soal mid semester kls xii

1.Guneman téh nya éta obrolan antara dua urang atawa leuwih anu sifatna …
a. bébas d. dines
b. formal e. kauger
c. resmi
2.Basa nu digunakeun keur ka saluhureun nya éta basa …
a.kasar d. garihal
b.loma e. lemes
c.sedeng
3.1) Anti : ”Pa dupi pa Engkos téh parantos dating?”
2) Pa Karta: “Teu acan dongkap puguh gé”
3) Anti : “Dupi rorompok pa Engkus di mana kitu?”
4) Pa Karta: “Bumina mah di Cibeureum.”
5) Antik : “Upami kitu engké soré kuring bade ka imahna.”
Numutkeun tatakrama basa, ungkara nu bener aya dina nomer …
a. 1 b. 2 c. 3 d. 4 e. 5
4.Téh Popon : “Kunaon Euis murukusunu?”
Euis : “Abdi téh nyeri huntu.”
Téh Popon: “Naha teu ka dokter?”
Euis : “...”
a.“embung aing mah.”
b.“abdi téh teu gaduh arto.s”
c.“pan barolong huntuna.”
d.“Sigana kudu make kawat huntuna.”
e.“puguh gé can kaburu waé waktuna.”
5.Ungkara di handap nu mangrupa kalimah wawaran nya éta …
a.“Jang, cik bapa pangnyokotkeun pacul di balandongan”
b.“Bu Tati bade angkat, katawisna mah rurusuhan?”
c.“Numawi pun Bapa téh nuju angkat ka Bandung.”
d.“Iraha bu Narti téh angkatna?”
e.“Sabaraha naékna harga bénsin téh?”
6.“Duh halodo nya, teu acan aya cai ieu téh?”
Ungkara di luhur mangrupa kalimah …
a.wawaran d. pananya
b.paréntah e. panyaram
c.panyeluk
7.“Ibu Unéh mah parantos ngantunkeun.”
Ungkara kalimah di luhur mangrupa kalimah …
a.Wawaran d. pananya
b.Paréntah e. panyaram
c.Panyeluk
8.A: “Kumaha réngsé pancénna?”
B: “Alhamdulillah parantos”
C: “Nya sukur atuh!”
Lamun nilik kana basa guneman di luhur saha kira-kira nu guneman téh?
a.A sapantaran B d. A sahandapeun B
b.A saluhureun B e. A babaturan B
c.A sasama B
9.Pa Dédi : “Tuh, tut buku téh geus bias dibawa dina méja bapa.”
Tuti : “…”
a.“Oh…hatur nuhun pa”
b.“Muhu mangga ké dibawa ka méja bapa.”
c.“Oh…mangga pa, ké sakedap deui ku abdi dibantun.”
d.“Sakeudeung! Ké rék dibawa atuh!”
e.“Na sanés ku bapa waé dibantun ku bapa atuh!”
10.Ragam basa anu digunakeun dina guneman di luhur nya éta ragam basa …
a.Lemes d. garihal
b.Kasar e. loma
c.Sedeng
11.Patugas anu kalibet dina hiji kagiatan anu pancénna ngatur acara ti mimiti nepi ka réngsé sangkan acara éta biasa lumangsung kalawan luyu jeung nu dipiharep disebut …
a.panata calagara
b.panumbu catur
c.panata acara
d.pangjejer acara
e.pupuhu panata calagara
12.“… atuh sateu acan sim kuring mungkas ieu acara langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun mangréwu-réwu nuhun ka bapa-bapa miwah ibu-ibu anu parantos keresa rurumpaheun sumping ngaluuhan ieu acara”
Ungkara di luhur mangrupa kekecapan panata acara dina …
a.muka acara
b.nutup acara
c.ngahaturanan nu arék nyarita
d.ngoméntaran nu nyarita
e.ngajéntrékeun nu rék lumangsung
13.“Hatur nuhun ka sadérék pupuhu panata calagara anu parantos ngadugikeun laporanana, salajengna pamapag ti Bapa Kapala Sakola, ka kersana Bapa Suhandi sumangga dihaturanan.”
Ungkara di luhur mangrupa pok-pokan panata acara waktu …
a.muka acara
b.nutup acara
c.ngahaturkeun nu rék nyarita
d.ngoméntaran nu nyarita
e.ngajéntrékeun acara nu rék lumangsung
14.Kuring mah di Karang Taruna téh jadi Juru Simpen geuning
Istilah Juru Simpen sarua hartina jeung …
a.sekertaris
b.panata harta
c.girang serat
d.girang pangajén
e.séksi konsumsi
15.Budak téh meujeuhna pikayungyuneun amis budi deuih mun papanggih téh sok ngajak seuri
Kecap amis tina ungkara di luhur ngalaman parobahan harti nya éta …
a.ngajembaran d. ngahandapan
b.ngaheureutan e. patukeur
c.ngumpamakeun
16.“Abdi mah puguh ge mani reueus, boga budak geus jadi sarjana téh.”
Kecap sarjana tina ungkara di luhur ngalaman parobahan harti nya éta …
a.ngajembaran d. ngahandapan
b.ngaheureutan e. patukeur
c.ngumpamakeun
17.Bujang saha nu bieu ngaliwat téh?
Kecap bujang tina ungkara di luhur ngalaman parobahan harti nya éta …
a.ngajembaran d. ngahandapan
b.ngaheureutan e.patukeur
c.ngumpamakeun
18.“ Sabaraha pangaosna rambutan téh mang?”
Kecap mang tina ungkara di luhur ngalaman parobahan harti nya éta ...
a.ngajembaran d. ngahandapan
b.ngaheureutan e. ngaluhuran
c.ngumpamakeun
19.“Geuning teu sareng tuang bojo sumping téh juragan?”
Kecap bojo tina ungkara di luhur ngalaman parobahan harti nya éta …
a.ngaluhuran d. ngahandapan
b.ngaheureutan e. patukeur
c.ngumpamakeun
20.“Dina bulan April 2008 korsi gubernu Jawa Barat téh diparebutkeun ku opat calon?”
Kecap korsi tina ungkara di luhur ngalaman parobahan harti nya éta ...
a.ngaluhuran d. ngahandapan
b.ngaheureutan e. patukeur
c.ngumpamakeun
21.Cacarita di hareupeun jalma loba, kalawan tujuan pikeun mere informasi, nimbulkeun sumanget/mincing émosi, mangaruhan atawa ngajak sarta ngahibur ka sakur-sakur anu jadi pangrekepna disebut …
a.Khotbah d. biantara
b.Orasi e. ngawawarkeun
c.dénstrasi
22.Di handap mangrupa sawatara hal anu biasa ditepikeun dina bubuka biantara, iwal …
a.maca bismillah jeung ngucap salam
b.ngucapkeun solawat ka kangjeung nabi
c.sanduk-sanduk
d.muji sukur ka nu Maha Agung
e.medar sabagéan materi
23.“Bapa-bapa miwah ibu-ibu guru hormateun sim kuring, dina kasempetan ieu sim kuring kalayan asmana siswa kelas XII seja ngahaturkeun nuhun tan wates wangen kana sagala rupi jasa-jasa kalih kasaéan bap sinareng ibu guru sadayana, anu tangtosna moal tiasa kabales ku sim kuring sadayana, ogé sim kuring neda sihapunten margi tangtosna salami sim kuring katut réréncangan nyuprih élmu élmu di dieu seueur pisan kalepatan-kalepatan anu teu mustahil ngajantenkeun bapa sinareng ibu guru sakalih ngaraos jéngkél …”
Ungkara di luhur mangrupa bagéan … dina pidato
a.salam pamuka d. panutup
b.bubuka e. salam panutup
c.eusi
24.lamun seug nilik kana eusina tina ungkara no 23 di luhur, éta biantara téh nya éta biantara …
a.naék ka kelas XII
b.paturay tineung kelas XII
c.sukuran sakola
d.paturay tineung guru-guru
e.paturay tineung kapala sakola
25.Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun saupama rék biantara, diantarana …
a.nyiapkeun tempat biantara
b.nyiapkeun bahan/materi biantara
c.néangan ajudan sangkan katangar gedéna
d.nyiapkeun kostum
e.nyiapkeun surat ijin pamaréntah satempa
26.“ Manéh mah da jelemana … gancang kapincut ku pangbibita, antukna sorangan nu dirugikeun.”
a.haripeut ku teuteureuyeun
b.kejot borosot
c.getas harupateun
d.kokoro manggih mulud
e.laér gado
27.“Ari dulur mah jang … sanajan geus loba nganyerikeun ka urang, tetep ari manéhna keur nandang kasusah mah kudu ditulungan ulah rék diantep komo nepi ka pegat babarayaan, teu hade jeung dulur mah!”
a.buruk-buruk papan jati
b.nu asih dipulang sengit
c.gedé gunung pamanggeuhan
d.ngaluarkeun kuya ka cai
e.ngaur ka situ nyieuhkeun ka hayam
28.“Kuring mah boga dunungan téh béréhana mah béréhan, ngan éta goring carék, mun kurang bias ngigelan mah da teu betah digawé didinya téh”
Sikep di luhur ninggang kana paribasa
a.ngawur ka situ nyieuhkeun ka hayam
b.kawas anjing tutung buntut
c.hambur congcot murah bacét
d.buruk-buruk papan jati
e.ngeunah éhé teu nggeunah éon
29.“Paingan atuh jang Unéd téh mani jol deui jol deui ka bumina pa kadés, ari aya nu … mah. Tayohna mah tos kapincut pisan ku lanjang pa kadés téh.”
a.dipikir kadua leutik
b.dianjing cai
c.haripeut ku teuteureuyeun
d.aya jalan komo meuntas
e.dipiamis buah gintung
30.Tuh pan sabenerna mah nu goring lampah téh anakna, jadi wé kolotna …
a.disakompét daunkeun
b.kaciwit kulit kawa daging
c.malik ka temen
d.maut ka puhu
e.nété semplék nincak semplak

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

kamandang