UPACARA ADAT PATURAY TINEUNG KELAS XII

UPACARA ADAT PATURAY-TINEUNG SISWA KELAS XII 

PROLOG
Poe ieu dina patok nu muka, dina lalampahan hirupkumbuh anu tangtu, urang miang pada-pada nangtukeun jalan sorangan,memeh langkah dina jalan kabagjaan, urang kebat, asa kamari urang nyuprihpangarti, kiwari nu ngancik naati sanubari baris kapipit kaala hasilna ngajadibukti, memeh tetep ngiles pinuh kareueus hayu urang bandungan


Batur jenuk mangka weruh
Balarea mangka waspada
Papayung agung mancuh saestu
Emban mapayang tandana naratas jalan
Kalayan nyebat ….. bismillahirrohmanirrohim
Upacara Paturay tineung kelas XII SMK PASIM PLUS SUKABUMI….DIKAWITAN……

(Overture)
………….

(Dayang-dayang)
………….

(Lengser Asup)
Narator          : “uwa,,,wa léngsér…na di mana pangersa…..
                            Kumargi acara parantos dikawitan…
    sumangga uwa dihaturan ka papanggungan

…lengser asup, kesel ngantosan…bari ka kenca ka katuhu nyawang
…Tuluy ka tengah tepak  deku

Umbul – umbul ting parentul
Jadi cirri anu pasti
Ting arulang ngageleber
Lir anu ngagupayan
Bagea nu anyar datang
Nu kasep raja sadinten
Nu mahal lir emas inten
Bagja teuing duh anaking

(ponggawa asup)
……..
(Lengser bewara, di tengah tengah ponggawa, hareupeunna bari ngibing)
Euleuh geuning eleuh geuning itu geuning
Panganten teh panganten teh bener sumping
(ngibing)
Yap, bagea bagea jimat awaking
Hidep nu dianti-anti kadang wargi sami nganti
Hayu urang papag tuh nu kasep nu diantosan
Bagja, bagja temen nu ngantos teu hariwangeun
Haturan mugi linggih haturan wilujeng sumping
Mangga geura linggih geura tampi ieu pangasih
(ngibing)
Yap bagea, bagea jimat awaking
Hidep nu dianti-anti kadang wargi sami nganti
Hayu urang papag tuh nu kasep nu diantosan
Bagja, bagja temen nu ngantos teu hariwangeun

(Payung)
Payang kuning  kadia emas sinangling
Ting gurilap ting baranyay
Lir cahya ti kahiyangan
Nu ngempur dipayung tangtung
Papayung sang kala rasa
Rumingkang meber komara
Lawang rembesing kusuma

Seke seler pajajaran
Payung agung payung langit
Gumebyar lir layung kuning
Waluya jati rahayu……
…………………..

(Merak Asup)
…………………..
Dalingding wangi malati
Wawangi pasini jangji
Ayeuna datang mangsana
Matri  ngajadi na wanci…
Tawis bingah rasa bagja
Dipapag ku merak ngibing

(Merak ngibing)
……………..
(Jajap Pangantén-Lengser tos ngatur panganten-pa Kepsek-ket Yayasan)
Haturan wilujeng jimat awaking
Hidep geuning jimat awaking
…….

NASKAH SUNGKEM

NARATOR
Kasep…geulis…
Di payuneun hidep parantos calik bapa kepala sakoa sareng ibu pupuhu yayasan nu maksadna ngadugikkeun kanyaah sareng kaasih ka hidep nu mangrupi piwejang.

KEPALA SAKOLA/YAYASAN
“ Bagéa kasép…geulis…anaking
Poé ieu kabungah bapa jeung ibu sadayana tembus ka langit ka tujuh…parat ka congka rasa…réhna hidep sakola geus réngsé…
Jalan panjang nu baris disorang..geus nampeu hareupeun hidep
Bral…geura miang, dimimitian ku ngucapkeun bismillah…bari dibarengan ku niat nu bersih tur suci…
Omat anaking,,,tinangtu bakal panggih hahalang jeung dodoja,,,,
Tapi sok sanajan kitu, omat anaking hidep ulah geumpeur jeung galideur….malah mah kudu jadi pamecut pikeun ngahontal jeung ngudag cita-cita….Lamun hidep tetep panceg dina jalan nu dipirido ku Alloh,,,insyaalloh hidep bakal sanggup nyanghareupanan….
Kasép…geulis anaking….
Pamungkas saméméh hidep ngaléngkah…ninggalkeun ieu sakola…
Peupeujeuh hidep kudu yakin ,,,yén élmu nu dipimilik ku hidep téh bakal bisa nangtukeun luhur jeung handapna darajat hidep,,,,braaallllll anakiiiiing,,,geura miang,,,,ku bapa miwah ku ibu didu’akeun………”
“ya Alloh……ya robbi…..
Abdi titip ieu murangkalih….mugia aranjeuna dina nyiar elmu jeung panemu….sing aya dina mungguh Alloh…..mulya dina pandangan manusa,,,,aamiin…..















NARATOR
Bagéa anaking…
mangga geura teuteup raray bapa sareng ibu,,,,nu parantos ngadidik sareng ngaping hidep salami 3 taun. Dibarengan ku hate nu jumerit ka alloh..kalayan nyuhunkeun dihapunten tina sagala dosa…

SISWA
Bapa……ibu….hapunten abdi….
Abdi rumaos seueur nyesahkeun….rumaos seueur ngadamel kalepatan—sok ngeselkeun….
Rumaos tara tumut kana paréntah bapa sareng ibu……………….salami 3 taun abdi dididik, diaping, ku bapa miwah ibu……hapunten abdi ibu….hapunten abdi bapa…….
Dinten ieu…………….abdi sareng réréncangan…bade permios seja ngantunkeun ieu sakola……
Du’akeun abdi sadaya supados tiasa hasil dina cita-cita…………

KEPALA SAKOLA/KET YAYASAN
Bagéa anaking,,,,ku bapa miwah ibu teu wéléh dihampura….sadaya kalepatan hidep…..
Bapa sareng ibu ngan ukur  ngajurungku du’a….BRALLLLL….anakiiiing hidep geura miang….geura tandang makalangan……

NARATOR

“SUMANGGA NGADEG DEUI…URANG LAJENGKEUN KANA NGAKALUNGAN MANGLE NU MANGRUPA TAWIS YEN HIDEP RESMI JANTEN ALUMNI………………”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang