukung kana patarosan éta. Jawaban anu merenah, ditambih kaimanan anu kiat, tangtos tiasa nyugemakeun anu naros. Langkung-langkung ditambih kahartos ku akal pikiranana.
Patarosan anu diajengkeun ku Kang Tédi kumaha?
“Awalna ieu paguneman nyaeta tina patarosan Kang Teddy Sur, anu naroskeun ngeunaan Baitullah anu saumpana dihartoskeun sacara harfiah mah nyaeta: Imah Alloh. Sedengkeun Baitullah teh keur patokan urang Sholat. Anu jadi pataraosan, naha disebut Imah Alloh, sedengkeun dina Baitulloh teh justru eusina Batu Hajar Aswad. Mun kitu mah sarua jeung nyembah kana Batu... Kitu awalna mah...”
(kang Ndoell, urangsunda@yahoogroups.comAlamat surélék ieu ditangtayungan tina bot spam, anjeun perlu ngajalankeun Javascript-na ngarah bisa dibuka : Saptu, 23 Juni 2007; jam 11:18)
Di dunia filsafat mah kalebet patarosan anu umum, biasa, teu sabaraha dibandingkeun sareng patarosan: Saleresna kumaha dzat Allah anu ku urang disembah téh?
Kumaha wujud Allah anu ku urang di pusti-pusti téh?
Ceuk filosof, teu nanaon patarosan nu kitu diajengkeun, supaya anu dilakonan ku urang téh jelas maksud jeung tujuanana. Padamelan anu teu jelas maksud jeung tujuanana mah tong dipidamel. Asup akal pan? Logis pan? Kaharti ku akal séhat pan? Jadi, lamun urang teu apal kana dzat sareng wujud, rék nanahaonan nyembah Alloh?
Derrrr weh urang Islam anu aqidahna kirang, teu sarolat nepikeun ka aya nu ka luar ti Islam, murtad. Jalma-jalma di luar Islam anu geus mimiti interés ka Islam ku alatan pasualan éta jadi malundur. Kusabab teu dibahas téa. Ceuk filosof mah éta hiji karugian dina rékrutmen umat. Mantak gé sok bahas sagala pasualan sangkan kaharti ku akal.
Saur sabagian agamawan, derrrr langsung dijawab…….. murtad tah nu nanya téh! Geus antepkeun we si ontohod kos kitu mah tong dipaliré. Percuma ngajelaskeun ka manéhna mah moal bisa ngarti. Teu meunang hidayah, peun teu aya terusanana.
Antukna nu tadina ngagem agama Islam téh, pindah ngagem agama séjén, malahan teu boga agama. Da éta disebut murtad téa ku dulurna sorangan. Anu di luar agama Islam cacarita taaaahhhh…… tempo urang Islam kakara dibéré pasualan kitu ogé geus teu bisa ngajawab, cingcirining kakuranganana. Atuuuuhhhh ngarémbét kana pasualan nu séjén, tepi ka étos kerja sagala rupa di bahas ditempo tina kayakinan nu diagem, antukna agama anu disalahkeun.
Ceuk filosof, sakali deui… hiji karugian dina mertahankeun umat. Mantak gé sok bahas sagala pasualan sangkan kaharti ku akal. Saur sabagian agamawan, tetep…. Murtad, jalma nu teu meunang hidayah. Peun teu aya terusanana.
Saur sabagian kelompok nu sanes, aya hal-hal anu kedah diperhatoskeun nalika urang ngawaler patarosan nu di luhur:
1. Sok taros ku andika saha nu ngajengkeun pasualan éta?
* yuswana sabaraha?
* atikanana ti mana?
* naha ngagem Islam atanapi henteu?
2. Naon pangna anjeuna naroskeun perkara éta?
* naha pikeun nguji?
* naha pikeun ngandelkeun kaimanana?
* naha dirina aya dina kaayaan imanna nu keur turun?
* naha dina raraga milari hiji agama pikeun diagem ku anjeuna?
Taaahhhhh pami dua patarosan nu aya anakan, kajawab. Prak walon ku andika nu rumaos kebek ku élmu pangaweruh ngeunaan pasualan éta kalayan merenah, basa nu saé, sangkan nu naros teu kasigeung dumasar kana tatapakan nu tiasa dipertanggungjawabkeun.
Pami nu ngajengkeun pasualan éta ngagem agama Islam, waleran téh langsung dumasar kana Al-Qur’an sareng As-Sunnah (margi éta nu janten tatapakan urang). Ĕta mah ujian pikeun urang. Buktoskeun yén kaimanan langkung utami batan nu sanés, langkung-langkung pami nu naros téh pimitohaeun. Jawab, sangkan kaimanan nu ngajengkeun éta pasualan janten langkung kandel, ulah dugi ka turun langkung jero. Komoooo dugi ka ngantunkeun kayakinan, margi éta téh kalebet tanggel waler urang salaku dulurna. Nunjukkeun ka jalan anu lempeng.
Ayeuna pami nu ngajengkeun pasualan éta di luar Islam, waler dumasar kana Al-Qur’an sareng As-Sunnah. Teu sawios pami anjeuna teu ngartoseun ogé. Ĕta téh tiasa nunjukkeun kadar kaimanan urang. Kakuatan agama urang dina medar pasualan éta. Atuh mamanawian tiasa janten hidayah pikeun anjeuna. Pilari sumber anu tiasa ngarojong kana jawaban pasualan éta, nu kinten-kinten logis. Margi ti dinya agama urang keur diuji ku aranjeunanana.
Batesan patarosan nu sumping. Margi pami teterasan ulah-ulah kalebet golongan Islam anu tisolédat kayakinan, Yahudi atanapi Orientalis.
Leres henteuna agama teu kedah diuji ku manusa. Aya henteuna manusa nu ngagem, agama Islam tetep aya moal tilem. Tapi buktosna, di alam tempat kumelendang manusa, nu di paparin akal pikiran ku Alloh, sagala rupi tiasa naék ka permukaan. Ĕta téh ujian. Urang salaku umatNa gaduh tanggel waler dina raraga mertahankeun kayakinan urang, sangkan lolos tina ujian anu sumping. Kumaha carana? Urang gaduh tarékah séwang-séwangan luyu jeung alam pikiran urang. Hiji anu pasti, sadaya anu dipilampah ku urang kanggo ngagungkeun Asmana Alloh, Insya Alloh.
Pribados yakin Kang Tédi yuswa tos cekap. Atikanana? Yakinlah luhung! Tinangtos ngagem agama Islam. Ĕta pikeun ngajawab patarosan kahiji. Patarosan kadua? Teu kedah diwalon, cekap ku patarosan kahiji ogé. Pribados teu kumawantun ngiring mairan éta pasualan margi élmu pangaweruh anu teu acan dugi ka dinya. Tapi panginten aya konci kanggo ngawaler patarosan éta:
1. Pilari dina Al-Qur’an sareng As-Sunnah, pami teu lepat parantos aya nu ngaguar
“Leres kang, tina terjemahan bahasa Indonesia, cobi we tengetan nu dihandap ieu:
Al-Baqarah: 125. Dan (ingatlah), ketika Kami menjadikan rumah itu (Baitullah) tempat berkumpul bagi manusia dan tempat yang aman. Dan jadikanlah sebagian maqam Ibrahim tempat shalat. Dan telah Kami perintahkan kepada Ibrahim dan Ismail:"Bersihkanla h rumah-ku untuk orang-orang yang thawaf, yang i'tikaf, yang ruku', dan yang sujud.
Al-Baqarah: 127. Dan (ingatlah), ketika Ibrahim meninggikan (membina) dasar-dasar Baitullah beserta Ismail (seraya berdo'a):"Ya Tuhan kami terimalah daripada kami (amalan kami), sesungguhnya Engkaulah Yang Maha Mendengar lagi Maha Mengetahui.
Al-Baqarah: 158. Sesungguhnya Shafaa dan Marwa adalah sebagian dari syi'ar Allah. Maka barang siapa yang beribadah haji ke Baitullah atau ber'umrah, maka tidak ada dosa baginya mengerjakan sa'i di antara keduanya. Dan barang siapa yang mengerjakan suatu kebajikan dengan kerelaan hati, maka sesungguhnya Allah Maha mensyukuri kebaikan lagi Maha Mengetahui.
Ali-Imran: 96. Sesungguhnya rumah yang mula-mula dibangun untuk (tempat beribadah) manusia, ialah Baitullah yang di Bakkah (Mekah) yang diberkahi dan menjadi petunjuk bagi semua manusia.
Ali-Imran: 97. Padanya terdapat tanda-tanda yang nyata, (diantaranya) maqam Ibrahim; barangsiapa memasukinya (Baitullah itu) menjadi amanlah dia; mengerjakan haji adalah kewajiban manusia terhadap Allah, yaitu (bagi) orang yang sanggup mengadakan perjalanan ke Baitullah; Barangsiapa mengingkari (kewajiban haji), maka sesungguhnya Allah Maha Kaya (tidak memerlukan sesuatu) dari semesta alam.
(kang Ndoell; urangsunda@yahoogroups.comAlamat surélék ieu ditangtayungan tina bot spam, anjeun perlu ngajalankeun Javascript-na ngarah bisa dibuka ; Salasa, 5 Juni 2007, jam 06.01).
Manawi kersa (mung nambihan katerangan) muka Tafsir Al-Maraghi buku ka-1 (Tarjamahan) kaca 370 – 383; buku ka-2 kaca 44 – 49 (punten pami parantos uninga).
2. Pilari hartos Baitullah tina palanggéran Bahasa Arab, sanaos teu acan teleb nu ieu ogé parantos aya nu ngaguar
"Panasaran, pribados milarian kecap Baitullah dina Al Quran, weleh teu mendakan, aya oge baita, baiti, baitin. Cik manawi aya baraya Kusnet nu tiasa mendakan?
Kecap Baitullah ayana mung dina tafsir bahasa Indonesia, kuring yakin penterjemah nganggo kecap Baitullah keur ngabedakeun kecap baita, baiti atawa baitin (maksudna Kabah) jeung imah biasa, jeung masjid biasa. Mun diterjemahkeun Imah wungkul bisi pahili jeung imah biasa. Kunaon teu diterjemahkeun „Kabah“? sabab dina Al Qurana oge lain „Kanah“ sok sanajan nu dimaksid Kabah.
Mun disusud tina basa arabna (baita, baiti atawa baitin), jelasa lain hartina bumi nu dilebetna aya Wujud Allah nu ayana ngan dijero ieu kabah wungkul, lain, lain kitu. Da Wujud Allah mah aya dimana wae. Baitullah maksudna imah atawa tempat manusa (muslimin musilamat) nu aman kanggo ibadah, thawaf, ruku, sujud, shalat, nyaeta Kabah tea.“
(Kang Santosa; urangsunda@yahoogroups.comAlamat surélék ieu ditangtayungan tina bot spam, anjeun perlu ngajalankeun Javascript-na ngarah bisa dibuka ; Salasa, 5 Juni 2007, jam 05:36)
Ieu mah teu tiasa masihan referensi margi kedah ku ahli bahasa, pribados mah bororaah basa deungeun basa nyalira ogé masih rumpu-rampa, hapunten.
3. Pilari ahli anu tiasa ngaguar pasualan ieu dumasar kana pikiran anu logis téa
Punten ieu ogé teu tiasa masihan referensi, langkung-langkung ngajengkeun pamendak nu asalna tina pikiran nyalira.
Taaaahhhhh kitu anu aya dina pikiran sim kuring nu buta tulang buta daging (séhat salawasna?), tapi teu aya pangabisa, nu ngan ukur bisa mulungan ti batur.
Tulisan, anu kénging ilham tina patarosan Kang Tédi sareng waleran ti Kang Ndoel ieu, Duka teuing maksudna naon? Moal ari mamatahan hiber ka manuk, atanapi mamatahan ngojay ka meri mah. Nu pasti pikeun mamatahan diri sorangan. Duka teuing badé dikintunkeun ka saha? Pasti moal ka sakumna jalma, margi kedah dipilah-pilah, ka nu teu bisa maca mah moal dikintun.
Engkéna janten kumaha ieu tulisan? Nya kumaha engké wé……………….
Engkéna bakal kumaha nu maca ieu tulisan? Éta gé kumaha engké………………
Leres henteuna ieu tulisan mangga diparios ku nu kersa maos. Pami aya nu badé didugikeun mangga ajengkeun ka pribados, ulah ka nu sanés bilih teu dipaliré, di herni50 at yahoo.co.id. Insya Allah dijantenkeun kasaéan.
Caaaaaaaggggg capé geuning ayeuna mah nyerat sakieu ogé. Hapunten anu kasuhun ka sadaya anu maos ieu kereteg.
Nu saé mangga anggé.
Nu awon tong di simpen di pawon,
langkung saé piceun,
duruk dina wadah runtah.
Wassalam
Asyhadu Alla Ilaaha Illallah wa Asyhadu anna Muhammadar Rasulullah
Mugia Allah maparin panuyun ka abdi, mahluk nu teu gaduh pangawasa dina nyorang kahirupan kamari, ayeuna sareng nu bakal sumping, Amiin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
kamandang