Pikukuh Hirup Urang Kanékés

Sumber : Kusnet, Cpas 8 Agustus 2008
Ditulis ku Oman Abdurahman
Juma'ah, 29 Pebruari 2008

Dihandap ieu kahaturkeun versi anu leuwih kumplit ngeunaan "Pikukuh Hirup rang Kanekes" sakumaha potonganan anu diposting ku Ambu. Ieu catetan meunang ngahaj nuliskeun deui nalika si kuring lunta ka wewengkon Kanekes taun 1997, dumasar pinutur sekretaris Jaro Daenah, jaro di Kp. Kadu Ketug anu minangka gapura asup ka wewengkon Tangtu, Kanekes.

Ieu catetan kungsi dipaparinkeun ka Teh Eli Julia samemeh anjeunna angkat nganjang ka Kanekes. Ku anjeunna laju ieu catetan diposting ka milist tatangga (teu sawios Teh Eli, teu disebatkeun sumberna oge, rido da keur alarea ieuh):

1. Garapan (cecekelan) hirup urang Kanékés anu dipigawe jeung kudu dilaksanakeun sapopoe, nyaeta pondok teu meunang disambung, lojor teu meunang dipotong. Ari kahirupan Urang Baduy teh titipan ti Adam Tunggal anu disebut Wiwitan. Nyaeta, saluruh bangsa, agama jeung nagara. Ari wiwitanna nyaeta ti nagara puluh tilu pencar salawe nagara, kawan sawidak lima (genep puluh lima). Eta the anu disebut eusi tina jumlah lima puluh dalapan nagara, anu masing-masing boga buyut, boga pantang, boga ulah, jeung boga pamali.

Nagara pikahareupeun mah, bahan diwangun jeung bahan dirobah kudu jadi kamajuan. Ngan ari wiwitan mah anu aya di Baduy, teu meunang dileungitkeun jeung teu meunang dirobah, kudu angger sarua jeung garapan hirupna. Anu jadi sabab, geus aya ti luhurna, nyaeta basa Adam Tunggal ngumpulkeun sakabeh pananggungjawab alam dunya, pikeun nyaksian dijieunna Rukun Larapan Dua Welas, anu bakal ngeusian alam dunya. Ngan garapan ieu teu meunang dijadikeun hiji sabab bisi ngaganggu kana pangwangunan nagara.

2. Wiwitan anu dijadikeun garapan hirup sanajan ditawarkeun ka sakabeh Rukun Garapan Dua Welas, bakal loba anu teu sanggupeun. Tapi, kudu aya anu sanggup nyekel, nyaeta pikeun neguhkeun jeung ngageuingkeun anu aya ti Sabang nepi ka Merauke. Ari wiwitan anu diteguhkeun the nyaeta lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung tea bari ngalaksanakeun
• - Mipit kudu amit
• - Ngala kudu menta
• - Ngagedag kudu bewara
• - Ngali cikur kudu matur
• - Ulah gorah, ulah linyok (bohong)
• - Ngadek kudu sacekna (nu enya kudu dienyakeun, nu ulah kudu diulahkeun)
• - Ulah sirik, ulah pidik
• - Ulah ngarusak bangsa jeung nagara
• - Gunung teu meunang dilebur, lebak teu meunang diruksak.

3. Urang Baduy boga kasanggupan ngadeugkeu, ngageuingkeun, jeung neguhkeun titipan ti wiwitan anu diparentah ku Adam Tunggal. Sanajan kitu, kudu dibantu oge ku anu neguhkeun, anu matuhkeun, jeung anu ngawangun nagara, nyaeta Pamarentah.
4. Sawelas ti Rukun Garapan Dua Welas aya kasanggupan ngabantu neguhkeun jeung matuhkeun wiwitan. Satungtung wiwitan masih keneh diurus ku manusa, makhluk anu sejen mah (saperti siluman/sileman/ghaib) ulah ngabantuan, sanajan maranehna hayangeun jeung mampu.

Manusa anu rame-rame ngabantuan sakamampuanana, sasukana, sakadugana, saweratna, jeung sakawasana, boga ngaran nyaeta Buyut Najra, Buyut Karang, Buyut Bombang, Buyut Para Nabi, jeung Buyut Para Wali. Ngan Buyut Adam Tunggal anu aya di Sabang nepi ka Merauke euweuh eureunna kudu terus neguhkeun wiwitan. Nyekel wiwitan bisa disebutkeun bener, bisa disebutkeun salah. Disebutkeun bener, da aya riwayatna; disebutkeun salah, da euweuh bukuna. Ngan lamun asa-asa jeung kurang percaya, teangan poe 7, bulan 12, tahun 8. Sabulan 30 poe, sataun 360 poe. Lamun ieu hanyang ngoreh atawa hayang nyaho leuwih jero, ulah disusul ka Baduy, jeung ulah nanya ka Puun, tapi teangan dina sajarah alam.

Ari sajarah alam ceuk itungan Urang Baduy euweuhna nepi ka 415 tahun, waktu nagara urang dijajah Walanda. Ti dinya, Sultan Banten mundur eleh ku Walanda, bari aya pamanggilna di birit Leuwi Kadatuan nu ayana di Parakan Dangong; tuluy ditepungkeun ka puun Lanting.

Sultan Banten nyarita,"Kami geus moal bisa neguhkeun wiwitan, ngan omat-omat kudutetep diteguhkeun jeung kudu dipatuhkeun, ulah gedag kalinduan, ulah rigrig kaanginan, jeung ulah limpas kacaahan. Lamun heunteu dipatuhkeun, matak puhpul pangaruh, matak teu meunang juritan, matak cambar kamenakan, matak sangar kanagara, leutik pangarahna jeung leutik pangaruhna ka nagara."

Tah ti dinya Puun Lanting nanya: "Ari sajarah alam aya dimana?"

Sultan ngajawab: "Cenah aya di Bogor"

Puun nanya deui: "Di mana jeung di saha?"

"Di Tanah Sareal, di Pangeran Raja Galeher," jawab Sultan Banten.
Ti dinya langsung bubar, ngan Ratu Banten (Sultan) nyarita,

"Kami mah, lamun asup ka kayu beureum, milu beureum; asup ka kayu putih, milu putih. Ngan omat, bisi aya urang kulit putih jeung urang Cina, eta ulah diasupkeun ka kungkurangan jero Baduy, hususna ka padalaman."

Prinsip hirup, garapan hirup Urang Baduy, nyaeta Baduy Luar ngajaga bari ngabantu tapa Urang Baduy Jero di wiwitan. Ari tapana, lain teu dahar, lain teu nginum, atawa teu sare; ngan tapana tapa bener, kudu ngajaga saluruh alam, kudu neguhkeun jeung kudu matuhkeun cara pamakean garapanana, bari ulah aya anu ngaruksak jeung ulah ngarobah titipan, saperti ngajaga kalestarian alam, di Baduy Jero nyieun imah teu meunang make paku, taneuhna teu meunang diratakeu (kudu sakumaha aslina), anu ngeusian imah teu meunang make emas jeung teu meunang nyeungeut lampu minyak tanah sababna ari minyak tanah mah asalna ti alam dianggap ngaruksak alam lingkungan, meunang ge nyeungeut lampu anu minyakna tina minyak picung atawa minyak kalapa (ramuan alam). Kahirupan Baduy Jero jeung Baduy Luar nyaeta ngahuma, bari taneuhna teu meunang dipacul, kitu deui caina (sirah cai jeung walungan) teu meunang diracun jeung dikotoran lantaran ngaruksak alam.

Pulo Jawa aya riwayatna manjang ti Barat ka Timur, nyaeta nyangsirah ka Ujung Kulon, disebut Sanghyang Sirah, nyaeta sirahna P. Jawa, nunjang ka Blambangan disebut Sanghyang Dampal nyaeta dampalna P. Jawa. Ti Sanghyang Sirah ka Sanghyang Dampal ngabogaan tulang punggung, nyaeta Pagunungan Kendengnu loba sumber caina. Sakabeh manusa kudu ngajaga jeung ngamankeun alam pikeun kahirupan makhluk Alloh SWT.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang