MATERI AJAR BASA SUNDA KELAS XII 2009-2010

SEMESTER GANJIL
PAGUNEMAN
nya eta omongan silih tempas atawa badami anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih (sipatna bebas) sedengkeun wawancara mah sipatna formal jeung sipat saarah. basa nu digunakeun dina paguneman nya eta gumantung kan saha nu diajak gunemna. lamun sarajat/saumur ngagunakeun basa loma, ka saluhureun ngagunakeun basa lemes, kitu deui ka sahandapeun basana geus matok luyu jeung tatabasa Sunda. Hal-hal nu aya dina paguneman nya eta; tema/judul, palaku jeung latar.

KALIMAH WAWARAN, PANANYA, jeung PARENTAH
Kalimah wawaran nya eta kalimah anu pungsina pikeun ngawawrkeun atawa netelakeun informasi bari teu miharep jawaban anu tangtu, biasana ngan ukur miharep paniten.
Kalimah Pananya nya eta kalimah anu pungsina pikeun nanyakeun, atawa pikeun mancing respomsi atawa jawaban verbal(lisan)
Kalimah Parentah nya eta kalimah anu pungsina pikeun nitah atawa mancing respomsi atawa jawaban anu sipatna tindakan.

PANATA ACARA
Panata acara/protokol asalna tina basa latin nya eta pratos anu hartina mimiti jeung kollo anu hartina lengket. Protokol nya eta patugas anu kalibet dina hiji kagiatan, pikeun ngalaksanakeun jeung ngatur sagala kaperluan sangkan kagiatan lumangsung lancar, keuna tur aya mangpaatna saluyu jeung nu dipiharep. Dina acara resmi jeung dina acara teu resmi aturanna sarua bae nya eta; Vokal/sora kudu bentes/jelas, lentong jeung wirahmana merenah, kudu nyunda, henteu teugeug atawa dialeu-aleu teuing, teu gancang teuing jeung henteu acad teuing, kudu miboga pangaweruh anu jembar pangpangna nu patali jeung materi acara anu di MC-anna katut nu rek ngeusian eta acara boh jalma boh kasenian atawa lianna, kudu pinter ngareka basa anu orisinil, surti kana kahayang pamiarsa, kudu miboga sikep anu hade(tatakrama, paroman gerik-gerik lianna), mibanda rasa humor (sense of humor) nu luhur utamana dina acara-acara mu sipatna hiburan pikeun ngahirupkeun suasana.

PAROBAHAN HARTI
Ngajembaran= proses robahna harti tina harti husus tur heureut ngalegaan tur jembar, atawa harti kecap anyar(kiwari) leuwih lega ambahanana tibatan harti kecap heubeul (bihari)
Ngaheureutan= nya eta proses parobahan harti anu ngaheureutan, tina harti umum tur jembar jadi harti husus tur heureu, atawa harti kecap anyar (kiwari) leuwih heureut/sempit ambahanana ti batan harti kecap heubeul(bihari). conto SARJANA lamun baheulamah dipake pikeun sesebutan ka sakur jalma anu pinter atawa loba elmu pangaweruhna, kiwari mah ngaheureutan jadi sesebutan"gelar" pikeun jalma anu geus namatkeun sakola di Paguro Luhur.
Ngaluhuran= Nya eta proses parobahan harti kecap atawa ungkara, anu mibanda harti anu leuwih luhur ajenna tibatan harti samemehna. Contona;WANITA anu mibanda harti ajen anu leuwih luhur ti batan AWEWE, padahal samemehna mah ajenna teh leuwih handap tina batina (batina-betina=bikang)
Ngahandapan= nya eta proses ronahna harti kecap atawa ungkara, anu hartina anyar (kiwari) ti batan harti heubeul(bihari).contona; GOROMBOLAN, asalna mah alus, nya eta sabubuhan atawa kumpulan jalma. Ayeuna mah ajenna teh ngahandapan nya eta sabubuhan jalma anu ngaganggu kaamanan jeung katartiban di jaman revolusi.
Ngupamakeun= nya eta proses robahna harti balukar kecap/ungkara mibanda sipat anu sarua jeung kecap atawa ungkara sejen.Contona;"Mun geus rengse mah surat teh asupkeun kana AMPLOP."(wadah surat) "Siapkeun atuh AMPLOPna ambeh tereh-tereh dipigawe ku patugasna!" (duit panyogok).
Patukeur= nya eta ronahna harti balukar patukeur tanggepan(respon) antara dua anghota awak(indra) anu beda, atawa muncul balukar pindahna pangrasa panca indra.Contona; kecap AMIS, baris karasa teh ku pangrasa letah, tapi dina basa Sunda aya kecap AMIS budi, HASEUM budi, anu karasana teh ku paninggal. Di dieu katingal yen pangrasa letah pindah (patukeur) kana pangrasa panon.

BABASAN
Babasan jeung paribasa teh kagolong kana salah sahiji wanda pakeman basa. Ari anu disebut pakeman basa nya eta kalimah atawa gundukan kecap anu anu geus dipatok, geus ditaker diwatesanan teu meunang dirobah, boh robah unina atawa ejahanana boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun.
PARIBASA nya eta salah sahiji wanda pakeman basa anu mangrupa ungkara winangun kalimah anu geus puguh entep seureuhna teu bisa dirobah boh unina boh tempatna atwa dilemeskeun anu ngandung harti babandingan ataa silokaning hirup manusa. conto paribasa
contona
-Adat kakurung ku iga=tabeat nu geus hese dirobahna
-beungeut nyanghareup ati mungkir=teu sarua jeung hate
-batok bulu eusi madu= goreng rupa tapi pinter jeung bageur atawa siga bodo tapi pinter
-cecendet mande kiara cileungcang mande sagara=nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan jalma beunghar atawa jalma gede
-dipiamis buah gintung= disangka hade hate atawa bageur adek teh sabalikna
-goong nabeuh maneh=muji atawa ngagulkeun sorangan
-hulu gundul dihihidan=nu keur untung tambah untung
-jati kasilih ku junti=menak kaelehkeun ku somah atawa pribumi kaelehkeun ku semah
-kaciwit kulit kabawa daging=kabawa goreng ku kalakuan baraya nu salah atawa ngarasa teu ngeunah lantaran aya baraya dihina ku batur
-mangkok emas eusi madu=jelema nu hade terus omonganana hade, gekna hade, lampahna bageur, omonganana jeung lampahna terus hade ka hate-hatena..
BABASAN nya eta salah sahiji wanda pakeman basa meh sarua jeung paribasa, ngan ari paribasa mah lain mangrupa kalimah tapi mangrupa frasa(kecap kantetan) tur ngandung harti injeuman
Contona
-Aku-aku angga= ngaku-ngaku atawa miboga barang batur
-bobor karahayuan= katarajang apes, cilaka,atawa meunang kasusah
-cacag nagkaeun= teu beres atawa teu alus lantaran mindeng katunda tuluy dihanca deui/diteruskeun deui
-dibeuweung diutahkeun= dipikir dibula-balik
-elmu sapi= guyub kana hal nu kurang hade
-gancang pincang= pagawean gancang tapi hasilna teu hade
-handap lanyap= hormat tapi matak nyentug kana hate
-ipis biwir= babari ceurik
-jauh ka bedug anggang ka dulang= dusun, kampungan/eraan
-kapiring leutik= kaeraan

BIANTARA
Urang tangtu geus teu bireuk deui saupama ngadangu kecap pidato atawa biantara, lian ti di SMP keneh pangajan pidato teh geus ditepikeun. Pidato atawa biantara teh dina kahirupan sapopoe oge mindeng kapanggih salah sahijina saban poe Senen dina upacara bendera, urang sok ngadangu bapa atawa ibu guru pidato merepangarahan. Tapi sanajan kitu taya salahna saupama disabit-sabit deui nu kumaha ari nu disebut biantara teh.
Pidato atawa biantara nya eta cacarita dihareupeun jalma rea, demi anu jadi tujuan nya eta pikeun mere informasi, nimbulkeun sumanget/mancing emosi jalma rea, demi anu jadi tujuanana nya eta ka sakur-sakur jalma anu jadi pangregepna.
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun atawa disiapkeun saupama urang rek pidato atawa biantara, diantarana nya eta:
a. Nangtukeun maksud jeung topik biantara. Topik jeung tujuan biantara teh lian ti kudu disusun kalawan jelas ohe kudu merhatikeun tanggapan naon nu dipikahayang ku pangregep. Topik anu dipilih alusna mah anu geus dipikawanoh ku nu ngadangukeunana nepika teu merlukeun waktu nu lila pikeun ngabahasna ulah ngaleuwihan kamampuh daya tangkep pangregep tapi oge ulah babari teuing pikeun daya intelektual pangregepna, lian ti eta oge kudu bisa ngirut boh anu biantarana boh nu ngadangukeunana
b. Nganalisis pangregep jeung situasi
c. Nyusun materi atawa bahan biantara sarta dina nyusun bahan pikeun biantara bisa dilakukeun ngaliwatan tilu tahap diantarana;ngumpulkeun bahan, nyieun rangkay karangan jeung ngadadarkeun materi kalawan detil.
d. Ngayakeun latihan Oral.
Dina prak-prakanana biantara, aya sawatara metode anu bisa digunakeun diantarana:
a. Metode Improptu(metode dadakan/serentek). Dina metode improptu ieu biantara dilakukeun tanpa persiapan, dimana nu biantara estuning ngandelkeun pangaweruh jeung kaparigelan nu biantara dina ngadadarkeun hiji pasualan.
b. Metode ngapalkeun. Mangrupa metode lalawanan tina improptu, anu mana dina metode ieu mah hal anu rek dipedar dina biantara teh lian ti bener-bener dirarancang ti anggalna oge kudu ditulis sacara lengkep pikeun diapalkeun sakecap-kecapna.
c. Metode naskah. Ieu metode teh langka dipake ari lain pidato-pidato resmi saperti pidato kapresidenan mah. ieu metode sipatna rada kaku sabab gumantung teuing kana teks.
d. Metode ekstemporan. dina metode ieu persiapan dilakukeun ti samemehna, malah bahan nu rek ditepikeun ge direncanakeun kalawan asak, tapi sok sanajan kitu dina prakna biantara mah teu ngagunakeun teks sagemblengna, biasana sok ngagunakeun catetan-catetan leutik, inti-inti eusi biantara, anu tujuanna sangkan biantara biasa museur kana tjuan teu ngaler ngidul.

NULIS SAJAK
Mimiti gelarna sajak mangrupa hiji karya sastra wangun ugeran nu polana geus maneuh. Salah sahiji karya sastra nu kaasup sajak, nya eta sisindiran. Sisindiran kaasup sajak sabab aya ugeran(aturan) nu kudu dicumponan, diantarana jumlah padalisan(baris) jumlah engang dina unggal padalisan(suku kata), jeung purwakanti vokal dina engang panungtung unggal padalisanna.
Dina kamekaranana, kabehdieukeun mah istilah sajak teh leuwih dipikawanoh minangka karya sastra wangun sajak bebas, atawa puisi. lamun urang medar istilah sajak pasti langsung dipapandekeun kana sajak bebas atawa puisi tea. pangna disebut sajak bebas, sabab dina wangunna leuwih bebas, teu kauger ku aturan-aturan nu geus matok. ku sabab kitu panyajak leuwih laluasa ngebrehkeun imajinasina make gaya sewang-sewangan.
Dumasar kana pamadegan di luhur, sajak teh mangrupa karya sastra nu dianggap ngawakilan kedaling rasa(ekspresi) panyajakna. Panyajak, salaku anggauta masarakat teu bisa leupas tina hal atawa pasualan anu aya di sabudeureunana. Pasualan nu kaimeut ku panyajak nyangkaruk dina jiwana awor jeung konsep cecekelanana. Satuluyna diebrehkeun minangka ekspresi ngaliwatan media nu disebut basa. Ekspresina bakal katiten mangrupa kahoneng(kasono), katugenah, kareueus, ka nu Maha Kawasa, kareueus ka alam sabudeureunana, atawa kareueus ka jalma nu dipikanyaahna.
Dumasar kana unsur-unsurna, sajak teh diwincik jadi dua bagian nya eta, struktur batin jeung struktur fisik
Nu kaasup struktur Fisik Sajak nya eta;
1. Diksi atawa pilihan kecap,
2. Baya Basa, pikeun nambahan kaendahan jeung imajinasi sajak,
3. Murwakanti, nyaeta sora anu dibalikan deui dina tungtung padalisan, jeung
4. Topografi"tata wajah" atawa wangun tulisan sajak pikeun ngabedakeun antara wangun ugeran(puisi) jeunf wangun lancaran(prosa) sarta wangu drama.
Sedengkeun struktur batun sajak ngawengku
5. Tema, mangrupa pikiran lulugu nu diebrehkeun ku panyajak dina sajakna,
6. Perasaan(feeling), ekspresi panyajak dina nepikeun parasaan dumasar kana kaayaan hatena(misalna; simpati, antipati, resep, teu resep, ceuceub, sono jsb.),
7. Hawa(tone), ciri has panyajak dina nepikeun karyana, saperti mapatahan, nyindiran, pangajak atawa ngawurukan,
Maksud atawa amanat(intention), nya eta hal anu ngamotifasi panyajak pikeun ngebrehkeun eusi hatena. atawa maksud nu ahayang ditepikeun ku panyajak ngaliwatan karya.
Dina sastra Sunda gelarna sajak kira-kira dina awal abad lima puluhan, mangsa sabada kamerdiakaan. mekarna sacara tinulis ngaliwatan media saperti surat kabar atawa majalah. malah ka behdieunakeun mangrupa buku kumpulan sajak.

GAYA BASA PERSONIFIKASI jeung SIMILE
1. Urang udag pangharepan nu nagtang hareupeun urang
2. Asih anjeun lir oaseu
Dua ungkara di luhur mangrupa salah sahiji conto gaya basa nu digunakeun dina sajak. pikeun leuwih ngantebkeun naon-naon anu ditepikeun ka nu maca biasana panyajak ngagunakeun gaya basa dina pilihan kecapna nalika nyieun sajakna. Personifikasi teh nya eta gaya basa mijalma, ungkara anu mapandekeun hiji barang, tatangkalan, atawa sasatoan milampah pagawean kawas manusa.contona
- bulan nyumput di tukangeun mega.
- ombak ting suruwuk silih udag di basisir.
- sora jangkrik ngabangingik tengah peuting.
gaya basa ngupamakeun(simile) nya eta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejen nu sipatna nembrak. biasana ngagunakeun kecap-kecap panyambung babandingan; asa, cara, ibarat, kawas, lir, saperti, siga, jst. Umumna gaya basa ngupamakeun ilaharna mangrupa babasan, saperti dia handap:
- budak nu eta mah pasea wae kawas ucing jeung anjing.
- waktu guru datang, kelas teh jempling kawas gaang katincak.
Erni mah cara merak, lotekna dicengekan sapuluh ge teu siga nu ladaeun.

NULIS DRAMA
Drana mangrupa karya sastra nu dipagelarkeun. ku sabab kitu drama ngabogaan dua paniten, kahiji lamun nilik naskahna mangrupa karya sastra sedengkeun lamun nilik pagelaranana mangrupa seni pertunjukan.
Dina naskah drama salian ti aya paguneman aya candraan. Candraan atawa sok disebut oge notasi mangrupa pituduh laku, pituduh suasana, jeung kaayaan latar dina drama. Biasana sok ditulis dijero kurung make aksara gede atawa nulisna sok dicitak miring/dengdek.
Ciri-ciri nu maranti dina drama:
1. Pertelaan palaku, anu ngebrehkeun ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku
2. Babak, mangrupa bagian tina drama nu gantina dibedakeun ku robahna latar tempat atawa latar waktu.
3. Adegan, mangrupa bagian tina babak nu gantina dibedakeun ku indit atawa ka luarna pamaen drama.
4. Candraan, nerangkeun kaayaan latar, suasana, kajadian, jst.
5. Paguneman(dialog), obrolan palaku.
6. Monolog, ngagerentesna saurang palaku ka dirina sorongan.
7. Prolog, katerangan ngeunaan lalakon nu rek dipidangkeun.
8. epilog, kacindekan lalakon atawa nasehat pangarang
Aya sababaraha warna drama, nya eta;drama komedi, tragedi, tragedi-komedi, melodrama(nu sentimental), jeung drama pantomim.

MACA ARTIKEL
Hidep tangtu kungsi maca majalah atawa kalawarta(surat kabar). Diantara nu kungsi dibaca teh aya nu disebut artikel. Sangkan teu pahili jeung nu sejen urang pedar heula naon nu disebut artikel teh. Artikel nya eta tulisan nu eusina hiji hal nepi ka rengse sacara objektif tur biasa dimuat dina majalah atawa kalawarta.
Salian ti eta artikel ge umumna ngabogaan ciri-ciri saperti di handap:
1. Biasana mangrupa pamadegan nu nulisna ngeunaan hiji hal
2. Ditepikeu sacara eksposisi(pemaparan), singget, jeung munel.
3. Gedi mangpaatna pikeun nu maca.
4. Gaya tulisanana tegas"lugas", jeung saayana.
sanggeus maca artikel urang bakal ngarasakeun sababaraha mangpaat,saperti ieu di handap:
1. Jadi nyaho jeung paham kana wangun tulisan dina majalah atawa kalawarta.
2. Paham kana ciri=ciri artikel.
3. Nambahan informasi jeung pangaweruh.
Satutasna maca artikel urang bisa nangtukeun topikna, ku cara ngilo pikiran lulugu unggal paragrap, ngaragum pikiran lulugu unggal paragrap, sarta nyindekeun pikiran lulugu eta artikel.
Ku cara manggihan pikiran lulugu tina artikel ahirna pikiran bisa nyindekeun eusi artikel, naha kaasup artikel praktis, basajan, oponi, atawa artikel analisis ahli.

SEMESTER GENAP

diantos bae....!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang