RUPA-RUPA LEUMPANG

(Pangdeudeul pangajaran basa Sunda)

Boyot                    = leumpang kendor bangun beurat awak.

Déog/péngkor  =leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok.
Dohot-dohot     = leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho.
Égang/égol         = leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan, jsté.
Gonjléng             = leumpang awéwé bari  ngobah-ngobahkeun awak, haying narik perhatian lalaki.
Ingkud-ingkuan/jingkrung = leumpang teu bener lantaran nyeri suku, jsté.
Jarigjeug/jumarigjeug = leumpang bari semu rék labuh (biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering).
Jingjet                   = leumpang semu hésé ngaléngkah lantaran cacad suku atawa make samping nu heureut teuing.
Képoh                   = leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu (méh kawas aksara x).
Kukurubutan     = leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu rembet kakayon.
Moyongkod/mongkoy = leumpang anca rada dongko, némbongkeun ulat sieun atawa éra.
Narabas               = leumpang di nu bala atawa di nu rembet kalawan teu miduli cucuk, jsb.
Neker                   = leumpang di tempat nu nanjak pisan (netek).
Néléndén            = leumpang budak, anca, pikalucueun.
Nelenyeng          = leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang.
Niliktik                  = leumpangh budak nu kakara bias leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu.
Nolog                    = leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poék.
Noyod                  = leumpang nurutkeun karep sorangan, teu maliré ka nu nyaram.
Ngabadaus         = leumpang (semu gancang) teu luak-lieuk.
Ngabéngbéos/méngpéos = leumpang teu luak-lieuk (biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jsté). Ngadaligdeug/dalugdag-daligdeug = jarugjag-jarigjeug, leumpang kawas nu mabok, kawas nu rék titotolonjong.
Ngadédod           = (awéwé) nu leumpang anca sarta biritna ka kénca ka katuhu.
Ngagidig               = leumpang gancang sarta segut.
Ngadigleu            = leumpang kendor, semu bareurat ngléngkah.
Ngadudud           = leumpang gancang teu luak-lieuk.
Ngandeuang      = leumpang sale, dada ajeg, bari keupat laun.
Ngagéang            = leumpang semu égang.
Ngageblay           = leumpang awéwé, anca, bari keupat laun, geblay-geblay.
Ngageblig            = leumpang bari neundeut-neundeutkeun suku tepi ka kadéngé sora blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyepan)
Ngagéboy           = leumpang awéwé nu rada lintuh, awakna semu leuleus.
Ngagégag            = leumpang kendor semu beurat awak.
Ngagéyot/ngagiyet = leumpang awéwé bari semu ngobah-ngobahkeun bujur.
Ngageuyeuggeung  = leumpang laun nu keur gering atawa nu kakara hudang gering.
Ngagidig/ngagedig = leumpang gancang sarta segut (sarua jeung ngadigdig).
Ngagigeug           = leumpang semu beurat ku awak, oyag ka kénca ka katuhu.
Ngagilincing        = sesebutan keur nu leumpang teu mawa nanaon.
Ngagiplek            = leumpang awéwé nu gendut, bujurna guplak-giplek.
Ngagitek              = leumpang awéwé bari semu ngaghutak-gitek bujur.
Ngalanggéor      = leumpang awéwé (biasana nu lenggik) nu alus katempona.
Ngaléjég/lajag-léjég = leuleumpangan di hareupeun batur bari ambek.
Ngalénghoy        = leumpang alon lantaran cape.
Ngaleyad             = leumpang anca diaplén.
Ngeteyep            = leumpang laun ( biasana nu keur ngintip) sieun kadéngé atawa katempo ku batur.
Ngincid                 = leumpang gancang sorangan.
Ngingkig               = leumpang gancang teu luak-lieuk.
Ngiciprit               = leumpang keur waktu hujan atawa loba kénéh cileuncang.
Nyelengceng     = leumpang gancang sosoranganan (miheulaan batur).
Ngungkug           = leumpang gancang teu luak-lieuk.
Nyerenteng/nyirinting = leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur (bari ambek).
Rarampéolan     = leumpang semu leuleus (nu keur mabok, jsté.).
Rincug                   = leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sandal/sapatu.
Sasampoyongan = leumpang gagaléongan (nu keur mabok, jsté.).
Sésélékét            = leumpang diantara jelema loba.
Seselendep        = sarua jeung sésélékét.
Singkang              = leumpang semu jegar lantaran sukuna (ti lebah tuur ka handap) semu ka luar, sabalikna tina képoh.
Tonggoy               = leumpang teu luak-lieuk (bari tungkul), teu miroséa ka nu gegeroan.
Totolonjongan  = leumpang kawas nu rék titotolonjong.
Turugtug, nurugtug = leumpang gancang di nu mudun.
Tuturubun          = turun atawa leumpang rurusuhan, buru-buru.

Nuduhkeun leumpang lobaan
Ngabring              = leumpang babarengan.
Ngabrul                                = kaluar atawa indit babarengan.
Ngaburudul        = kaluar ti hiji tempat (lobaan).
Ngaleut                                = leumpang babarengan (jalamana leuwih loba ti batan ngabring).
Ngantay               = sarua jeung ngaleut.
Ngeungkeuy      = saharti jeung ngaleut; ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang (paribasa).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang