Conto Biantara Basa Sunda 1

Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas X nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade medar kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna ti kawit ayeuna pisan.

Urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih tina eta sadaya teh nu didadasaran tina bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Para wargi anu mulya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun Kana Perhatosanana

Wassalamualaikum wr.wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang