KAMPUNG NAGA


Kampung Naga perenahna aya di Desa Néglasari Kecamatan Salawu kabupatén Tasikmalaya. Daerah nu aya dina ketinggian rata-rata 500 m ti permukaan laut, hawana tiis dina suhu rata-rata 21,5-23 derajat celsius. Angka curah hujan rata-rata nepi ka 3.468 mm unggal taun.
Tibeulah kalér kampung adat ieu téh tepung wates jeung Kampung Nangtang, Desa Cigalontang. Beulah kidul tepung wates jeung pasir ogé jalan raya nu ngahubungkeun Tasikmalaya jeung Garut. Sedengkeun tibeulah wétan diwatesanan ku walungan Ciwulan jeung beulah kulon diwatesanan ku leuwi Naga nu sakaligus jadi wates pamisah Kampung Naga jeung Kampung Babakan. Wewengkon Kampung Naga nu legana sahektar satengah, lolobana dipaké keur imah, buruan, balong, leuwihna dipaké keur sawah nu dipanén sataun dua kali.
Jumlah warga Kampung Naga ti 0 nepikeun ka nu geus kolot jumlahna 304 jelema. Jumlah wangunanna aya 113, 110 imah warga , hiji bale patemon, hiji masjid jeung, hiji leuit.

Sajarah Kampung Naga
Sajarah atawa asal-usul Kampung Naga numutkeun salasahiji vérsina, dimimitian dina mangsa wali Syéh Syarif Hidayatullah atawa Sunan Gunung Jati.Hiji muridna nu ngaranna Singaparna dibéré pancén pikeun nyebarkeun agama Islam ka beulah kulon. Tuluy manéhna disebut Sembah Dalem Singaparna. Dina hiji poé manéhna meunang ilapat kudu tapa. Dina tapana Sembah Dalem Singaparna meunang ilham sangkan manéhna kudu cicing dihiji tempat anu ayeuna disebut Kampung Naga nepi ka daérah Néglasari nu ayeuna mah jadi Kampung Néglasari Kabupatén Tasikmalaya.
Karuhun Kampung Naga nu loba pangaruhna pikeun masarakat Kampung Naga “Sa Naga” nya éta Eyang Singaparna atawa Sembah Dalém Singaparna disebut ogé Eyang Galunggung anu dimakamkeun di beulah kulon Kampung Naga. Makam ieu dianggap ku masarakat Kampung Naga jadi makam keramat nu sok dipaké jarah dina upacara adat nu diayakeun keur sakabéh turunanna.
Namung iraha Eyang Singaparana tilar dunya henteu aya data anu pasti, teu aya hiji-hiji acan warga Kampung Naga nu apal. Numutkeun kapercayaan maranéhna nu turun-tumurun, karuhun masarakat Kampung Naga henteu tilar dunya tapi raib tanpa ninggalkeun jasad. Di tempat éta masarakat Kampung Naga nganggap makam, kucara méré cicirén ka turunan masarakat Kampung Naga.
Aya ogé carita anu sumebar di masarakat, nu nyebutkeun yén ngaran Kampung Naga asalna tina ayana oray naga nu ayana di wewengkon Kampung Naga. Lian ti éta aya ogé nu nyebutkeun yén Naga sarua jeung tempat nu ayana dina gawir (nagawir). Nu mana nu bener teu bisa dipastikeun sabab data nu aya geus teu aya. Henteu ditimukeun sacara pasti kumaha sajarah atawa asal-usul ngaran Kampung Naga.



Sistem Kapercayaan
Masarakat Kampung Naga sakabehna ngaku ngagem agama Islam, ngalaksanakeun solat lima waktu , puasa, jeung ngaji nu biasana dipilampah ku masarakat Islam umumna. Tapi disagedéngeun masarakat kampung Naga taat pisan nyekel adat-istiadat jeung kapercayaan karuhunna. Numutkeun kapercayaan masarakat Kampung Naga ku ngajalankeun adat-istiadat warisan karuhunna hartina ngahormatan para karuhun. Sagala hal nu datangna lain ti ajaran karuhun Kampung Naga, jeung sagala hal nu teu dipilampah karuhunna dianggap hiji hal nu tabu, atawa bisa disebut pamali. Masarakat Kampung Naga masih ngalaksanakeun kalayan tumut kususna dina kahirupan sapopoe, utamana nu aya patalina jeung kahirupana. Pantrang atawa pamali mangrupa katangtuan hukum nu teu tinulis nu ku maranehna dijugjug luhur jeung ditumutan ku sakabeh jelema. Misalna, tata cara ngawangun jeung wangun imahna, panempatan, arah imah, pakean, upacara, kasenian, jeung rea-rea deui. Nalika hal-hal eta henteu dipilampah ku masarakat Kampung Naga hartina ngalanggar adat, teu ngahormatan karuhunna. Numutkeun maranehna hal ieu pasti bakal nimbulkeun mamala.
Kapercayaan masarakat Kampung Naga kana mahluk halus masih dicekel pageuh. Percaya ayana jurig cai, nya eta mahluk halus nu nempatan cai atawa walungan utamana bagian walungan nu jero (leuwi) . Tuluy ogeririwa nya eta mahluk halus nu resep ngaganggu atawa nyingsieunan manusa ari peuting, aya oge nu disebut kuntilanak nya eta mahluk halus nu asalna téh awewe nu keur reuneu paeh, si kuntilanak resep ngaganggu awewe nu keur atawa rek ngajuru. Sedengkeun tempat-tempat nu dijadikeun tempat cicing mahluk saperi kitu ku masarakat Kampung Naga disebut tempat angker atawa sanget. Kitu oge tempat-tempat saperti makam Sembah Eyang Singaparna, Bumi Ageung, jeung masjid mangrupa tempat nu dipandang suci keur masarakat Kampung Naga.



Pendidikan
Di Kampung Naga teu aya sakola,ku kituna barudakna sakola ka luar Kampung Naga, nu teu pati jauh. Keur pendidikan formal rata-rata masarakat Kampung Naga ngan lulusan SD jeung SMP. Saleuwihna deui aya nu nepi ka jenjang paguron luhur. Hal ieu lantaran faktor ekonomi nu teu bisa nyakolakeun anakna nepi ka paguron luhur jeung falsafah maranehna nu nyebutkeun yen pendidikan bisa dihontal ku luang, daluang, jeung uang.Luang maksudna bisa diajar sorangan, daluang hartina diajar tina maca atawa nanya ka jelema lian, sedengkeun uang hartina bisa diajar di sakola pendidikan formal.
Namung masarakat Kampung Naga bener-bener ngajen pendidikan kahirupan, maranehna ngajalankeun sosialisasi jeung enkulturasi sahingga kahontal konformitas nu teu dipiboga ku lembaga pendidikan di Indonesia.





Pola Interaksi
Di era global, masarakat Kampung Naga bisa interaksi terbuka narima kamajuan-kamajuan tehnologi, asal teu patukang tonggong jeung hukum adat nu maranehna cekel.
Interaksi antarwarga oge lumangsung akrab, maranehnabercengkramadi kulawarga atawa tatangga pinuh ku kehangatan.Modal maranehna nya eta saling percaya., terbuka jeung silih tulungan. Hal ieu katempo tina wangunan imahna nu pahareup-hareup, jeung teu diwatesan ku pager-pager nu kokoh.

Perkawinan
Masalah perkawinan, masarakat Kampung Naga nikahkeun anak awewe atawa lalakina,dilaksanakeun sacara basajan. Teu aya larangan pikeun anak awewe Kampung Naga nikah jeung lalaki ti luar Kampung Naga atawa sabalikna anak lalaki Kampung Naga jeung awewe diluar Kampung Naga. Ku kituna, populasi masarakat katurunan Kampung Naga hampir 97% hirup di luar Kampung Naga. Mayoritas katurunan Kampung Naga sumebar di tilu kabupaten nya eta Garut, Tasikmalaya jeung Ciamis.
Dina ngalaksanakeun pernikahan, masarakat Kampung Naga henteu make surat ondangan tapi ngan saukur ku lisan nya éta pabéja-béja ti mimiti kulawarga anu deukeut. Upacara kawinan keur masarakat Kampung Naga nya eta upacara anu geus dilaksanakeun saenggeus rengsena akad nikah. Anapon runtuyan upacarana hampir sarua jeung upacara adat Sunda umumna nya eta; upacara sawer , nincak endog, buka panto, ngariung, ngampar, jeung dipungkas ku munjungan.
Pakasaban
Pakasaban masarakat Kampung Naga umumna tani jeung pangrajin. Salewihna jualan sapopoe jeung ternak,timimiti miara hayam,lauk jeung domba.
Sistem tatanen masarakat Kampung Naga masih basajan jeung tradisional.Salian ku tradisi,sistem tatanen tradisionalna miboga ajén nu lewih ekonomis jeung ramah lingkungan.Ngolah tanah cukup ku make alat-alat basajan jeung ngalibetkeun buruh, kulawarga, atawa tatangga anu dekeut tapi teu dibayar mung saukur ku ngucapkeun panuhun. Maranehna teu make traktor jeung pupuk kimia sabab numutkeun maranehna hal eta bisa ngurangan suburna taneuh jeung pupuk kimia sarta bisa nyebabkeun katergantungan dina pamakeanana, maranehna ngan ngagunakeun pupuk organic nu mangrupa kotoran sato nu dipiara. Nalika tatanen dua kali dina sataun, biasana dina bulan Januari sarta bulan Juli.
Salian tatanen, masarakat Kampung Naga miboga usaha leutik sabari nungguan mangsa panen ti mangsa melak, diantarana nyieun karajinan. Bahan-bahan pikeun nyieun karajinan meunang ti leuweung tapi teu nepi ka ngaruksak ekosistemna. Hasil tina karajinan eta aya nu dijual langsung ka wisatawan nu dijual langsung di hareupeun imah, aya oge nu dijual ka pemborong ti luar.

Kahirupan jeung Alam
Salasahiji kaunikan Kampung Naga nya eta pola hirup masarkatna, nya eta kahirupan nu salaras jeung alam (dina hal ieu kaasup budayana). Masarakat Kampung Naga ngajaga jeung ngamumulé kaayaan alam oge budayana. Maranehna tetep aya dina falsafah hirup kampung adatna nya eta “ ciciren eta teh mangrupa karismatik, leungit cicirenna maka bakal leungit oge ajen-ajen moralna, nalika geus leungit ajen moralna maka harga diri eta geus teu aya dina dirina. Kitu oge budaya, nalika budaya rusak maka rusak oge bangsana”. Hal eta nu ngajadikeun Kampung Naga ngajaga pisan kana adat istiadat, budaya sarta lingkunganana.
Patali jeung alam, Kampung Naga nu aya di tengah efek globalisasi jeung moderenisasi saenyana diaku leuwih beurat ti batan kampung-kampung adat nu jauh ti ramena masarakat luar. Numutkeun kapala adat Kampung Naga “Masarakat Kampung Naga masih bisa mertahankeun budaya sarta lingkunganna sabab masarakatna masing nyekel kana konsep diri “yén hirup téh lain di alam, tapi hirup téh bareng jeung alam”. Alam mere sinyal keur jalma nu deukeut jeung alam eta sorangan.Ku kituna, masarakat Kampung Naga sanajan sacara geografis perenahna kampungna aya di lebak, tapi teu pernah ngalaman kabanjiran, sabalikna nalika usum halodo datang, teu pernah ngalaman kakurangan cai. Nu aya maranehna ngarasakeun katengtreman dina ngokolakeun sumber kahirupan, sabab maranehna teu sarakah jeung kaleuleuwihi dina ngamangpaatkeun alam nu geus dianugrahkeun ku Pangeran.


KACINDEKAN

Masarakat Kampung Naga nu hirup di era globalisasi masih bisa ngadeg hirup hurip tina arus kabudayaan deungeun nu teu sakabéhna mawa pangaruh positif. Namung maranéhna angger terbuka kana parobahan jaman, maranéhna teu nutup diri tina kamajuan teknologi asal saluyu jeung adat.
Material imah masarakat Kampung Naga nyirikeun yén maranéhna tara hirup kaleuleuwihi oge sauyunan , imah-imahna padeukeut antara nu hiji jeung nu liana, sistem tatanénna teu ngagunakeun pupukkimia.Dina ngokolakeun sawah katingali rasa silih tulunganna, sabobot sapihanéanna.Eta téh mangrupa salahsahiji conto tina kasederhanaan, jiwa silih tulungan jeung penghargaan maranéhna ka alam nu mere kahirupan.
Warga adat Kampung Naga henteu nembongkeun rasa kasedih, kabingung sarta kasumeblak hate tapi nu ditembongkeun téh kasoméahan anu pinuh ku optimisme. Béda jeung tukang mulung, nu ngamén sarta tukang asongan di désa nu sok nguluwut. Upama urang bener – bener nyaho kana budaya, urang moal bakal ngarasa teraliénasi ku jaman sarta sistem anu henteu saluyu jeung kapribadian bangsa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang