soal mid smester gasal kls xi

1.Di handap ieu mangrupa wangenan tina biografi, nya éta …
a.karangan anu nyaritakeun lalampahan hiji tokoh raja di sabudeureun karajaan Pajajaran
b.karangan lisan anu eusina mangrupa hal-hal anu sipatna pamohalan
c.salah sahiji karangan anu nyaritakeun riwyat hirup atawa lalampahan kahirupan hiji jalma
d.salah sahiji karangan anu nyaritakeun riwayat hirup atawa lalampahan kahirupan sorangan
e.kagiatan meunangkeun informasi ngeunaan hiji hal atawa kajadian pikeun diterbitkeun atawa diembarkeun ka masarakat loba
2.Di handap ieu nu kaasup kana tujuan hirup Téty Saléhawati nya éta …
a.hoyong nanjeurkeun ajén kawanojaan di sakuliah dunya
b.lamun geus nanjung rék merjoangkeun pulo Ambalat
c.hayang ngabaktikeun diri ka sakur anu dipikacintana, kaasup jodona
d.hayang ngabaktikeun diri ka sakur anu dipikacintana, kalebet agama katut lemah caina
e.hayang asup surga
3.Anu disebut kecap rajékan téh nya éta …
a.kecap anu diulang dua kali atawa leuwih, sagemblengna atawa sabagian bari ngalaman parobahan sora jeung harti
b.kecap anu diulang dua kali atawa leuwih kalawan teu ngalaman parobahan harti
c.kecap anu diulang dua kali kalawan ngalaman parobahan sora
d.kecap anu diulang sabagian atawa sagemblengna tina wangun asalna
e.kecap anu dibalikan deui
4.Nu jadi … dina éta kagiatan téh geuning si Karna
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan ungkara di luhur nya éta …
a.ketua d. kepala
b.panitia e. rorojong
c.pupuhu
5.Si Akim leumpangna mani … duméh can dahar
a.raranggéolan d. sesebrut
b.ancleng-aclengan e. ngémpor
c.abrut-abrutan
6.Éta si Ohim meni … kawas anu diudag jurig
a.plak-plik-pluk d. tibabaranting
b.blag-blig-blug e. brat-brét-brot
c.lakacat
7.Murid-murid SMAN 2 Kota Sukabumi ampir kabéh mikaresep kana budaya Sunda. Kecap anu dicondongkeun kaasup kana kecap rajékan …
a. dwiréka d. dwipurwa
b. dwimadya e. dwiwasana
c. dwimurni
8.Éta jelema leumpangna ampir ti gogoléncéng
Kecap anu dicondongkeun dina ungkara di luhur kaasup kana kecap rajékan …
a.dwiréka d. dwi purwa
b.dwimadya e. dwiwasana
c.dwimurni
9.Kamari mah geus … rék ngabéjakeun kajadian anu sabenerna
a.sajoljoleun d. sagokgokeun
b.sagepgepeun e. sahoshoseun
c.sapokpokeun
10.Kecap anu kaasup kana kecap rajékan dwiréka nya éta …
a.jul-jol, luas-léos, rumpu-rampa
b.jul-jol, babacaan, susuratan
c.luas-léos, tunyu-tanya, langit-langit
d.titatarajong, sapokpokeun, sajol-joleun
e.lalaki, awéwé, cocoba
11.Kecap rajékan trilingga anu gunana pikeun nganteurkeun dora, iwal …
a.dat-dit-dut, cas-cis-sus, plak-plik-pluk
b.dar-der-dor, blag-blig-blug, trang-tréng-trong
c.brat-brét-brot, blag-blig-blug, brang-bréng-brong
d.pak-pik-puk, brang-breng-brong, trang-tréng-trong
e.rut-rét, pok-pék, sur-ser
12.Anu disebut dongéng téh nya éta …
a.karangan pondok winangun prosa
b.sastra murni dina wangun lisan ngandung hal nu pamohalan ditepikeun turun-tumurun
c.carita pikeun ngabobodo budaj céngéng
d.karangan anu nyaritakeun kajadian alam
e.basa pakeman anu ngabogaan harti saujratna
13.Dongéng anu nyaritakeun kajadian alam disebut …
a.dongéng fabel
b.dongéng sasakala
c.dongéng mite
d.dongéng sage
e.dongéng hikayat
14.Naon bédana babasan jeung paribasa …
a.babasan mah basa winangun kalimah sedengkeun paribasa mah pakeman winangun kantétan
b.babasan nya éta pakeman basa anu geus matok, sedengkeun paribasa pakeman basa winangun kalimah
c.babasan nya éta pakeman basa anu geus matok sarta kecapna teu bias diganti, sedengkeun paribasa maha pakeman basa nu geus matok sarta kecapn teu bias diganti
d.babasan nya éta pakeman basa winangun kantétan ngandung harti injeuman, sedengkeun paribasa mah pakeman basa winangun kalimah ngandung harti babandingan
e.babasan harti saujratna, paribasa mah harti babandingan
15.Di handap aya sababaraha kecap anu kaasup kana babasan, iwal …
a.handap asor
b.ngaliarkeun taleus ateul
c.dibéjérbéaskeun
d.hideung bangbara
e.hideung kulitna
16.Anu kaasup kana kecap paribasa nya éta …
a.handap asor
b.ngaliarkeun taleus ateul
c.dibéjérbéaskeun
d.hideung bangbara
e.mobokan tangkal kai sina runtuh
17.“Katarik ku handap asor jeung kabasajanan dirina”
Kecap anu disanggéréngkeun/disangigirkeun miboga harti …
a.leutik hate
b.jelema pendék
c.éléhan
d.henteu gumedé/teu sombong
e.boga pangawakan anu pendék
18.“Kalakuan goréng anu hésé dirobahna” mangrupa harti tina paribasa …
a.gindi pikir belang bayah
b.abong létah teu tulangan
c.adapt kakurung ku iga
d.agul ku paying butut
e.adéan ku kuda beureum
19.Bédana carita pondok jeung novel nya éta …
a.carpon mah nyata, ari novel mah hayalan
b.carpon mah galur caritana tunggal, ari novel mah ganda
c.carpon mah dina wangun ugeran, ari novel mah dina wangun lancaran
d.carpon mah karangan popular, ari karangan mah karangan ilmiash
e.carpon leuwih panjang batan novel
20.Bédana carpon jeung dongéng nya éta ari dina dongéng mah caritana …
a.fiktif d. imajinatif
b.mahiwal e. rékaan
c.pamohalan
21.Dina carpon mah kajadian anu dicaritakeun téh nya éta kajadian …
a.jaman baheula
b.jaman ayeuna
c.jaman ka hareup
d.jaman ka liwat
e.jaman ka hareup
22.Latar anu nyaritakeun kahirupan parapalaku nya éta …
a.latar social d. latar budaya
b.latar agama e. latar tempat
c.latar kajiwaan
23.Tempat kajadian dina carpon disebut …
a.galur d. latar
b.amanat e. plot
c.téma
24.Anu teu kaasup kana unsur intrinsik carita pondok nya éta …
a.téma, palaku, galur
b.téma, galur, latar
c.téma, palaku, amanat
d.téma, galur, alur
e.kasangtukang pangarang
25.Kumpulan carpon Sunda anu pangmimitina medal/terbit nya éta …
a.kembang rampé
b.baruang ka nu ngarora
c.dog-dog pangréwong
d.sawidak carita pondok
e.saabad sastra Sunda
26.Galur anu nyaritakeun kajadianana maju, disebut galur …
a.mérélé
b.mobok tengah
c.nyaritakeun deui
d.mundur
e.plasback
27.Urang bisa nyaritakeun karakter hiji palaku ngaliwatan …
a.imahna
b.dialog atawa omonganana
c.hartana
d.pakéanana
e.lingkunganana
28.Lamun urang rék solat tahajud biasana dina wanci …
a.wanci carangcang tihang
b.wanci tunggang gunung
c.wanci janari gedé
d.wanci janari leutik
e.wanci sareureuh kolot
29.Wanci panon poé satangtung téh kira-kira jam …
a.14.20 d. 23.00
b.06.00 e. 15.00
c.12.00
30.“Geus … geura tutupkeun atuh hordéng téh.”
a.wanci manceran
b.wanci tengah peuting
c.wanci pecat sawed
d.wanci sareupna
e.wanci haneut moyan


“silih asih ku pangarti, silih asuh ku pangawaeruh, silih asah ku pangabisa”
*Sareundeuk saigel sabobot sapihanéan*

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang