MATERI AJAR BASA SUNDA KELAS XI 2009-2010

BIOGRAFI
Nya eta salah sahiji karangan anu nyaritakeun riwayat hirup atawa lalampahan kahirupan hiji jalma. Sbalikna lamun karangan ngeunaan riwayat hirup jeung lalampahan sorangan anu ditulis ku sorangan eta disebutna Autobiografi.
Hal-hal anu aya dina diri para tokoh Biografi/Autobiografi nya eta; identitas tokoh, widang garapanana, mimiti eta tokoh aub dina widangna, kapunjulan eta tokoh dina widangna, hal anu bisa dijadikeun tuladan, sikep anu nulis ka eta tokoh.
Hal-hal anu kudu dipikanyaho dina prak-prak nyieun biografi, dumasar kana lengkah-lengkahna nya eta; tangtukeun tokoh anu rek fitulis, kumpulkeun dat-data ngeunaan identitas tokoh, susun rangkay karangan, jeung ngamekarkeun karangan nepika lengkep.

KECAP RAJEKAN
nya eta kecap anu disebutkeun dua kali boh sabagean boh sagemblengna, boh robah sorana boh henteu, sarta mibanda harti nu mandiri tina kecap asalna.
1. Dwilingga; kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebutkeun dua kali wangun asalna boh binarung rarangken atawa henteu. Dwilingga di bagi dua, nya eta dwimurni= kecap rajekan ku cara nyebutkeun dua kali wangun asalna sagemblengna tanpa ngalaman parobahan dora, contona buku-buku, bapa-bapa, siku-siku jst. Dwireka=kecap rajekan anu nyebutkeun dua kali bari ngalaman parobahan sora, conto bulak-balik, luak-lieuk, pulang-pelong, jst.
2. Dwipurwa; kecap rajekan ku cara nyebutkeun dua kali engang hareupna/mimiti, misalna cocolok, sisiku, lalangit, tatajong, jst
3. Dwimadya; kecap rajekan ku cara nyebutkeun dua kali engang tengahna, misalna sajoljoleun, sapokpokeun, sajajalan, jst.
4. Trilingga; kecap rajekan ku cara nyebutkeun tilu kali kalawan ngalaman parobahan sora. contona dar-der-dor, cas-ces-cos, dat-dit-dut, jst.

DONGENG
Dongeng kaasup kana sastra lisan murni dina wangun carita prosa buhun/heubeul, ceuk kiratana mah "ngabobodo budak cengeng (dongeng)", lantaran eusi dongeng loba hal anu pamohalan/irasional, teu kaharti ku akal. Upamana nyaritakeun jelema bisa ngapung, sato bisa ngomong, jelema anu teu lumrah, nyaritakeun sasakala, jsb. Salian ti eta dongeng mah teu dipikanyaho saha anu nyieunna/ngarangna(anonim)
. Sanajan eusi dongeng loba anu pamohalan teu kaharti ku akal, tapi gegedena mah dongeng teh ngandung picontoeun jeung atikan.
Dongeng nya eta carita lisan anu ditepikeun kalayan turun-tumurun. Dina kamekaranana dongeng satuluyna ditepikeun ngaliwatan tulisan. Dongeng dibagi kana sababaraha rupa, nya eta; fabel, legenda, hikayat jeung mite atawa sage. Fabel nya eta dongeng anu palakuna sasatoan, contona "sakadang Kuya jeung sakadang Monyet". Legenda nya eta dongeng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat atawa sato, contona" asal-muasal Sukabumi". Hikayat nya eta dongeng anu nyaritakeun kajadian istana, atawa anu aya patalina jeung karajaan anu pernah kajadian/lumangsung"Hikayat Iskandar Zulkarnaen". Sedengkeun anu disebut Miteu/sage nya eta dongeng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap karamat, contona " Dongeng Embah Jalun, nyi roro Kidul jst".
Samemeh urang prak-prakan ngadongeng, aya sababaraha hal anu perlu siestokeun, nya eta; Gunakeun basa Sunda anu kaharti ku balarea, nyaritan kudu ngaguluyur, ngagunakeun intonasi anu variatif luyu jeung tanda baca, mere kayakina ka pangeregep/pamiarsa yen anu ditepikeun teh penting jeung pikaresepeun. Patokan meunteun dongeng nya eta; vokalna atawa sorana naha cukup jelas atawa henteu, eusi dongengna, entep seureuhna, lancar henteuna

BABASAN jeung PARIBASA
Babasan nya eta pakeman basa anu diwangun kecap kantetan anu geus matok dipake dina harti injeuman, sangkan anu diajak nyarita ngarasa ngeunaheun hatena, sarta pasangan kecapna teu bisa dirobah.
Paribasa mah diwangun ngan sakalimah. jadi babasan mah du kalimah, ari paribasa mah sakalimah. contona di handap ieu:
1. atah anjang : langka silih anjangan
2. adigung adiguna : takabur, sombong
3. ambek nyedek tanaga midek : napsu gede tapi tanaga eweuh
4. anjing ngagogogan kalong : mikahayang nu lin-lain.
5. adapt kakurung ku iga : lampah goreng hese leungitna
6. alak paul : jauh pisan
7. aki-aki tujuh mulud : geus kolot pisan
8. ayem tengtrem : tenang taya kasieun
9. asa teu bengeutan : awahing ku era
10. anu borok dirojok nu titeuleum disimbeujan : mupuas ka nu keur cilaka.
11. amis budi : hade paroman
12. aya jurig tumpak kuda : aya milik anu teu disangka-sangka.
13. aya jalan komo meuntas ; aya kahayang, tambah aya nu ngajak.
14. awewe dulang tinande : awewe nurutkeun kumaha salaki.
15. amis daging : babari katerap panyakit
16. abong letah teu tulangan : sagala dicaritakeun sanajan pikanyerieun batur
17. ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed : ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
18. agul ku paying butut : agul ku turunan
19. aya piker kadua leutik : aya kahayang
20. asa ditonjok congcot : ngarasa bungah pisan
21. adean ku kuda bereum : ginding ku pakean meunang nginjeum.
22. birit aseupan : teu daek cicing
23. biwir nyiru rombengeun : resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
24. bengkung ngariung, bongkok ngaronyok : sauyunan, ngariung babarengan babarengngan
25. beurat birit : hese di titah
26. bilatung ninggang dage : bungah pisan
27. bonteng naglawan kadu : nu hengker ngalawan nu bedas
28. babalik piker : insap
29. balik ka temen : asal banyol jadi pasea
30. buntut kasiran : medit
31. bodo alewoh : bodo tapi daek tatanya
32. bodo kawas kebo : bodo pisan
33. budak keur mejeuhna bilatung dulang : keur mejeuhna beuki dahar
34. bulu kapaut : kabawa ku batur
35. valabar kawat : beja nu sumebar
36. beak dengkak : sagala ihtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
37. batan kapok kalah gawok : abtan ereun kalah maceuh
38. buruk-buruk papan jati : hade goreng dulur sorangan
39. ceueut ka hareup : tereh maot
40. disakompet daunkeun : disamarutkeun
41. dibejerbeaskeun : dijentrekeun, dieceskeun
42. dagang oncom rancatan emas : teu saimbang
43. dug hulu pet nyawa : usaha satekah polah
44. elmu ajug : bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
45. ginding kempis : ginding tapi sakuna kosong
46. gede gunung pananggeuhan : boga andelan pedah boga dulur beunghar
47. garo mengmengan : taya kasabaran
48. gurat batu : pageuh kana jangji atawa mawa karep sorangan
49. goong saba karia : nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
50. goong nabeuh maneh ; ngagulkeun diri sorangan
51. getas harupateun : gancang napsu
52. hampang birit : daekan kana gawena
53. heuras genggerong : omongna sugal
54. hade gogog hade tagog : jalma sopan
55. hutang salaput hulu : hutangna kaditu kadieu
56. hejo tihang : sok pundah=pindah pagawean
57. handap lanyep : omonganana lemes tapi ngahina
58. hereut pakean : kurang kaboga
59. kurung batok : tara indit-inditan jauh
60. kokolot begog : budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
61. kawas dipupul bayu : leuleus taya tangan pangawasa
62. kabawa ku sakaba-kaba : kabawa ku nu teu puguh
63. katempuhan buntut maung : batur nu boga dosana urang nu katempuhanana
64. kawas gaang katincak : jempe
65. kawas kuda leupas tina gedogan : ngarasa bebas
66. kandel kulit beungeut : teu boga kaera
67. kokoro mangging mulud : makmak-mekmek
68. kawas nyoso malarat dosa : sangsara pisan
69. kembang burua : budak nu keur resep ulin
70. kacai jadi saleuwi ka darat jadi salogak : sauyunan
71. lesang kuras : teu bisa nyekel duit
72. leumpeuh yuni : teu kuat nenjo nu cilaka
73. loba luang jeung daluang : loba pangartina
74. miyuni kembang : loba nu mikaresep
75. miyuni tai : loba nu mikangewa
76. monyet ngagugulung kalapa : boga elmu teu nyaho maksudna
77. qmaut nyere ka congona : sangsara ka kolotnakeun
78. ngajul benteng ku asiwung : pagawean nu moal kahontal hasilna
79. nyolong bade : bangun bageur tapi jahat
80. nyengeut dammar di suhunan : barang bere haying kapuji
81. nyoo gado : ngunghak
82. nyalindung ka gelung : nu teu boga kawin ka awewe beunghar
83. ngadu geulis : paalus-alus
84. ngarep-ngarep kalangkang heulang : ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
85. nyieun pucuk ti girang : miheulaan nyieun pipaseaeun
86. panjang leungeun :daek puak=paok
87. paeh teu hos, hirup teu neut : gering ngalanglayung
88. pacikrak ngalawan merak : jalma hina ngalawan jalma nu mulya
89. saciduh metu, saucap nyata : sakti, ucapanana tara nyalahan
90. sisit kadal : goreng milik
91. teu gedag bulu salambar : taya kasieun
92. titip diri sangsang badan : mihapekeun maneh
93. tuturut munding : sagala rupa nurutkeun batur

CARITA PONDOK
wangun karangan rekaan dina basa lancaran atawa prosa anu mere kesen lir enya-enya kajadian sarta ukuranana pondok. Wangun carita pondok karya sastra Sunda teh mangrupa pangaruh tina sastra Walanda jeung sastra Indonesia. Mimiti hadir dina pajemuan sastra Sunda dina majalah Parahiyangan, ahir taun 1920. Ari kumpulan carita pondok dina sastra Sunda nya eta "Dogdog Pangrewong" karangan GS, anu medal taun 1930. Jadi, leuwih tiheula genep taun, upama dibandingkeun jeung carita munggaran dina basa Indonesia "Teman Duduk" karangan M. Kasim, anu medal taun 1936.
Unsur-unsur carita pondok diantarana; tema, palaku, galur, jeung latar. Tema= ide poko anu nyangkaruk dina carita, Palaku= jalma nu ngalalakon dina carita, Galur= jalanna carita sangkan carita teu monotom. Galur carita pondok diantarana; merele, mobok tengah. nyaritakeun jeung pandeuri ti heula. Sedengkeun latar= tempat, waktu, sosial, agama, politik anu ngahirupkeun eta carita. Ciri-ciri carita pondok; diwangun make basa lancaran, eusi rekaan, galurna basajan lantaran ngabogaan hiji galur boh mundur atawa maju, palakuna dua nepi lima urang, pondok, temana kahirupan sapopoe.

SESEBUTAN WAKTU
Janari gede= kira2 jam sateng hiji nepi ka jam tilu peuting
Janari Leutik= jam tilu tilupuluh nepi ka opat tilu puluh
Carangcang tihang= jam lima-lima tilu puluh
Haneut moyam= jam 7 nepi ka jam 8
Rumangsang= jam salapan, panon poe karasa haneut
Pecat sawed= Jam 10 waktuna ngareureuhkeun munding
Manceran= Jam 12 waktuna solat lohor
Lingsir ngulon= jam 13
Panon Poe Satangtung= jam 15 panon poe jauhna satangtung
Tunggang Gunung= jam 17 panon poe aya luhureun gunung
Sariak Layung= 17.30-18.00 cahaya semu beureum
Sareupna/Magrib= 18.00-18.30 katembong poek/ waktu salat magrib
Sareureuhna gaang= 1830-19.00 gaang eureun disada
Sareureuh budak= 19.00-19.30 sarena budak leutik
Sareureuh klot= 19.30-20.30 sarena kolot/dewasa
Tengah peuting= jam 24.00

NGAWAWANCARA TOKOH
Urang sok ningali acara wawancara boh di televisi atawa radio minangka salah sahiji acara nu munel. Wawancara teh nya eta paguneman antara dua pihak ngeunaan hiji hal/pasuaalan anu keur meujeuhna jadi sabiwir hiji. Wawancara oge bisa digunakeun ku urang pikeun ngumpulkeun data atawa bukti ngeunaan hiji masalah anu ku urang rek ditalungtik.
dina pangajaran ieu urang baris diajar ngeunaan prak-prakan wawancara. nanging samemeh prakna urang kudu nyaho heula kumaha prak-prakanana ngawawancara teh. aya sababaraha lengkah anu kudu dicumponan lamun urang rek ngawawancara nara sumber, nya eta:
1. Nangtukeun heula topik anu baris diguar.
2. Nangtukeun tujuan wawancara, upamana kanggongadamel warta, kanggo panalungtikan, atawa kanggo tlkshow, tangtu bae beda.
3. Nangtukeun poko-poko pasualan anu baris ditanyakeun.
4. Nepungan narasumber/maheutkeun janji waktu jeung tempat.
5. Ngalaksankeun wawancara jeung ngalaporkeun hasilna.
dina ngalaksanakeun wawancara kudu diperhatikeun saha nu diwawancara, hal nu diguar, draf patalekan kudu asak(basa jeung runtuyanna), merhatikeun tatakrama.
Pek wawancara salah sahiji tokoh anu aya di sabudeureun hidep!
...
Ngararancangan Wawanca dilaksankeun sacara kolompok, pilih salah sahiji topik di handap ieu:
1. Cara ngaronjatkeun hasil tatanen
2. Miara lauk
3. Ngamumule seni Sunda
4. Muka usaha sorangan
5. jalma masagi
Sanggeus nangtukeun topikna, prak geura jieun poko-poko pasualan atawa patalekan(pertanyaan) nu rek diajukeun ka narasumber! (saloba-lobana)
Sanggeus daptar patalekan ditulis prak geura tepungan narasumber anu dirarancang ku hidep. ulah hilap dina ngalakukeun wawancara kudu nyepeng tatakrama di handap ieu:
1. Tepungan heula calon narasumber anu bakal diwawancara ku hidep, jentrekeun hidep teh saha?, ti mana?, naon tujuan? kalayan sopan.
2. Jieun kamupakatan ngeunaan waktu iraha jeung di mana wawancara rek dilaksanakeun!
3. Dina waktu wawancara tong dibiasakeun motong omongan narasumber sangeunahna.
4. catet omongan-omongan atawa data-data anu dikedalkeun ku narasumber kalayan gancang dina buku catetan husus wawancara.
5. Pungkas wawancara ku sanduk-sanduk bari nganuhunkeun.

NGAREGEPKEUN KAWIH
kawih teh beda jeung tembang. Kawih mah boh laguna boh rumpakana leuwih bebas. diantarana bae henteu kauger ku guru lagu, guru wilang, jeung padalisan dina sapadana anu aya patalina jeung cara ngahaleuangkeunana, saperti dina pupuh
Tah dina kawih mah henteu kitu. boh laguna boh rumpakana masing-masing boga cara mandiri. Komo kiwari mah, kacida lobana kawih anu mangrupa ciptaan anyar. anyar laguna, anyar deuih rumpakana. Anu kaasup kawih Sunda teh, diantaranabae lagu-lagu kiliningan, jaipongan, jeung lagu-lagu pop sunda.

GAyA BASA PERSONIFIKASI jeung METAFORA
Gaya basa mijalma teh hartina gaya basa anu ngibaratkeun barang paeh lir enya-enya boga sipat jalma(person). Coba titenan conto gaya basa mijalma di handap ieu:
1. bedil para pejuang pelorna ting belesat lalumpatan.
2. angin peuting ngaharewos nepikeun warta katresna.
3. bulan ngintip urang duaan tina sela-sela mega.
4. poekna peuting nyaksian jangji urang dua'an.
Gaya basa metafora teh nya eta gaaya basa nu make babandingan anu diebrehkeun sara cindek, contona:
1. manehna dianggap anak emas
2. buku teh minangka gudangna elmu
3. dewa katresna keur nyarengan urang duaan
4. kembang desa Gunung puyuh pada marebutkeun ku para jajaka.

MAHAM PERKARA SAWALA(RAPAT)
Nu kumaha ari ngomong atawa nyarita dina sawala teh? Tangtuna bakal beda jeung ngomong dina kahirupan sapopoe. Anu jadi jejerna oge jelas beda jeung ngobrol sapopoe, urang kudu merhatikeun jejer carita anu baris disawalakeun uapamana ngeunaan kagiatan kasenian, kaagamaan, atikan, jst. sakudu lian ti eta urang bisa nitenan saha wae nu hadir dina sawala luyu jeung jejer nu rek disawalakeun katut ngagunakeun basa nu merenah.
Sababaraha hal anu kudu diperhatikeun nalika rek sawala diantarana:
1. Nataharkeun kagiatan sawala(rapat)
Saacan urang ngalaksanakeun kagiatan rapat, perlu heula diayakeun tatahar sawala kayaning;saha wae pamilon nu datang, iraha waktuna, naon jejerna, jeung nu pangpentingna nya eta naon nu baris dirapatkeun?
2. Prungna nalika keur Sawala(rapat)
Dimimitian ku muka sawala. Pingpinan sawala minangka palaku utama miboga pancen pikeun muka sawala. pok-pokanana bisa rupa-rupa saperti ieu di handap.
"Assalamu'alaikum wr.wb. alhamdulillah dina dinten ieu urang tiasa patepang deui dina raraga sawala bulanan OSIS, sim kuring salaku pingpinan sawala ngahaturkeun nuhun ka para uleman anu parantos sumping dina ieu sawala,..."
3. Ngabahas Masalah nu rek disawalakeun
Sarengsena muka rapat, pingpinan sawala langsung nataan atawa medar masalah nu baris disawalakeun tug dugi ka mungkas sawala."prak laksanakeun sawala di kelas, jejerna ngeunaan masalah kelas!"

NEPIKEUN BEWARA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang