KISI-KISI UAS GANJIL XII

1.     Dongéng téh kaasup kana carita balaréa. Sabab dongéng....
2.     Ajaran moral nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngaregepkeun sok disebut ....
3.     Lamun dipasing-pasing nurutkeun eusina dongéng téh aya nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa, nu biasa disebut....
4.     Dongéng nu nyaritakeun mahluk ciciptaan, bangsaning jurig njeung siluman. Saperti kunaon sababna paré béak ku beurit,  kunti anak, jeung munjung. Dongéng sarupa kitu sok disebut....
5.     Pamungkas ngajabat naon  Si Boncél téh?
6.     Anu teu ka asup kana kalimah intransitif nya éta ....
7.     Istilah pangrandap dina unsur kalimah, disebut ogé ....
8.     “Da kuring mah turunan cacah, bénten sareng salira nu turunan ménak”
Kecap cacah mibanda harti?
9.     Ngadahar seureuh nu dicampur apu jeung gambir, disebut?
10.   Ku sabab dahar soré jeung isukna kajamin awakna mimiti.....
11.   Di sukabumi gé loba jalma nu....,jajaluk api-api jadi jalma ripuh.
12.   Jadi jalma mah kudu bisa...ku itu ku ieu bisa ditarima jeung kaaku.
13.   Kalimah pananya téh nya éta kalimah nu pungsina pikeun nanya sarta miharep résponsi....
14.   Kalimah wawaran nya éta kalimah nu pungsina nepikeun informasi sarta miharep responsi nu mangrupa....
15.   Bagian imah panghareupna anu digemblangkeun, paranti narima tamu atawa ngawangkong

16.   Mangrupa bagian imah nu pungsina paranti saré atawa neundeun hal nu dianggap penting

17.   Paguneman téh mangrupa kagiatan komunikasi anu dilakukeun dua arah.
18.   Tekenan, luhur-handap, bedas-halon, panjang-pondokna sora nu kudu diperhatikeun nalika paguneman, biasana
19.   Maguneman jeung babaturan ngagunakeun ragam basa....
20.   “Ki manawi...perkawis Talaga Bandung?”
21.   rarangkén “ar” kaasup kana rarangkén....
22.   Leuir + (-ar-) =....
23.    Paré ranggeuyan nu dileyek supaya jadi bangsal pikeun pibiniheun. Kecap nu dicondongkeun sarua hartina j
24.   Paré pibiniheun sanggeus dikeueum, dibungkus nepi ka buni. Sanggeus kaluar akarna tuluy paré pibiniheun ... dina kotakan pabinihan atawa di darat 

25.   Naon bédana kalimah transitif jeung kalimah intransitif?
26.    Panata acara téh ngabogaan tugas pikeun ngatur lumangsungna acara. Sakapeung sok disebut MC, péndékna tina ....
27.   “Para wargi anu sami-sami linggih, langkung ti payun mangga urang .... sukur ka Alloh SWT, anu parantos ... urang sadayana tiasa ... lawung dina ieu pasamoan. Kalayan widi-Na pisan urang sadaya tiasa silaturahmi kalayan séhat
28.   “Sakumaha anu parantos didugikeun dina serat uleman, ieu acara teu aya sanés seja ngébréhkeun rasa kabingah réhna sadaya murid kelas dua belas tiasa namatkeun di ieu sakola...”
Biantara di luhur mangrupa sempalan tina bagian ....
29.   “Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, kanggo acara nu salajengna nya éta ... ti bapa Kepala Sakola. Ka kersana bapa Drs. H. Suhandi Saepurohman, MSi, sumangga ....”
30.   “Hadirin anu dipihormat, peryogi didugikeun, yén ieu acara Paturay Tineung téh diwangun ku sababaraha runtuyan acara, diantawisna;”
31.   Eling eling masing eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan bae
raga taya pangawasa
lamun kasasar lampah
nafsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan
Rumpaka di luhur kaasup kana pupuh ....

32.   Guguritan téh ditulis dina wangun karangan....
33.   (8ui, 8u,8a, 8i, 8a, 8i). Mangrupa guru lagu jeung guru wilangan tina pupuh ....
34.   Kecap serepan téh nya éta mangrupa sajumlahing kecap anu asalna tina basa saluareun Sunda. Boh nu ngalaman parobahan wangun, lafal, boh nu henteu. Di handap ieu nu mangrupa kecap serepan nu asalna tina basa arab nya éta ....

35.   Sedengkeun kecap serepan nu asalna tina basa Portugis, nya éta ....
36.   “Masih kénéh émut nalika ibu sareng bapa guru bendu wiréh abdi sadaya teu tumut kana aturan anu aya di ieu sakola.
Eusi kalimah di luhur téh ngébréhkeun ....
37.   “Mugia amal kasaéan Ibu sareng Bapa guru di ieu sakola dibales ku Nu Maha Kawasa ku mangrébu-rébu kasaéan di dunya sareng di ahérat. Amin
Maksud nu dikandung dina kalimah di luhur nya éta ....
38.   Upama urang rék biantara saméméhna urang kudu nyiapkeun ....
39.   Para ahli geus mupakat nyieun kacindekan anyar yén anu disebut planét mah diantarana kudu boga orbut anu ngurilingan panonpoé jeung henteu motong orbit planét lianna.
Anu jadi jejer (Subjék) dina kalimah di luhur nya éta ....
40.   Ari nu sok disebut bulan téh, nya éta nu sok caang ... unggal tanggal 14.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang